Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/183

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


hidji-hidjina teh, Rahaden Meumeut tjikalna, poetra anoe kadoea Arja Tjikalong kamashoer, menak běngis barangasan.

308. Tara paja koe saeutik, harakna djeung teu kaopan, poetra noe katiloena teh, Dalěm Hadji katělahna, Anom Abas kaopat, eta poetrana sakitoe, di Tjiandjoer mangsa harita.

309. Ari noe djadi papatih, poetra Dalěm Paněnggakan, nja eta Arja Tjikalong, katjatoerkeun lawas-lawas, Arja Tjikalong kotjap, sangět manahna ngoeloewoet, enggalna njanggakeun sěrat.

310. Ka Kandjěng Dalem Sipati, oengěl sěrat pěrmoehoenan, andjeunna njoehoenkeun liren, tina kapatihanana, toer sangět panoehoenna, dina sěrat kapioendjoek, taja tjipta dina manah.

311. Noeloejkeun djadi papatih, sarěng ngatoerkeun pěrtjaja, teu karěp koemawoela teh, ngawoelakeun hěntěu sědja, sok lamoen kaidinan, ka tjoetak Tjikalong woengkoel, eta kitoe pioendjoekna.

312. Dawoehan Dalěm Dipati, lamoen kitoe hade pisan. ngan oelah kapalang sěntor, koedoe njieun tandatangan, jen taja pangharěpan, njangking gawe di Tjiandjoer, Arja Tjikalong harita.

313. Teu aja antara deui, pek ngadaměl tandatangan, ladjěng disanggakeun bae, Dalěm Wirata noe datar, toeloej ngadaměl sěrat, ka Gouvernement panoehoen, Arja Tjikalong mareman.

314. Walonanana teu lami, geus dongkap poetoesanna, jen Patih Tjiandoer liren, tina padamělanana, tatapi Raden Arja, istoe kadjoeroeng koe napsoe, kabawa koe amarahna.

315. Rea kapoesing kaidjid, teu pěgat papaseaan, reudjeung kantja njangking gawe, tina adat hěnteu loembrah, běngis djeung barangasan, napsoena anoe diladjoer, amarah noe diangonan.

316. Anoe ngagëntos Papatih, koe Dalěm ěnggeus diangkat, djadi kaparĕnah alo, poetra den Tandjoengnagara. menak lantip boediman, djĕnĕnganana disĕboet, Rahaden Wiradirědja.

317. Katjatoerkeu lami-lami Dalěm Wiratanoedatar, teu damang teu woedoe abot, sarta geus njamarkeun pisan, ngaraos salirana, samar toeloes meunang tahoen, samar bisa meunang boelan.

318. Tidinja Dalěm Dipati, enggal meunang pariksaan, ti noe agoeng Gouvernement, jen lamoen dongkap ka wafat, saha baris pěrtjaja, njěkěl kaprabon Tjiandjoer, Kandjěng Dalěm ngawalonan.

319. Lahirna teu aja deui, anoe pěrtjaja pěrjoga, hidji Kandjěng Dalëm Bogor, kadoea alo kaoela, Papatih noe ajeuna, gantjangna noe mangoen tjatoer, Kangdjěng Dalěm ngawalonan.

320. Koemaha tali paranti, tataning Boepati hilang, teu dipandjangkeun tjarios, dipěnděm di padjaratan, kabeh pisaderekan, garwa2 poetra ngangloeh, sarědih katilar rama.

321. Toedjoeh dintěn hěnteu lami, Raden Aria Wasita, djeung Raden Moehamad Hoesen, Panghoeloe Tjiandjoer harita, Raden Djajanagara, Dalěm Hadji hěnteu kantoen, sami pada ngadeuheusan.

322. Ngadeuheus ka Soekataris, harita Soekatarisna, katělah toean

- 205 -