Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/180

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ngawangsoel soemoehoen, katjatoerkeun gantjangna, manggih hidji somah tani, sarta wěkěl di lěmboer Kalapa-noenggal.

  1. Raden rawoeh badegana, geus pasinl něda tjitjing, djoeroe-tani ngawangsoelan, kaoela atoh teh teuing, tapi kaoela djangdji. koedoe toeroet oerang lemboer, daek loeloemajanan, tjara kaoela pribadi, koedoe daek njěkěl patjoel reudjeung landjam.
  2. Tapi teu aja taksiran, boektina leungeunna limit, tajoh tara kakadekan, Raden ngawangsoelan manis, koela tadina tani, nja eureun geus doea tahoen, koela diadjar dagang, ajeuna rek tani deui, poma bapa oelah hamham mamanahan.
  3. Njëkël patjoel kored parang, djeung woeloekoe koela beuki. ki djoeroe tani njakakak, moen kitoe atoh teh teuing, gantjangna geus ditampi. Rahaden měrnah di tadjoeg. katjarita lampahna. Rahaden gětol teh teuing, isoek goegah ladjeng njandak landjam.
  4. Ti peuting sok raraoetan, njieun ajakan djeung said, taja kapetolanana, ladjeng Raden pada asih, sok rea noe mahoegl, teu boetoeh koe daoen dawoeng. Raden čnggeus katělah, koe awewe koe lalaki, ki panganten nělah sa-Kalapa-noenggal.
  5. Toenda heula noe geus měrnah, noe tiitjing di djoeroe tani, malikan deui ka toekang, oerang Soemědang prihatin, tina teu meunang warti. Raden ka dieu ka ditoe, sabraina ti Limbangan, měděng pisan taja warti, pliboean piramaan mělang manah.
  6. Rahaden Soerjakoesoemah, kalangkoeng njandang prihatin, tina sadjěngkar rakana, andjeunna djadi gaganti, ganti noe dipisengit, koe Kangdjeng Dalem Toemenggoeng. maksakeun ngadeuheusan, dipapag koe sindir-sampir, sinom gentos lambang noeloejkeun tjarita.

Lambang.

  1. Toenda heula Raden Soerja, Koesoemah noe kasangsara, kakotjapkeun Raden Astra, coemetir kopi pangkatna, di Tjiandjoer nagarana, sahidji waktoe ngaronda, ka tjoetak Soeniawěnang, gok těpang djeung Raden Soerja.
  2. Noedjoe eukeur raraoetan, njieun boboko ajakan, koe Raden Astra katingal, tjahja eedjen ti noe rea, njaoer sadjeroning manah, eta djalma boa, toeroenan mangkoenagara, katara dina sorotna
  3. Raden Astra pok mariksa, ka Loerah Kalapanoenggal, ki Loerah itoe teh saha, djalma noe keur raraoetan, ki Loerah pok ngawalonan, eta asal noe ngoembara, panganten Djumoe nělahna, kalangkoeng-langkoeng gětolna.
  4. Dina manah Raden Astra, djiga² eta djalma, lain anak koeritjakan, koemaha bae pětana, sangkan bidjil raslahna, kami mah henteu përtjaja, ladjeng bae Raden Astra, njaoer noe keur raraoetan.
  5. Ki panganter geus gek slla, dipajoeneun Raden Astra, pok
    - 202 -