Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/200

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


těmpoeh, oelah sambat kaniaja, moal boeroeng bangke ranehna disiksik, keur hakaneun boeaja.

  1. Ti dieu noe mawa soerat tadi, tjampoer bae djeung balad noe rea, montong barěng datangna teh, balad mah koedoe toenggoe, sabalikna oetoesan tadi, noe mawa soernt tea, moen si (GEUSAN OELOEN, teu taloek serah bongkokan, toeloej těmpoh sing datang ka hoerak-barik, saeusining Soemědang.
  2. Ngudagona oelah djnoeh teuing, tina sisi dajeuhna Soemědang, soepaja teu meunang tempo, pikeun njoempoet maroeboes, GIRILAJA tamat ngalahir, toeloej Patih marentah, noe baris ngaroeroeg, gantjangna djoeng pada nangkat, teu katjatoer didjalanna geus narěpi, ka pangranděgan tea.
  3. Suharlta djalan leutik roempil, gědena ge ngan oekoer satapak, ngan anoe rada rata teh, toeroet sisi Tjimanoek, geus ti dinja balad pradjoerit, mapaj tjai ka girang, sisina Tjimanoek, milihan noe rada lempar. ka Tjipeles moearanu geus narěpi, di dinja manggih lempar.
  4. Toeloej mapaj ganti sisi tjai, énja eta Tjipeies ka girang. ti dinja balad 2teh, kandég koe Goenoeng Batoe. noe rarenges loehoer ngadingding, kabeh pada nareba, ngeureunan loemakoe, pada njieun pamondokan. sakadarna pěrnahna di sisi tjai, pada ngasokeun badan.
  5. Marondokna kakara sapeuting, doemadakan meh kabeh moeriang, rea noe ngadadak paeh, toeloej pada pahiboet, sakoeatna pada arindit njaringkahna ti dinja, bari malitjatoer tangtoe ieu teh gogodan, tah ti dinja anoe něpi ka kiwari, diseboet ngaran Godang.
  6. Kotjap anoe mawa soerat tadi. teu ngarandeg téroes ka Soemědang, toeloej disanggakeun bae, soerat ka GEUSAN OELOEN. geus diaos oengěling toelis, henteu kaoengěl pandjang. tapi ěnggeus tangtoe, koekoeh atawana pasrah, tjaritakeun ka noe mawa soerat kami, GEUSAN OELOEN dawoehna.
  7. Ajeuna mah maneh geura balik, heg bedjakeun ka si GIRILAJA. beurang peuting 'ge didago, lamoen niat ngaroeroeg, tanda ěnja anak lalaki, montong rek ngadoe balad, koe kami ditoenggoe, oetoesan teh geus bral moelang, katjatoerkeun ki SAJANGHAWOE tjaringtjing. sareh gens meunang bedja.
  8. Ti Tjirběon geus datang pradjoerit, noe rek němpoeh nagara Soemědang, tapi ajeuna ngadago, di dinja kararoempoel, kapětěngan