Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Salak.

Anoe boga kasakit dina beuteung dina bool atawa ambe, nja kitoe deui noe boga kasakit dina tikoro, oelah bae dahar salak. Kawoewoeh salak hese lemboetna dina beuteung. Siki salak anoe kakara mělěntoeng rek djadi tangkal, kakara katembong hedjo saeutik, didaharkeun ka boedak noe boga kasakit nongtot bool. Rasana meh saroea djeung boetoeh.

Sawo manila.

Noe boga kasakit dina beuteung djeung ambe, oelah bae dahar sawo manila.\ Noe njeri beuteung pajah pisan, datang ka geus euweuh taksiran deui, sok dioebaran koe geutah tangkal sawo manila. Dipakena koe oerang Priboemi lamoen ka noe njěri beuteung ngějěr, boeboeang teu beunang ditahan. Papaganana beunang moë, dipkae oebar moeriang. Loba oge djělěma noe teu pajaan, lamoen dahar sawo manila sok kaběběng. Sakaol njěboetkeun, jen sawo manila teh teu hade katjida ka noe boga panjakit gěrégěseun.

j. ROEPA² KASAKIT ANOE SOK TJAGEUR KOE DANGDAOENAN DJEUNG AKAR-AKARAN HINDIA.

Bisoel.

Oerang sok radjeun ngarasa aja anoe njeri dina awak, tapi teu njaho naon eta noe njeri teh. Bisa djadi soegan rek bisoel, atawa pateuh tea, tidjalikeuh, bisoel-beunjeur djeung sapapadana Lamoen oerang ngarasa aja noe njeri² kitoe, eta biasana sok dibaloer koe geutah sambodja atawa koe geutah lame. Sanggeus meunang sapoë-sapeuting eta geutah dikoembah koe tjihaneut-koekoe ditjampoeran minjak. Lamoen anoe djadi lantaran njeri 1eh bisoel, sanggeusna geutah tea dikoembah sok katembong sarta tetela ngělěměng beureum, malah sok něpi ka katjiri reana.

Bisoel panghadena koedoe disina asak, mambrih matana beunang. Ari padikahna malar bisoel tereh asak anse sok didjaralankeun koe bangsa oerang, leu:

  1. Daoen solasih dibeuleum diarah leboena, toeloej digalo djeung minjak.
  2. Kembang tělĕng dirieus něpi ka lemboet ditjampoer djeung goela-djawa,
  3. Saboen-seuseuh noe koneng djeung goela-djawa ditjampoer didjieun pelester, ditaplokkeun heula kana lamak, těnggah-tenggahna dipolongoan keur djalan mata bisoel tea.
    - 73 -