Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

para pěrdjoerit, ki SAJANGHAWOE kotjap, toeloej bae njamoer, neang anoe ngoempoel tea, manehna teh ngadjadikeun aki-aki, anoe geus ripoeh pisan.

  1. Katjatoerkeun geus gok bae panggih, balad Tjirbon noe keur ngoempoel tea, pok nanja SAJANGHAWOE teh, naha mana ngaroempoel, lěbah dieu tempat noe soeni, naha teu nareangan, noe deukeut ka lěmboer, diwalon koe wadya balad, Jamoen aki teu njaho di ieu kami, sabatoer wadya balad.
  2. Ti Tjirebon noe rek němpoeh djoerit, rek ngěkésěk pangeusi Soemědang, sina boerak-barik kabeh, komo si GEUSAN OELOEN rek diwědjek djeung didjědjěwing, kadenge aromongna koe ki SAJANGHAWOE, toeloej indit lalaoenan, SAJANGHAWOE leumpangna teh api2, ripoeh rarampajakan.
  3. Koendang iteuk koe awi sapasi, sanggeus djaoeh ti noe ngoempoel tea, toeloej gagantjangan bae, marěk ka GEUSAN OELOEN, troes oendjoekan salakoe tadi, jen ratoesan baladna, ti Tjirebon ngoempoel, goegoendoekan těngah djalan, djeung manehna njamoer djiga akif, djeung barina tatanja.
  4. Aromongna wadja balad tadi. kaoemijoekkeun taja nae kaliwat, GEUSAN OELOEN minděl běngong. pamikir SAJANGHAWOE. Goestina teh Soemnělang galih, SAJANGHAWOE oendjoekan, ngoeng nja panoehoen. montong rek Soemélang manah, rehing bade oerang teh diroeroeg djoerit, koe balad GIRILAJA.
  5. Nadjan tambah baladna pěrdjoerit, asa teu gimir boeloe salambar, dikětroekkeun sa Tjirěbon, bareto noe njaroesoel, geuning kabeh malaboer miris, abi něda djiadna, soemědja ditěmpoeh, noe bade ngaroeroeg tea, nelah kantos ka dieu aja noe něpí, sina kaboer baroerak.
  6. Pilahirna GEUSAN OELOEN Aki, koela hanteu alang-koe-mapalang, nja pěrtjaja ka Aki teh, ngan koedoe mawa batoer. oerang koedoe lakoe djeung titih, da njorangan mah nista, tjatoer SAJANGHAWOE, sinarěng gadoeh panědja, hade mělak handjoeang djadi pertawis, ahdi teh nja goemělar.

DOERMA.

  1. Oenamina eta teh tangkal handjoeang, katingali koe Goesti. araloem daoenna, atawa paeh pisan, eta teh djadi pěrtawis, kasoran pěrang, moesoeh noe oenggoel djoerit.