Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Saledri

Saledri teh roepa² dipakena, oebar matih pisan kana intjok, Anoe boga panjakit „eiwit afscheidinse” atawa noe gěde sahwat, oelah loba teuing dahar saledri.

Solasih.

Di mana-mana oge aja sarta sarerea oge tarěrane kana solasih mah; ari bawana měpěr, tiis djeung matak sěgěr kana awak, La moen noe sok moeriang bae, hade nginoem make boekoer siki solasih.

Dahan solasih dibeuleum, lěboena ditjaian, toeloej disaring, aloes pikeun ngoembah raheut. Siki solasih dikeueuman koe tjinsak-tiis,: oelah ditjampoeran naon², toeloej diinoem, hade pisan kana kasikit dina pangeusi beuteung djeung mitjeun oemběl, sarta djadi paměpěr deuih.

Goela-tiwoe.

Goela-tiwoe teh hade pisan didahar koe boedak, ngoeatkeun kana toelang djeung anggahota lian. Sirop goela tiwoe, matak lirtoeh, nja kitoe deul kana sato. Ngan kana koeda koerang hadena, karana moen diinoeman ota, loba teuing kaloear kesang, koe lantaran eta, sok babari mopo. Tjigoelana, oebar kana njěri mata.

Tjitiwoe ka noe batoek teu hade pisan.

Terong.

Terong teh di mana-mana dipake kasěděp, komo di amběl-godog mah. Noe boga panjakit dina peudjit boentoe (blindedarm) djeung dina bool, teu beunang dahar ieu. Sakaol njěboetkeun, jen rea teuing dahar terong atah teh, sok matak boga panjakit lieur djeung matak koerang koeat toelang.

Wortel.

Didahar atahna, oebar kana tjatjingeun djeung kěrěirian, komo ka baroedak mah. Moen bisa, sina didahar atahna.

Ngarah gampang, wortel teh diparoed toeloej, dipěněs; geus kitoe tjampoeran tjipati, oejahan saeutik, ti dinja diinoemkeun ka boedak tea.

Djamboe.

Tilsodogan daoen djeung rapagan djamboe, dipake oebar kana

- 71 -