Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/178

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kai, sawareh geus matěk loeboek, sana pasang tjagak, reudjeung ngadjingdjing gegěndir, pangarahna djol ditotog lar ditjagak.

  1. Katjarita Raden Soerja ka lebah dinja geus něpi, djalma salapan katingal, koe Raden Soerja kadjoedi, nja moal naon deui geus tangtoe noe měgat oemoer, Raden tětěg manahna, ngambangkeun ka kersa Goesti, geus mapatkeun pileumpeuhan kinasihan.
  2. Djalma salapan noe měgat, tadina geus taki-taki, barang lar Raden ngallwat, taja polah taja boedi, rasa njeueung noe geulis, ngan pinoeh bae koe loetjoe, sarta pinoeh koe njaah, Raden ngalahir saeutik, koela paman něda halal rek ngaliwat.
  3. Ngawalon kapala begal, Raden Soemangga teh teuing, lar bae Raden ngaliwat, geus rada djaoeh saeutik, panakawan ngetjewis, asa geus diteunggeul poendoek, mani hese ngamběkan, ieu kesang kawas mandi, tjeuleukeuteuk Raden anoe kahatoeran.
  4. Ngagoemoedjengkeun badega, hih maneh borangan teuing, tapi sadjeroning manah, Raden teu ngabibisani, nja pantěs bae risi, ningal sakitoe saregoet, sadia pakarangna, loeboek tjagak djeung gěgěndir, lamoen toeloes amarahna matak tiwas.
  5. Raden soekoer ka Pangeran, salamět tina balai, tjatoer anoe tjatjarita, eta begal anoe tadi, tangtoena datang deui, di mana Raden geus djaoeh, pada něpakan dada, raha oerang sabar teuing. hajoe batoer oerarg oedag Raden Soerja.
  6. Oerang laporkeun tjeulina, geuning rek dibajar doeit, djeung koemaha nja ngoeninga, lamoen teu ngadjingdjing tjeuli, oerang teu wani balik, lamoen tatjan neukteuk hoeloe, rěmpoeg begal salapan. laloempat ngoedag ka pasir, tepi kana datar těgai Tiitjalengka.
  7. Begal tanagana beak, renghap randjoeg djeung boentjělik, kesang kana mata-mata. rantjoetjoet kawas noe mandi, amběkan tjara mengi, barina hitoet moeroepoet, goleah patoelajah, sanggeus aso pek pasini, rěrempoegan oendjoekan ka noe miwarang.
  8. Toenda heula noe goeněman, kebatkeun kandana deul, Raden lebah Tjiajoenan, wantjina asar geus ahir, Raden djalanna njisi, sieun tépoeng djeung noe wawoeh, lebah Parakan moentjang, kira wantji bada magrib, geus teu těgès di djalma saoerang-oerang.
  9. Toengtoeng dajeuh ti koelonna, aindang kana waroeng leutik, kersana ngeureunan palaj, sor disoegoehan tjlkopi, toeloej Raden ngalahir, bibi anoe boga waroeng, koela geus ripoeh pisan, menta ngarereb sapeuting, wangsoel anoe boga waroeng rampes pisan.
  10. Sampean anoe ti mana, lengoh teu djoengdjoeng teu djing-djing, Raden Soerja ngawalonan, bibi koela poelang ngadji, neh koetan teh santri, jatoer anoe gadoeh waroeng, koela teh kaběněran, rek niat ngabanjoe-mili, panakawan nambalang bari njakakak.
  11. Bibi koela bisa doa, paranti ngabanjoe-mili, doa boemi toelak-bala, kaoela enggeus paranti, noe, boga waroeng seuri, soekoer Ki
    - 200 -