Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/250

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
1. Raden O.S. Tjokroaminoto;
2. Toean Abdoel Moeis:
3. Mas Wedono Dwidjosewojo.

Tapi lantaran Raden O.S. Tjokroaminoto teu kěrsaeun ngintoenkeun potretna ka Bale Poestaka, djadi anoe diasoepkeun potretna kana ieu alměnak: ngan potret Toean Abdoel Moeis djeung potret Djoeragan Dwidjosewojo bae.

Bale Poestaka ngahatoerkeun noehoen ka Toean Abdoel Moeis djeung Djoeragan Dwidjosewojo, reh kěrěsa ngintoenkeun potret andjeunna keur asoepkeuneun kana ieu alměnak.


51. MAS PIRNGADI.

TOEKANG-GAMBAR BANGSA PRIBOEMI.

Dina soerat2 kabar Walanda loba anoe njěboetkeun, jen ti sapěsna Raden Saleh poepoes, beunang disěboetkeun euweuh deui oerang Priboemi anoe diadjar ěnja2 kana ngagambar. Eta lěrěs pisan kitoe. Tapi ka beh-djeungkeun, mimiti aja deui bangsa oerang anoe rarěsěp dialadjar ngagambar, Ngan tatjan loba anoe djadi bae.

Ajeuna geus aja naoe kasohor, nja eta Mas Pirngadi.

Meureun geus rea anoe ngadarangoe hal Mas Pirngadi ngiring toean Jasper ngoemisi karadjinan oerang Priboemi.

Ari kasohorna pisan mah andjeunna teh tina ngagambar, „Jandschap” Hindia. Loba pisan gambar beunang eta toekang gambar anoe dipintonkeun di Kunstkring di Batawi, saria loba pisan anoe digaraleuh koe toean-toean anoe sarěněng kana bangsa kabinangkitan.

Mas Pirngadi asal oerang Banjoemas. Mimiti andjeunna ngamagang di Pasoeroean; lila-lila diangkat kana Mantri Oeloe: tina Mantri Oeloe djadi Mantri Kadaster. Harlia beuki tembong kapintěranana kana ngagambar, něpi ka ditjandak koe toean Jasper kana ngoemisi karadjinan oerang Priboemi tea.

Andjeunna toeloej ka Batawi; něpi ka ajeuna linggihna di Bogor.

Ieu di handap diasoepkeun lezingna di Bogor dina boelan Augustus 1920.

Tina hal gambar.

Samemeh djisim koering njarioskeun hal gambar, bade njarioskeun heula paedahna sarěng pěrloena aksara sarěng angka.

Doepi hartosna aksara atanapi angka, oepami djidim koering hěnteu lěpat, hěnteu aja sanes kadjabi ti gambar keneh bae,

- 269 -