Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

chronische diarrlica (chronische dysentrie) nja eta mědjěn; noe panghadena keur oebar kitoe teh, djamboe koeloetuek noe beureum dagingna. Tjigodoganana oelah kentěl teuing.

Saha-saha noe hese mitjeun, oelah bae dahar djamboe.

Doekoeh.

Doekoeh teh matak sirep kana beuteung djeung ngeunah kiih. Sikina rasana pait, sanggeus diběběk toeloej digodog, eta hade dipake oebar moeriang. Noe boga panjakit goela, oelah dahar doekoeh. Tjangkangna dipoë, toeloej dipoeroeloekan goela kawoeng, geus kitoe dibeuleum, haseupna katjida seungitna djeung djadi oebar reungit deuih.

Djoewět atawa djamblang.

Sagala roepa djoewět, beunang pake oebar, komo djoewět bodas mah. Loba teuing dahar djoewět, ngoerangan kana kasehatan, karana ngahoedang kana moeriang djeung hese kiih. Kěmbangna, komo sikina, hade pisan keur oebar kasakit goela; ari godogan papagan djeung poetjoekna, dipake oebar njěri beuteung.

Dalima.

Godogan akar dalima bodas (noe kembangna bodas) dipake oebar tjatjing pita. Tapi lantaran akar dalima teh matak weureu, djadi oerang koedoe ati pisan, poma oelah rek loba teuing. Godogan tjangkangna djeung kembangna noe masih koedoe, dipake oebar kasakit dina beuteung; dalima beureum (noe beureum kembangna) oge nja tjara dalima bodas deui beunang dipake oebar, tjara noe bieu.

Manggoe.

Loba teuing dahar manggoe, goreng kana pangeusi beuteung. Tjangkang manggoe djeung aja tjampoeranana deui, sok dipake ngoebaran panjakit kotor. Godogan tjangkangna djeung godogan papaganana, pangampět kana moeroes. Tjangkangna dipoë, dimana geus garing pisan dibeuleum, arengna diběběk sing lemboet, toeloej ditjampoeran koe kapoerbaroes, djadi poejěr paranti ngosok hoentoe anoe hade pisan. Tjai tjangkang manggoe noe asak, aloes pikeun mangsi merék. Oelah bae dahar manggoe djeung goela, sabab matak moeroes djeung moelěs.

- 72 -