Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ditjaboetna dimana geus oemoer 6 atawa 7 boelan. Ari soeoek anoe lian ti eta, ajana di oerang, kabeh oge sapandeurieunana: aja anoe ti Afrika, ti Amerika, malah aja anoe ti Djĕpang. Dĕmi anoe mimiti pisan ngadatangkeun soeoek ka dieu, njaeta toean K.F. Holle, harita djoemĕnĕng Administrateur kébon ĕnteh di Waspada, deukeut Garoet; koe sabab eta soeoek teh sok disarëboet oge soeoek-hôla, maksoedna: soeoek-holle, radjeun oge disêboet katjang-Waspada. Ari keur ngabedakeun roepana soeoek aja doea roepa: kahidji koe, roepa koeloemoedna: bodas, kajas djeung beureum. Kadoea koe kaajâanana areujna: aja noë nangtoeng, ngarampidak, djeung ngareuj. Anoe pandeuri didatangkeunana ka oerang, dina beuti hidji teh eusina ngan oekoer 2 atawa 3 siki bae. Ari ngoentoengkeunana soeoek anoe beh dieu didatangkeunana, dina oemoer 3 atawa 3% boelanteh geus beunang ditjaboet.

Pikeun anoe mantarigan laoek (vegetariers) soeoek teh aloes pisan, nja kitoe deui katjang-kaděle djeung katjang-herang, sabab beunang didjieun roepa 5 kaolahan djeung kadaharan.


b. TJAOE.

Di oerang loba pisan boeboeahan djeung mangroepa-roepa deuih, tapi meh kabeh sok oesôem-oesoeman: ana keur madjahna oesoem mani njajeud, tapi koemaha ana keur teu oesoem, euwèuh keur pisarateun-pisarateun atjan. Ngan saeutik pisan boeboeahan di oerang anoe teu oesoem-oesoeman: tjaoe ka asoep kana bangsa boeboeahan anoe kitoe, teu oesoem-oesoeman; ěnja oge ana keur madjahna mah mani teu kadahar tjek babasan tea mah, tapi salawasna oge aja bae, tara aja euweuhna, ngan loba djeung henteu bae.

Lamoen oerang hajang ngaliarkeun tjaoe koede milih anakna noe hade, nja eta ngala ti dapoeran anoe geus ngarasa boeahan. Tjek bedja, lamoen oerang melak anak tjaoe ti dapoeran anoe tatjan ngarasa boeahan, sok tara boeahan atawa diboeahanana oge leuir pisan. Ari pelak tjaoe hade mah, biasana di tanah panas mah těpoeng boelan teh geus boeahan. Tina sadapoer boeahna noe hade ngan oekoer 3 kali atawa ngantěpna oge ngan 4 kali, liwat ti dinja mah boeahna sok goreng, djadji lamoen koe oerang těros dipiara bae teh moal gěde hasilna,

Aja roepa2 tjaoe anoe koe bangsa Europa djeung bangsa Asing sok diparake bibilas; anoe koerang hade kana bibilas sok diarasakeun heula: dikoeloeb, diseupan, digoreng, dibeuleum djeung dikolěk.

Tjaoe noe harade anoe djadi kabeuki sarerea, lolobana araloesna lamoen dipëlak di těmpat2 noe harandap, nja eta těmpat2 anoe hawana panas, ari bangsa tjaoe anoe koerang hade di pagoenoengan.

-58-