Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Anoe asoep kana golongan tjaoe aloes, nja eta anoe soke diparake bibilas: tjaoe radja, tjaoe soesoe, tjaoe radja sĕreh, tjaoe ambon, tjaoe loemoet, tjaoe emas, tjaoe ampjang djeung tjaoe graita (babakoena di Djawa Tengah). Ari tjaoe anoe koerang kapake keur bibilas: tjaoe kidang, tjaoe hoerang, tjaoe gembor, tjaoe baji, tjaoe geulis tiis djeung salian ti eta.

Anoe ngeunahna dikoeloeb, digoreng, diseupan atawa dikolek: tjaoe galek, tjaoe kepok, tjaoe kapas (aja doea roepa: hedjo djeung koneng), tjaoe lampenong, tjaoe saboelan.

Hěnteu sagala tjaoe beunang dîgoreng, saperti: tjaoe soesoe, tjaoe ambon, tjaoe radja sĕreh, tjaoe kidang, eta kabeh lamoen digoreng teh sok leutaj teu ngeunah didahar.

Tjaoe radja koerang hade keur anoe koerang koeat kadoetna, hatena eta tjaoe hese dilějoerkeunana. Boedak leutik leuwih hade montong dibere tjaoe radja; lamoen kapaksa dibere dagingna koedoe dikoeroed koe peso. Tjaoe radja doea roepa, lain ngan sedjen gědena djeung bangoenna bae, tapi kandëlna tjangjang djeung dina asakna oge sedjen. Ari rasana mah doeanana oge meh saroea bae, katjida amisna.

Tjaoe soesoe. Rasanan tjaoe soesoe teu amis tjana tjaoe radja, ieu mah rasa sěmoe haseum. Keur boedak koerang hade nja kitoe deui keur anoe batoek sok ngaloearkeun reuhak.

Tjaoe radja sěreh katjida ngeunahna, seungit djeung poelěn deuih. Asalna ngan diparělak koe oerang Batawi bae di sapoetěr kota Batawi, tapi kabehdieunakeun di Priangan oge loba anoe marělak, malah ajeuna mah di Djawa-Tengah oge mimiti aja, ari di Djawa-Wetan mah langka keneh pisan. Teu tjaoe taja pisan mamalana, beunang dibikeun ka boedak oge.

Tjaoe ambon rasana amis-tiis sarta matak oero djeung běrěsih kana badan; aloes pisan didjieun salera. Anoe anjar ngadjoeroe soepaja oelah ngagetih hade pisan dahar tjaoe ambon hedjo. Ti wates 3-4 tahoen ka beh-dieunakeun oerang Banjoewangi loba katjida anoe marelak tjaoe ambon di sapoetěr kota Banjoewangi sarta ditoeloeng koe Pamarentah, ngahadja njadiakeun modal pikeun eta djeung ngajakeun pagawe-pagawena. Eta tjaoe ditoearna dina samemeh asak-bener, kira2 satengah asak, diwadahan koe karantjang beunang njieun koe kai bebekan leutik; toeloej dikoendjal ka kapal dibawa ka Australië.

Tjaoe loemoet. Ieu tjaoe sakanjaho sim koering mah ngan di Priangan bae ajana, kitoe oge ngan di pagoenoengan bae, ari di tanah2 datar anoe harandap mah euweuh. Boeahna leuwih leutik ti tjaoe ambon; tapi rasana meh asa tjaoe ambon tea. Anehna, anoe asak babari tarotol tjangkangna djeung tereh boeroek deuih.

-59-