Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

pake sasmitaning těmbang, rek salin lagoe kinanti, djiga ngagajoeh tawangan, heg tjoba ana dipikir.

55. Awang-awang taja woedjoed, dirawel nja moal hasil, taja beubeunanganana, halna eta ngoeroes nagri, poegoeh sakitoe boektina, sampoerna sagala djadi.

56. Djisim abdi pok ngawangsoel, akang mah kieu'na pikir, eta ngagajoeh tawangan, apan ěnja moal hasil, da teu aka dat sipatna ngaranna ge djohar-latip.

57. Eta njatana mah kitoe, sasmita těmbang kinanti, djiga ngagajoeh tawangan, apan da poegoeh geus boekti. Kandjěng bandara di dinja, ngoeroeskeun sagala djadi.

58. Teu aja kabět saramboet, anoe djadi halang-haling, tjara ngagajoeh tawangan, sakěrsana kabeh boekti, saborong anoe lalimpad, akang geus njoehoenkeun warti.

59. Wangsoelan mana teh kitoe, timbalan Kandjěng Dipati, rek naon make pasea, mana-mana oge boekti, lamoen dipikir noe ěnja, Koedrat iradat Jang Widi.

60. Anoe awon anoe aloes, koe lampah anoe běrboedi, těmahwadi bidjaksana, karahardjanna geus yakin, moelana di alam doenja, sok roegěl manggih istori.

61. Noe tanpa nalar teu poegoeh, kabeh bae noe kapanggih, ditarik ka kagorengan, eta oege bisa djadi. lamoen anoe bidjiksana, kasalamětan noe pasti.

62. Geus eta oelah parěboet, matak djadi soesah ati, djongdjon sih pada ichtiar, noe djadi salamět diri, sapoek adi reudjeung kaka, ti lahir doegi ka batin.

63. Poegoeh moen boektina woedjoed, di dajeuh di kota district, di onderdistrict di desa, di sadala djadi djeung rasmi, saniskara pagawean, saralin kawas dibalik.

64. Noeloejkeun anoe kapoengkoer, tapi teu pandjang dipikir, hal karěsikan dajeuhna, ngan koela nitenan deui, djalma oerang pakidoelan, Goenoeng Kantjana Malingping.

65. Noe nongton ka Rangkasbitoeng, pabaoer pagilinggisik, djeung oerang kota dajeuhna, reudjeung Pandeglang Tjaringin, rea oge oerang Serang, tatapi meh kapahili.

66. Lamoen tadina teu wawoeh, tina oerang kidoel ginding, běrěsih pakeannana, aja noe make erlodji, ngan saeutik katjirina, běkělna diběběd oepih.

67. Djeung boeboentělan sambajoet, poetih ngan sakitoe tjiri, ari ieu karamean, pesta djěněng adipati, geus madkoer dina karangan anoe dilagoekeun dangding.

68. Kenging Kandjěng Rangkasbitoeng, harita dikarang dangding djeung dina lian poëna, koela njarěngan pělěsir, ka pasangrahan Tjimarga, sapandjang djalan ningali.

69. Sapandjang djalan diatoer, imah dilaboer paroetih djeung

- 278 -