Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/251

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

namoeng gambar sora, sapērtos: H. eta hěnteu sanes ti gambarna sora: H., sarěng saladjěngna.

Nja kitoe deui angka hěnteu sanes kadjabi gambar bilangan. Doepi paedahna aksara atanapi angka manawi sadaja oge parantos aroeninga, namoeng soepados těrang pisan, bade ditjarioskeun sapěrtos di handap ieu:

Paedahna aksara atanapi angka teh, nja eta pikeun njatětan sadaja pěrkara, tjarios atanapi elmoe (wetenschappen), sarěng sajabi ti eta, soepados ěngke di djaman achie, pikeun anak-intjoe atanapi tjanggah oerang sadajana, iasa těrang, koemaha kaajaanana djaman oerang ajeuna, anoe hěnteu kalampahan koe maranehanana.

Koemaha intjoe-boejoet atanapi tjanggah oerang bisaeunana těrang kaajaanana djaman oerang ajeuna, koe eta gambar-gambar sora atanapi angka teh? Jaktos ari moal bisa těrang atanapi moal tjěkap tea mah, raoepami ngan gambar sora atanapi angka bae mah woengkoel, da kědah disarěngan koe basa, sarěng didaměl boekoe.

Ari basa tea, nja eta pěrkoempoelan gambar-gambar sora atanapi angka, anoe parantos ditangtoskeun hartosna: kajaning: SAGARA, NAGARA, sarěng sadjabi ti eta.

Koe hal eta, pěrloe pisan oerang teh koedoe njaho kana aksara atanapi bisa njieun gambar sora sarěng angka, soemawontěn gambar loembrah mah.

Gambar loembrah, atanapi gambar biasa, hěnteu sanes hartosna, kadjabi ti aksara. Anamoeng aksara anoe noedoehkeun hidji barang sarěng disěratna langkoeng těrang, sapěrtos: gambarna medja, gambar korsi, sarěng saladjěngna, sami bae sarěng njěbat aksara MEDJA, sarěng KORSI oepami loembrah mah.

Oepami hojong oeninga naon hartosna gambar, eta, teu aja sanes kadjabi ti tjoret atanapi goerat<sup2 anoe diroepikeun barang. Doepi hartosna goerat, nja eta pakoempoetan titik-titik, anoe didjadjarkeun dongkap ka hěnteu katawis toemboena atanapi antarana, ti titik kahidji ka noe sanes.

Bangsa Europa sarěng bangsa sanes kadjabi bangsa Arab, hěnteu kintěn merloekeunana sarěng ngadjianana kana hal gambar. margi ngemoetkeun kana kapěrloeanana. Ari tawisna, loba tempat<sup2 anoe baroga Pakoempoelan Gambar (Kunstkring). Malah di dieu oge, di Bogor, aja.

Doepi bangsa Arab, noe wawi hěnteu měrloekeun kana hal gambar, koe pangintěn djisim koering, oepami hěnteu lěpat, koe margi kasěbat dina kitab<sup2, doeka naon wastana eta kitab teh, koering hilap deui, njěbatkeun jen gambar teh haram pikeun bangsa Islam mah; nja eta dawoehan K.N, Moechammad s.a.w. Doepi margina kieu: