Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/257

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

..... di mangsa koe badak galak, atawa noe tjilaka, kapeung aja noe ka lěmboer, lamoen badak teu poetrian.

32. Isoek-isoek angkat deui, běněr tanggal gěněpwělas, noedjoe lěmboer Tjibareno, Kandjěng Risden mariosan, watěs tanah Priangan, djeung ningali boedak lěmboer, anoe ditaraněm tjatjar.

33. Tanggal toedjoehwělas masih, aja di lěmboer Sawarna, sědja moeroe badak keneh, di tanggal salapanwělas, angkat balik ka Bajah, dina tanggal doeapoeloeh, nja masih aja di Bajah.

34. Di dinja kěrsa ningali, boekoe padjěg tanah-tanah, sarěng di dinja marios, boedak noe ditaněm tjatjar, tanggal salikoer angkat ka Malingping sědja wangsoel, ngaliwat deui Tjihara.

35. Mondok deui di Malingping, tanggal doea poeloehdoea, bari djeung ngeureunan tjape, Kandjěng Risden kěrsa ningal, pilěmboeran di dinja, dina tanggal tiloelikoer, angkat ka Goenoeng Kantjana.

36. Di dinja njare sawěngi, tanggal doea-poeloeh-opat, isoekna tanggal salawe, angkat ti Goenoeng Kantjana, soemědja balik moelang, djoegdjoeg dajeuh Rangkasbitoeng, těroes balik ka Pandeglang.

37. Kandjěng Risden ladjěng moelih, ka kadaton dajeuh Serang, ieu noe disěrat kabeh, pěrdjalanan sadajana, basa eukeur harita, terang pisan geus diatoer, dina dangding basa soenda.

III.

38. Sinom ngagěntosan těmbang, harita njata teh teuing, raroesak leuweung-leuweungna, paribasa nini aki, aja sěboetan galib, lapoer araloesna goenoeng, moesna alas geugeuda, sěbab ditjatjar didamping, boesak-basik pikeun ngahoema.

39. Satahoen kadoea pindah, eta oge beunang djadi, noe leutik sakahajangna, sěbab koerang pangawatir, pikeun maratoeh tjitjing, noenggoe pagawean pěrloe, karana kabeh djalma, make kamoerahan nagri, tapi tonggoj noe leutik tinggal miskinna.

40. Imah2 sadajana, masih tětěp sabinari, aja omong paribasa, disěboetkeun sěri-moerti, tanapi eorea-sandi, moen boeboeara ka madoer, ngoembara ka samarna, matoeh tjitjing di Tjisiih, njeun imah di loehoer sěmpoe, gěnahna.

41. Sawah2 tinggal běra, tina kaboerangan tjai, pahoemaan teu digarap, noe leutik sakarěp diri, barang di taoen achir, sareboe dalapan ratoes toedjoeh poeloeh salapan, djol dongkap toean koemisi, ti Batawi toean Sěpektor taněman.

42. Mariosan hamba-hamba, noe koerang hakan mariskin, di eta afdeeling Lěbak, djeung ingět basa ka boeri, di boelan Maart indit, sareboe dalapan ratoes, dalapan poeloeh slapan, nendjo lelang sědja meuli, barang-barang Controleur Goenoeng Kantjana.

- 276 -