Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/246

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


tea, si Gěnding ngaranna, sabab eta hajam nja aloes nja meunangan deuih; boeloena noe disěboet abang-panatas tea, nja eta beureum, dada hideung mělěs, djangdjangna sělap bodas, lantjoerna doeanana bodas, panonna ěmas ngora, pamatoek djeung soekoena bodas, siihna siih rante sarta soekoena ngělir beureum bradja gěni tea, nandakeun jen matih; awakna neros tjara bangoen djantoeng toer pěngkoeh deuih. Ana keur ngěntjar di boeroean boeloena katodjo koe panonpoë herang sěmoe hinjaj, komo lamoen manehna kikiplik sělap djandjangna ngaborelak. Estoe matak loetjoe matak deungdeuleuan.

Anoe sok ngadoekeunana bobotoh kahot Pa Samintěn, toempangna poeloehan, sarta memangna geus poeloehan kali. Pendek eta hajam-hajam mogok, malah beunang oge disěboet garoeng. Pa Doersila katjida njaahna ka si Gěnding, estoe dimemenan pisan, tara ieuh koerang hakan, leuwih dipěrloekeun manan keur manehna pribadi. Tapi ari si Gones mah, oetjingna tea, tara, pati dioeroes, sakitoe boeloe tiloe oge. Aja diparaban aja hěnteu. Minděng pisan si Gones kapaksa sok maling dengdeng atawa laoek, da geus tiloeana kapanggih koe Pa Doersila, si Gones maling laoek, mani dipeupeuhan satěngah paeh.

Dina hidji poë si Gěnding dikěntjar di boeroean, .... beu atoeh geus lain dikieunna bae manehna bangoen anoe soeka2 teuing, kikiplik ngong kongkorongok, děrěgděg ngoedang bikang. ....... djantěng ....... ngong kongkorongok. Sorana pondok tapi beuneur. Harita si Gones aja di dinja, toeloej manehna njampeurkeun ka si Gěnding, pok ngomong kieu bari ngalěngis:

„Emh, hajam! pantěs maneh mah rek soeka seuri oge, da sakitoe diasihna koe djoeragan. Geura ari tjara kami mah, koemaha piboengaheunana. Maneh oge njaho pribadi, kaboga kami mah euweuh deui ngan sědih djeung prihatin. Tara teuing dioeroes, koe djoeragan. Padahal tjek bawa rasa gěde pitoeloeng kami ka djoeragan, kami ngadjaga beurit djeung oetjing tatangga. Tjatjak lamoen euweuh kami meureun katoeangan djoeragan beak djeung panganggona roeksak koe beurat digěgět.” Tapi nadjan kitoe oge hakan kami tara dioeroes. Oepama kami langlajenseun, sok kapaksa kami njolong kahakanan, koemaha ana katingali koe djoeragan, mari dihantěm diteunggeulan něpi ka lěs-lěsan kapaehan, padahal teu sapira anoe dipaling teh. Noe matak tjek kami mah papada ngawoela oge, maneh mah estoe ngeunah, dahar mandi dioeroes, ari kana gawe tara pisan dipěrědih.

Barang si Gěnding ngadenge omong oetjing kitoe, gantjang ngawalon:

"Oetjing! eta omong maneh kitoe, aja oge běněrna, nja eta kami dipikaasih koe djoeragan. Tapi ari madjah kami sěnang ngahěnang-

- 266 -