Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/254

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

52. HIKAJAT NGANGGO DANGDING BASA SOENDA

BANTEN PARAHIANG, TJARIOS KAAJAAN DI

KABOEPATEN LEBAK SARENG SERANG.

DIDJENENGKEUN.

ASMARA SRI ANGGA (1)

I.

1. Dangdanggoela anoe djadi kawit, njarioskeun těmpat oesoel-asal, damělan Kandjěng Boepatos, noe djadi toenggoel pajoeng, pangaoeban sadaja abdi, ngěreh hing kota Serang, asmana noe mashoer, awit njěpěng padamělan, doegi kana ginandjar titěl dipati, Raden Soetadiningrat.

2. Djisim abdi geus nampa pilahirm kadawoehan ngarang ieu těmbang, nanging estoe maksa bae, lain koe sěbab timoe, njarioskeun djeung mawi dangding, ari anoe ditilad, basana malajoe, sim abdi noe kědah njěrat, ngaran nělah poen Hadji Moehamad Bakri, bisa eukeur di Měkah.

3. Titimangsa keur dikarang dangding, tanggal lima December sasihna poekoel tiloe dintěn Sěnen nja mangsa ieu tahoen, noe katělah tahoen masihi, hidjrah Djěng Nabi Isa, sewoe dlapan ratoes, djeung salapan poeloeh doea, doepi babad noe bade dikarang dangding ieu kawitanana.

4. Anoe mědal tina hate běrsih, paněněda ka sakoer noe matja djeung ka noe ngadangoe bae, tjarita noe kasěboet, sadajana samoegi-moegi, teu djadi doeka manah, koe margi geus tangtoe, saha-saha oge moal, panggih anoe kěrsaeun ditjěla diri, djeung njěla ka andjeunna.

5. Tina eta koela aja pikir, keur moedjikeun těmpat oesoel-asal, rama iboe keur bareto, sarta koela nja kitoe, oesoel-asal ka doenja lahir galibing paribasa, djalma oerang goenoeng, ěnja eta kieu pokna, oesoel-asal ngalahir bali ngadjadi, nja di apdeling Lěbak.

6. District Sadjra nalika keur leutik, koela ngiring lampah iboe rama, pindah ka llian apdeleng, di dinja heubeul matoeh, enja eta dajeuh Tjaringin, djěng rama pilěnggahna, Patih ladjoe toeloej, pindah ka dajeuh Pandeglang, njandak pangkat pilěnggah djěněng boepati, ari koela harita.

7. Kira oemoer doe wělas warsi, malah hengga njěkěl pagawean, hanteu pisan-pisan poho, ka lahirna karoehoen, masih oge tiasa


(1) Mětik tina Tijdschrift Taal Land en Volkenkunde anoe dikaloearkeun koe Bataviaasch Genootschap van Kinsten on Wetenschappen.

- 273 -