Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/247

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


ngahěning mah, eta salah. Enja ari hakan mah dioeroes, estoe taja kakoerang, tapi oetjing! gawe kami beunang disěboetkeun ngadjoeal pati. Geura pek bae koe maneh pikir oetjing, dina kami noedjoe diadoekeun, beunang disěboet kami koedoe meakkeun tanaga, koedoe doeg hoeloe pět njawa, pambrihna euweuh deui ngarah njoekakeun manah doenoengan, nja djoeragan teh asih ka kami. Ari měntas diadoe awak kami mani ratja pinoeh koe tatoe, sarta pirang2 lilana kakara tjageur deui. Tapi ari djoeragan euweuh pisan ras-rasanana, minděng pisan tatoe kami tatjan tjageur běněr geus koedoe diadoe deui, da aja anoe ngaroeroeg. Tah, ieu ilikan djawer kami geuning gětihan keneh, da anjar 'tas diadoe. Parandene kitoe kami teu gěnah nja ati, boa isoekan atawa pageto geus koedoe diadoe deui. Geura oetjing pikir koe maneh, naha hiroep tjara kitoe teu ngeunah? Lamoen kami teu naroehkeun oemoer, ngawoela koe ngadjoeal pati, moal ěnja koe djoeragan dipikaheman. Koe sabab eta, nadjan kami dipikaasih oge koe noe djadi doenoengan, ngarasa teu koeat ngawoela ka djoeragan ajeuna. Lamoen djoeragan anggěr bae kitoe, ngahantěm bae ngadoekeun kami, tangtoe kami moal lila deui nja oemoer. Koe hal eta, maneh koedoe narima kana takdir diri bagdja awak sorangan, sabab nadjan maneh tara dioeroes oge, hiroep maneh kaasoep oentoeng.

Wěkas kami ka maneh, oetjing! poma oelah aja toeroenan maneh anoe hajang kapake koe manoesa, sabab sato anoe koěmawoela teh, nadjan ngawoela popohoan něpi ka lali rabi tegang pati oge: geus moal ěnja meunang panarima ti djoeraganana.

Saěnjana ti batan hiroep kieu tjara kami ajeuna, měnding dipoendoet bae nja oemoer koe Noe Kawasa".

Barang hajam ngomong kitoe, panonna ngalalimbam toeloej sasambat kieu:

Kinanti Panglipoer bingoeng,
Moega sing djadi pepeling,
Kaniaja doeh djoeragan,
Panoehoen koering ka Goesti,
Goesti noe Maha Kawasa,
Neda hampoeraning Goesti.


Wělas Goesti noe kasoehoen,
Anoe dipoedja pinoedji,
Siang-wěngi ditětěda,
Abdi noe nandang prihatin.
Disiksa dikaniaja,
Nandang papa djeung kanjěri.
- 266 -