Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/249

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Sabar adil palamarta,
Welas ka machloek Allah.
Tangtoena toeloej-toemoeloej.
Tjilaka salalawasna.

Ari moenggoeh anoe boekti,
Manoesa kabeh saroea,
Sok tara njaah ka sato,
Dianggap barang pakakas,
Tara ngarasa lara,
Prihatin nalangsa ngoengoen,
Disiksa sawěnang-wěnang.

Emh Gěnding mitra noe dalit,
Běněr moemoedji něněda,
Moega² manoesa teh,
Diboeka sanoebarina,
Kami miloe ngado'a,
Moega kaboel nja panoehoen,
Anoe těměn-tiněměnan.

Saha noe njaho di takdir,
Djaga oerang meunang bagdja,
Meunang kamoeljan kamoekten,
Kadar teu beunang dikira.
Kěrsa Anue Kawasa,
Djělěma tan kena wěroeh,
Hal boelak-balixha djaman.

Meugeus Gěnding, meugeus Gending.
Oerang oelah rek nalangsa,
Koedoe pasrah ka papasten,
Ngan oerang koedoe ihtiar,
Něněda reudjeung iklas,
Kami amit rek loemakoe,
Balangsiar njlar hakan.


50. DOEA POTRET BEUNANG MILIH NOE NGAGARALEUH.

Anoe kapilih koe noe ngaraleuh Volksalmanak 1920, soepaja potretna diasoepkeun kana alměnak 1921, noe panglobana meunang sora aja tiloean, nja eta: