Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/256

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

17. Kala eta noe kapanggih, koe koela di dajeuh Lěbak, teu atjan diatoer sae, malah aloen-aloen kota, eurih noe matak bala, djěung djarěblog rea loempoer, di djalan poetěran kota.

18. Malah kaso djararadi, leuweung rea noe raroeksak, těgal angar mereketet, paroetih kěmbang eurihna, leuweung taja rasmina, lemboer paboeliksak koesoet, rea tanah angar běra.

19. Matak djadi sědih ati, hamba-hamba oerang desa, kolot boedak pada bongoh, achirna keur dina boelan, October tanggal lima, sarewoe dalapan ratoes, djeung toedjoeh poeloeh dalapan.

20. Koela dikěrsakeun ngiring, Kandjěng Toean Raden Metman ka kidoel kědah miderek, sěpeksi afdeeling Lěbak, angkat di Pandegělang, wantji djam poekoel sapoeloeh, mondok di kaboepatian.

21. Di dinja teh doea peuting, isoek tanggal toedjoeh angkat, ngiring Kandjěng Toean Risden, djeung toean Assistent pisan, sarěng Kandjěng Dalěmna, Raden Soeta Angoen-angoen, dongkap ka Goenoeng Kantjana.

22. Di dinja mondok sawěngi, nganggo imah kawadanan, sarěng djalan-djalan oge, harita ka Goenoeng Dadap, ka boemi toean tanah, Huldekooper Lěbaksioeh, kota district masih bala.

23. Ngan aja imah sahidji, imah kawadanan tea djeung djoeroetoelisna bae, isoekna poekoel salapan, angkat deui ti dinja djěbolna ka Tjipalaboeh, imah Assistent-Wadana.

24. Těroes ladjoe ka Mallingping, mondok doea wěngi heula, sarěng di dinja sapoě, moetěr-moetěr pakampoengan, ka sabeulah koelonna, di tanggal sawělas isoek, angkat djalan raramean.

25. Angkatna noeroet pasisir, sěnang manah sarerea, poegoeh rea noe ditendjo, koemaha onam galibna, di kikisik laoetan, rěsik setra moetoeh aloes, djeung nendjo ombak sagara.

26. Sadajana noe ngariring, leumpang tjara pělěsiran, pada soeka-soeka hate, sareh ngiringkeun bandara, djlog dongkap ka Tjihara, mondok sawěngi ngoeloewoet, di imah ka-Assistenan.

27. Imah tihang tantjeb awi, hanteu make dioempakan, amparan paloepoeh bae, aboes angin bilik tjarang, pajah tiris katjida, ari hateup daoen těpoes, isoek tanggal doeawělas.

28. Ti dinja seg angkat deui, djalan malipir laoetan, tjara keur kamari bae, oeroet ngoeloewoet kapoenah. koe leumpang nendjo ombak, goemělěděg tingdjalěgor, ombak galěde katjida.

29. Njabrang moehara Tjisiih, Tjipagěr ěnggeus kaliwat, toeloej make djalan sedjen, něroes ka leuweung gamea, ka goeha Patoegoeran, něpi ka Bajah diitoeng, oekoeran tiloewelas pal.

30. Isoekna bral angkat deui, běněr tanggal tiloewělas, di djalan teu kintěn tjape, dongkap ka lěmboer Sawarna, anggangna salapan pal, tanggal opatwělas matoeh, soemědja boeboeroe badak.

31. Karana di dinja teuing, rea badak djeung garalak, watir ka

- 275 -