Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/182

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Djoeroe tani awewe lalaki, ngaroendjoengan bari njioem dampal, ngomong bari lewa-lewe, Rahaden Astra njaoer, hajoe Raden meudjeuhna indit, ladjeng marantjal koeda, ka loear ti lămboer, noe mileuleujankeun ear, kolot boedak sarta awewe lalaki, eh Raden pileuleujan.
  2. Sasaoeran bae, siligenti, Raden Astra djeung Raden Soerin, sadjalan-djalan teu repeh, taja noe djadi bakoe, ngan lampahna njandang prihatin, balangsak kasangsara, meb ditjaboet oemoer, tangeh lamoenna dipapaj, katjatoerkeun gantjangna bae geus něpi. ka boemi Raden Astra.
  3. Raden Astra ngalahir ka Istri, njai ieu akang muwa semah, geuwat njisih masing hade, ieu teh seuseut hiroep, noe ngoenbara poetra Boepati, koe oerang poeloeng anak, moega lambat-lamboet, geureuhana Raden Astra, geus popolah teu lila enggeus tarapti. prak ngarioeng dalahar.
  4. Teu katjatoer harita ti peuting, isoek-ísoek bral ngadareuheusan, noedjoe koempoelan di djěro, hempak sila taroengkoel. barang Kangdjeng Dalém ningall, Raden Astra djeung semah. Dalem pok ngadawoeh, ki Astra eta teh saha, Raden Astra oendjoekan noen djisim abdi, ieu ngabantoen semah.
  5. Pok oendjoekan ti barang mimlti, kapěndakna ti Kalapanoenggal, dipapaj lampahna kabeh, Kangdjeng Dalem ngadawoeh, ěh ki Astra soekoer teh teuing, ieu Soerjanagara, rek diangkén doeloer, rea landjang rea randa, mana bae anos sapoek reudjeung ati, kop doa nanakeran.
  6. Sarta montong rek sieun rek risi, moal enja Boepati Soemedang, ka dieu wanieun ngodok, sanadjan itoe poeroen, kakang oge mno boeroeng wani, Kaden Soerjanagara, ngawalon soemoehoen, saekoela njanggakeun raga, kabeh-kabeh rek dihideung rek dipoetih, ngainbangkeun ka gamparan.
  7. Kangdjèng Dalem langkoeng-langkoeng asih, geus maparin arta keur balandja, sarta loengsoeran panganggo, koe menak anom sepoeh, diarakoe sarta diasih, tatapl Raden Soerja, di dajeuh teu matoeh, matoeh di lemboer Tjiadjag, di pasantren matoch ngadji di Kiai, doea pai ti nagara.
  8. Raden heuleut doea tiloe wengi, ti Tjiadjag marek ka Nagara, Dalem woewoeh asih bae, ladjeng Dalem mirěmpoeg, ka pangampih paměgět istri, manggihkeun Raden Soerja, djadina pirěmpoeg, kasaderek Dalem misan, hade rèpok kakasihna eta istri, Raden Lenggangnagara.

POEPOEH 11.

Asmarandana.

  1. Kangdjèng Dalēm Adipati, geus kagoengan poetra opat, ari
    - 204 -