Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Tjaoe emas. Ieu tjaoe boeahna laleutik pisan, rasana katjida nisna, hade didahar koe noe boga kasakit hese mitjeun. Tapi nteu oenggal djělěma hade dahar tjaoe émas, sabab ka sawareh djélema matak baroesoeh. Tjangkangna lamoen digelang matak leus kana koelit, matak lěměs kana ramo. Tjangkang tjaoe pas anoe geus garing dibeuleum diarah lěboena, ditjampoer djeung bebeureum endog aloes keur diangir, komo keur anoe leuleus seoek mah.

Tjaoe ampjang leuwih gede meueusan manan tjabe emas, sana amis tapi rènjah; anoe geus asak roepana koneng koleas. Aja deui tjaoe bangsa leutik, ngaranna tjaoe lampoeng, sana koerang amis; ieu tjaoe kaasoep kana golongan tjaoc anoe terang hade.

Tjaoe graita atawa waloenggrama noe loba di Banjemas djeung Tegal, gědena sèr bae ti tjaoe ampjang, leu oge njah, tapi djeung seungit deuih.

Tjaoe kidang tjangkangna beureum, watěkna tiis djeung matak oeroe, rasana semoe haseum djeung teu pati ngeunah.

Tjaoe gěmbor, rasana meh asa tjaoe kidang ngan dagingna awih leiněs; ieu oge tils watěkna djeung matak oeroe, ngan keur wareh djelèěma sok matak sariawan.

Tjaoe baji aloes keur tamba boedak njoesoe keneh, lamoen terang hade kadoetna (spijsverteering).

Tjaoe galek gěde kabina-bina, tapi dina satoeroejna tara Ari didaharna koedoe diasakan heuia: dikoeloeb, diseupan mah dipanggang atawa dikolak. Dina keur euweuh roti, ieù tjaoe unang dipake ganti didaharkeun ka boedak. Awahing koe gěde ukna tjarang bisa bareng, mindeng pisan sawareh teuas keneh, i sawareh deui geus hipoe koe bawaning asak. Tjaoe galek aloes an ditipoengna; mimitina oerang koedoe ngala noe geus kolot, lah noe geus asak enja, toeloej dikeureutan masing aripis, geus oe těroes dipoë; dimana geus garing kakara ditoetoean, dioeng. Boeboer tipoeng tjaoe galek keur boedak aloes pisan.

Tjaoe kepok, ieu oge hade katjida keur boedak. Radjeun e didjarieun pisang-goreng. Bongolna (wortelstok) beunang dike oebar boh ka djělěma boh sato, hawana tlis. Ari tjaina eta ngol, diparoed toeloej dipěrěs, sok dipake tamba awewe anoe agětih djeung tamba tadjam: sok dipake pahinoem deuih tamba reuh kakatjangan dina keur salesma. Sariawan bidjil gětih tina eng hade ditambaan koe tjibongol tea diingsreuk meunang ea sendokeun. Keur tjeutjeuh deuih aloes nakěr, matak gomplok eoek.

Lamoen sanggeus diala boeahna toeloej tangkalna ditoear pisan, galna disesakeun. Oepama dina bagalna oerang njieun liang, silna dirorek, lila² tangtoe eta liang aja tjaian anoe baridjil.

- 60 -