Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/253

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

lanana aja noe disimpěn di Rijkmuseum Amsterdam, nja eta gambar banteng dihoeroep koe maoeng doea, geuning boekoe Neerlands Indië digambarkeun make tjet. Ti sěmět harita, oerang Priboemi di tanah kapoeloan Hindia hěnteu aja anoe diadjar ěnja-ěnja kana ngagambar”.

Djadi parantos těrang pisan, jen ti saparantosna Raden Saleh poepoes, oerang Priboemi kenging pamojok sanes bangsa, disěboetkeun hěnteu daraekeun diadjar ngagambar, padahal ari topek mah sarerea oge aroeninga, kapan bangsa oerang teh loba anoe baroga. Malah koe bangsa Walanda oge karoeningaeun, boektina dian sěrat kabar „DE HOFSTAD” tanggal 4 Mei 1912, parantos dipoedji kieu: „Wie Indiers heeft zien teekenen weet hoe verwonderlijk knap en accuraat zij daarin zijn”.

Doepi pisoendaeunana kintěn-kintěn bae kieu: "saha-saha noe geus tingali pětana oerang Hindia ngagambar, tangtoe heran tina pintěrna djeung apikna ngagambarna noe digambar".

Memang eta kětjap anoe kitoe teh lěrěs pisan, hěnteu aja lěpatna, malah djisim koering parantos ningal pribadi, jen bangsa oerang seueur pisan anoe memang aja dasarna baris gagambaran; amoeng nja eta tjatjadna teh sok bosěnan sarěng sok ěmboeng hese.

Koe margi eta, panoehoen djisim koering ka sadajana djoeragan2, anoe lalinggih di dieu, soepados kěrsa niroe adatna oerang asing sarěng kědah noeroet paribasa Inggris, anoe pokna kieu:
„Never sit down in repining
for where is a will there is a way.
Hartosna kinten2 kieu: Oelah sok eleh koe hese, margina di mana aja karěp, di dinja aja djalan.

Bisi kirang mantěpna, atoeh oerang njandak keun saksi ti dawoeh Nabi: „WADIJA WADJIDAHOE”.

— 272 —