Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/181

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

mariksa Raden Astra, eh silah anoe ti mana, ngawangsoel noe dipariksa, djaoeh dajeuh sad kaoela, asal ti dajeuh Limbangan, wetaneun Parakanmoentjang.

  1. Henteu indoeng henteu bapa, poerwa sad koela ngoembara, istoe djalma kasangsara, njaoer deui Raden Astra, silah koela teu pěrtjaja, tjoba waktja ka kaoela, insja Allah moega², kaoela bisa noeloengan.
  2. Rahaden Soerjanagara, njaoer sadjéroning manah, hoa hade waktja, da moal djadi koemaha, rendjeung soegan bae aja, noe noeloeng ka noe sangsara, ti dinju pok deui waktja, noen soemoehoen pamariksa.
  3. Nanging moega² aja, loentoer manah pangampoera. reh tadina henteu waktja, tina banget kabingoengan, jaktosna asal sad koela, eta ti dajeuh Soemědang, ngaran poen Soerjanagara, salirana kangdjeng rama.
  4. Anoe djěněng di Soemědang, saderekna kangdjeng rama, henteu lami paman tilar, digěntosna koe noe lian, menak ti Parakanmoentjang, eta kalangkoeng njangsara, djasad koela henteu tahan, noe matak indit ngoembara.
  5. Kakara palěbah dinja. Raden Soerja njaritana, broeg ngarontok Raden Astra, lah samborong teuing asa, painan inana ngalělěkan, nantjéb rasa kira², sanadjan ngakoekeun tja jah, paman moal kapalingan.
  6. Tjallk deui Raden Astra, bari miwarang njarita, ladjeng bae Raden Soerja, ngahatoerkeun lalampahan, gěmět tuja noe kaliwat, goděg bae Raden Astra, enggeus tamat tjaritana, njaoet deui Raden Astra.
  7. Hajoe Raden ka Nagara, bareng djeung lampah poen paman, harita geus aja koeda, sadia djeung rarangkenna, Raden ngawalon soemangga, soekoer paman aja kersa, miwelas ka jasad koela, raos manis tjara goela.

POEPOEH 10.

Dangdanggoela.

  1. Noe ngaroeping awewe. lalaki, Raden eukeur njaritakeun lampah, kabeh pada bengong bae, aeh teu njana kitoe, boro oerang ngoenghak teh teuing, sawareh něpak dada, bari renghap-randjoeg. teu njana kabina-bina, ki panganten geuning bet poetra Boepati, atoeh něda hampoera.
  2. Ladjeng bae Raden Soerja amit, ka doenoengan sarta mama'apan, paman něda ma'ap bae, lampah koela noe loepoet, djoeroetani nging bae tjevrik, bari atjong-atjongan, noen Raden paraloen, andjeun teu kagoengan dosa, balik² dosa koering geus ngaliplip, moegi ageng hampoera.
    - 203 -