Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/179

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Mas lamoen kitoe, sor bae pamasangan, lalawoeh opak jeung wadjit, panakawan ngawalon mana tjongtjotna.

  1. Kadjeun henteu make opak, sok moen make angeun hiris, samběl mědok sangoe bodas, bibi toekang waroeng seurl, hih ari Aki Santri, da sědja teh ngan sakitoe, ari daek barang mah, sambel teu make tarasi, kedjo beureum lalabna ngan angeun katjang.
  2. Bari sawalehna koela, lain sidkah banjoe-mill, eta teh niat kaoela, rek njalamětkeun salaki, noe keur dipěrih pati, dipiwarang neukteuk hoeloe, koe Dalem ti Soemědang, inditna geus tiloe penting, koela risi bedjana teh eta menak.
  3. Sieun aja memalana, heug koela kamari ngimpi, salaki koela teh midang, palangsiang malik pati, bedjana aja djangdji, lamoen bisa neukteuk hoeloe, bakal tampa gandjaran, tapi sabalikaa deui, lamoen loepoet hoeloe maneh keur gantina.
  4. Ajeuna salaki koela, čnggeus meunang tiloe peuting, di leuweung Nagreg mégatna, sabab noe diarah pati, ti Soemědang geus Indit, djalanna ka wetan-kidoel, geus tangtoe ka Limbangan. koela mělang ka salaki, lebeng bae taja bedja-bedja atjan.
  5. Koe Raden enggeus kamamana, tangtoe begal anoe tadi, toeloej bae panakawan, ngadoa salamět diri, atina kětir, sck sieun begal teh djěboel, ladjeng ngarloeng dahar, sanggeus dahar toeloej amit, bibi koela rek\ ngeureujeuh deui angkat.
  6. Hajang boeroe² datang. ka lémboer knela Tileunji, bibi waroeng ngawalonan, aeh koemaha Ki Santri, agan menta sapeuting. sore keneh ge rek toeloej, aloeh taja koemaha, doakeun bae salaki, sing salamět reudjeung mawa tjeuli menak.
  7. Gantjangna Raden geus mangkat, panakawan silitjiwit. djeung batoer lah djadi naha, lamoen oerang ngeunah tiitjing, mo tila djěboel deui, palangslang toeloej riboe:, ninoer Rhaden Soerja, poegoeh bae oerang risi, lamoen datang eukeur oerang dadaharan.
  8. Tangeh lamoenna dipapaj, sadjalan-djalan ligoerlt, tjatoerkeun bae gantjangna, ka dajeuh Tjiandjoer něpi, tapi pating Jalintrik, tina taja noe didjoegdjorg. sare di lémboer Sajang, isoek² ladjeng deui, tjěpět ngidoel teu poegoeh anoe disedija.
  9. Datang ka Soeniawěnang, tiloean patinglalintrik, hidji badega hatoeran, moen rempoeg di dieu tjallk, montong rel loenta deul, da teu poegoeh noe didjoegdjoeg, ngalahir Raden Soerja, nja di dieu bae tjitjing, tapi oerang leuwih hade masisian.
  10. Reudjeung poma oelah basa, ngahormat ka diri kami, matak katjiri jen menak, těmahna lamoen katjirl, oorang mangke ditampik, moal aja anoe poeroen, koe oerang karoengroengan, pikir kami enggeus gilig, sědja toenda ngaran Soerianagara.
  11. Hade ngaran eukeur boedak, ajeuna tělahkeun deui, maneh ari njaraloekan, ki Djamoe bae ka kami, panakawah sareuri, sarta
    - 201 -