Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/248

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Ja Allah Goesti pakoeloen,
Enggeus teu kiat nja diri,
Moegi aja sih hampoera,
Měnding dipoendoet nja hoerip,
Teu kiat koe rara wirang,
Abong bagdja milik diri.

Oetjing sobat doeh sadoeloer,
Sing awas wasis patitis,
Milik diri bagdja awak,
Oelah kanintjoet katarik.
Hajang diasih koe djalma,
Tambah soesah roeksak diri.

Barang oetjing ngadenge hajam-adoe tea sasambat kitoe, manehna asa kasoeat nja ati, njeri peurih asa ngarakatjak, miloe tjeurik ngabangingik:

Kasmaran teuing nja ati.
Teu koeat ngampět kasoeat.
Njělěkit ieu njeleket.
Dirasa beuki karasa,
Gending mitraning mitra.
Ditjatoer njeredet paoer.
Paoer asa dikesetan.

Eta omong maneh Gěnding,
'Moen kadenge koe noe rea,
Meureun kabeh raheut hate,
Njěri mariloe nalangsa,
Tangtoe kabeh něněda,
Ka Goesti noe Maha Agoeng,
Něda agoeng kamoerahan.

Nadjan peurih nadjan njěri,
Ngarasoela djeung nalangsa,
Kapan geus takdir Jang Manon,
Djadi mahłoek noe elehan,
Pangeujeub alam doenja.
Salawasna ngan kawengkoe,
Kaparentah koe manoesa.

'Moen manoesa anoe leuwih,
Koe Goesti noe moerbeng alam,
Teu digandjar wěning hate,

-267-