Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/260

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


dibangoen gěgědongan, rea-rea koela moedji, dina sadjěroning manah, tina bawaning parangling.

70. Leuweung-leuweung lěmboer2, ěmboer djiga onderdistrict, djalan kapapaj soesoekan, rea sawah tadah djadi, tarikan soengapanana, sampalan katindih tjai.

71. Djadi sawah tanah lintoeh, aboesna tarikan deui, rea kaboekti hasilna, teu kintěn sarěnang ati, para abdi oerang desa, badan laloeis běrěsih.

72. Ieu kabeh noe disěboet, kira-kira moal djadi, moen lain parentah paksa, tapi sarěng titi soerti, soesila sabar darana, karek diahirna djadi.

73. Dipěrloekeun dikoekoedoe, sagala barang noe wadjib, sarta mitoeroet atoeran, heerendiest anoe sadjati, pikeun sadajana djalma, noe mampoeh djeung pintěr boedi.

74. Tapi hanteu djadi tjoekoep, ka hamba ahli patani, noe bodo koerang ingětan, jen teu make tata titi, atawa sandi oepaja, noe sampoerna beunang mikir.

75. Djeung satěngah dikoekoedoe, dipaksa sahengga djadi, neangan pikeun boektina, kasalamětan pra abdi, sadajana oerang desa, midjil tina sědih ati.

V.

76. Těmbang midjil ngagěntos kinanti, njamboengkeun tjarios, sasih October kaping salawe, mangsa tahoen anoe katawis, hidjrah Kangdjěng Nabi, sreboe dlapan ratoes.

77. Salapan poeloeh doea masihi, di Rangkasbitoeng teh, ditangtoskeun ngadaměl karasmen, ngaběn koeda djeung tentoonstelling těmpat noe dipilih, lěbah waroenggoenoeng.

78. Dintěn Senen poekoel toedjoeh endjing, sasih eta keneh kaping doea-poeloeh-opatna teh, koela bral ti Serang sarimbit, ningal tilas lami, kota Rangkasbitoeng.

79. Něpi ka palěbah onderdistrict, Waroenggoenoeng lirem, di těmpat pangadoean koeda beh, katingalna langkoeng rarěsik, pěrhiasan netjis, sagala diatoer.

80. Di djěro ban aja panggoeng leutik, těmpatna President, Secretaris Koemisaris oge, anoe ngoeroes reudjeung noe njaksi, dina hidji-hidji, koeda noe diadoe.

81. Sawetaneun panggoeng noe sahidji, istal koeda beres, di djěrona geus dieusi kabeh, koeda djaro sarěng prijaji, koedana laloeis, wantoe koeda adoe.

82. Lěbah pasar handapeun waringin, aja saoeng gěde, pikeun těmpat barang noe araneh, pakoempoelan ti mana-měndi, anoe soeka ngiring, damělan di kampoeng.

83. Seep kabeh teu koengsi kaboedi, ana beh katendjo, pěrhiasan

- 279 -