Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/261

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca


teuing araraneh, ngadjadikeun takědjoet ati, koe kakara manggih ajeuna saoemoer.

84. Teu kalakon koe djaman bihari, nanging harita teh, ntjap mangsana di eta poë, geus roep bae ti mana-měndi, awewe lalaki, geus koempoel bariboe.

85. Noe laladjo sami rek ningali, koela nitah naros, noe ti mana anoe daratang teh, pioendjoekna ndjalěr djeung istri, padjaboengan abdi, noe datang ti kidoel.

86. Ti Goenoengkantjana ti Malingping, djeung ti Tjibareno, anggangna noe saratoes pal geus beh, daratang poegoeh ti Tjaringin, ti Pandeglang deui. ti Serang geus djěboel.

87. Teu ditjatoer noe dareukeut njanding, sanggeus koela nendjo, saniskara padamělan aneh, sadian pikeun noe tjalik, koela angkat deui, noedjoe Rangkasbitoeng.

88. Ngiring Kandjěng Toean Risden tjalik, ngěrsakeun rek mondok, keur di djalan koela heran bae, tina teuing koe pararangling, toeloej koela mangging, sahidji goegoeroeng.

89. Soesoekanna bareto geus djadi, basa eukeur tempo, Kandjěng Boepati anoe soemareh, geus ka rachmatoelah nja moelih, pokna para abdi, ngaranna teh kitoe.

90. Běndoenganna ngaran paksa nagri, rea těgal kaso, těgal eurih djadi sawah kabeh, nanging djongdjon pra abdi-abdi, hanteu sěnang ati, rasa disoesoeroeng.

91. Migawena reudjeung paksa diri, hanteu beunang aso, saěnjana ngaran noe těgěs teh, ěnja eta soesoekan tjai, ngaran „Kartaněgri ”, noe hartina kitoe.

92. Basa Karta „Salamět ti biai, rahajoena tonggoj, basa něgri nja nagara oge ”, singgetna mah salamět nagri, teu aja balai, salamět rahajoe.

93. Kalěrěsan eta něnggěl teuing, asma no bareto, Kandjěng Dalěm anoe geus soemareh, Kandjěng Rahaden Adipati, Karta Nataněgri, noe parantos moepoes.

94. Sanggeus wapat Kandjěng Adipati, těgěsna geus maot, eta solokan teh iloe paeh, ěnggeus sababaraha lami, mangsa ieu djadi deui tambah hiroep.

95. Tina koela iloe soeka ati, basa eukeur nendjo, eta tjai anoe tadi paeh, mangsa ieu kadjait deui, koela moeka topi, njalamětkeun soekoer.


VI.


96. Pangkoer ajeuna kasěrat, rehna eta sělekan djadi deui, beunang diharěp geus tangtoe, matak djadi rahardja, ka sadaja Boemipoetra oerang lěmboer, noe kasorang koe soesoekan, moal wande pare djadi.

- 280 -