Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/258

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

43. Ka Tjibioek nja djalanna, těroesna ka Sindangnjair, ka Waloekoe nja ladjoena, djlog ka djalan gěde něpi, harita geus mimiti lěmboer djeung djalan diatoer, leungit pamake koena, koemaha biasa tadi, djalan-djalan těroesan leutik digombrang.

44. Jen běndara rek ngalintang, didjalan kaso djeung eurih, karek pada digombrangan, harita djalan geus rěsik beunang ngarikil, gili sapandjangna aloes, barang ka kawadanan, ditendjo geus lain deui, reudjeung basa ngiring Kandjěng Resden Metman.

45. Geus diatoer imah2, malah djiga kota nagri, sakabehna soengsoehoenan, limas koeměrěb djeung bilik, geus dilaboer paroetih pěbot imah medja bangkoe, korsi kěnap pigoerah, koemaha imah prijaji, soemawonna ari imah kawadanan.

46. Reudjeung sakabeh ganggangna, djalan poetěran ngoeriling, rěsik taja koetjiwana, lain tina aneh leuwih, tapi heran sakali, jen ingět basa kapoengkoer, aja sakitoe beda, djeung heran koe marariskin, barisa njieun imah gěgědongan.

47. Jen keur ditimbang heubeulna, sapoeloeh tahoen ka boeri, noe kasěboet tadi tea, basa eukeur koena ngiring, Kandjěng Risden sěpeksi, teu seep pikir mělěngoek, kabidjaksanaana, noe djadi pamasa nagri, pamarentah ka sadaja hamba-hamba.

48. Teu sabaraha heubeulna djeung tambah djalma garinding, sěmoe noe taja kasoesah, djeung basa tahoen masehi, noe parantos ka boeri, di tahoen salapan poeloeh, ping doea poeloeh doea, October koela geus nilik, di dajeuhna basa raramean pesta.

49. Pesta Kandjěng Boepatina, nampi koernia boepati, koela harita di dinja, gěněp poë gěněp peuting, ana ditilik deui, kota dajeuh Rangkasbitoeng, rěsik teu kira-kira, taja koetjiwa saeutik aloen-aloen djoekoetna kakalabangan.

50. Djampang panggoeng ngararambat, dipake koe kapalěri, baris koeda laloeasa, singgětna beda teuh teuing, djeung basa noe koe boeri, di tahoen-tahoen kapoengkoer, djiga babakan anjar, aja matak loetjoe teuing, noe marentah djiga ngagajoeh tawangan.

IV.

51. Kinanti ngagěntos lagoe, ngagěntos pioendjoek alah, basa ngagajoeh tawangan, sasmita kěmbang kinanti, aja noe ngajěboet paham, poen derek abdi pribadi.

52. Poen Wadana noe geus pěnsoen, sarěng prantos djam hidji, nami poen Soetradilaga, měměleh katjida teuing, bangět hanteu saroedjoekna, tawang sasmita kinanti.

53. Pokna salah lamoen kitoe, jen timbangan noe berboedi, eta ngagajoeh tawangan, ngagajoeh jen basa boemi, těgěsna ngarawel tea, tawangan nja loehoer langit.

54. Awang-awang noe teu woedjoed, ngaranna ge djohar-latip.


- 277 -