Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/255

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

nilik ka tilas kalahiran, djeung pěrsanak těpoeng, ingět basa keur mangsana, tahoen opat poeloeh lima hengga něpi ka opat poeloeh slapan.

8. Kota lěbak kala eta ngalih, ngababakan daměl kota anjar, ti Lěbak ngaralih kabeh, ka dajeuh Waroenggoenoeng, sadajana para prijaji, kantěnan toean2, mangsa eta langkoeng, loetjoe djeung leuweung-leuweungna, katendjona masih araloes teh teuing, ti dinja deui pindah.

9. Daměl kota ngababakan deui, dajeuh eta harita ditilar, dawoehan Kangdjěng Goepěrmen, ngalih ka Rangkasbitoeng, pirang2 tahoen teu nilik ka tempat kalahiran, marga rea oedoer, tina tambah-tambah pangkat, beuki tambah tanggoengan noe djadi wadjib didjalankeun koe koela.

10. Dina mangsa keur tahoen masihi, toedjoeh poeloeh gěněp pangkat koela, djěněng boepati apdeleng, Pandeglang hidji waktoe, kenging titah djalan ngoemisi, tanah noe sěboet erfpacht di sahidji goenoeng, di ngaranan Goenoeng Poentang, district Sadjra noe di dinja mělak kopi, toean van Delden tea.

11. Njoehoen tambah arek moeka deui, tanah noe ditěda rek diboeka Goenoeng Endoet ngaranna teh, koela nja soenggoeh-soenggoeh, ngadjoengdjoengkeun timbalan goesti, sapěrkara mistina, kadoeana woewoeh, tambah sěnang soeka boengah, bade nilik ka oeroet bali ngadjadi, ti dinja koela mlang.

12. Sarěng toean Controleur Willem Linn, dongkapna ka Rangkasbitoeng kota, hanteu ladjoe mondok bae, isoekna karek toeloej, kapeutingan nja mondok deui di kawadanan Sadjra, isoek karek ladjoe, ngadjoegdjoeg ka Goenoeng Poentang, ngandjrěk deui di toean Van Delden meuting, doea wěngi lilana.

13. Boemi toean sakalangkoeng asri, rea-rea pikeun kasěnangan, imah papan siga tembok, moetoeh pisan araloes, malah sami djeung di Batawi, saěnggeusna mariksa, ngaran Goenoeng Endoet, balik moelang kapeutingan, dina oeroet nja ěnggon bali ngadjadi, ingět djaman keur boedak.

II.

14. Kasmaran pahaoer sědih, sadjěroning pikiran, nalangsa djaman bareto, oeroet koela ngalih alam, kalahiran di dinja, toempah darah kandjěng iboe, kasondong deui harita.

15. Basa ngalih ka Tjaringin, sěpoej pangkat djadi děmang, ajeuna ngaranna sedjen, kaganti ngaran Wadana, sěpoeh ti pangkat eta, ngalih ka Tjaringin moendjoek, njandak pangkat kapatihan.

16. Nja pandjang ana digoerit, isoekna ti dinja angkat, sarěng toean Controleur teh, ka kota apdeling Lěbak, teu toeloej poë eta, nja mondok di Rangkasbitoeng, isoek karek balik moelang.

- 274 -