Ieu kaca geus divalidasi
Tjarenang soengoet, sok tjageur dikěkémoean koe seureuh atawa daoen saeh anoe disědoeh tjara Anteh; daoen parasman oge dibeuweung, aja toeloengna. Salian ti eta anoe aja toeloengną minjak tangkawang haneut-koekoe dibaloerkeun.
Mĕngi.
- Njokot siroeng randoe, toedjoeh; toeloej dipekprek meueusan, dioejahan saeutik, těroes dipěrès diarah tjaina. Meunang tiloe poë lilana, oenggal isoek eta tjirandoe koedoe didasarkeun.
- Lamoen měngina keur karasa, soepaja rada hampang, oelah eungap teuing: koedoe njokot kěrtas Tjina anoe didjieunna koe awi, toeloej ditjěloeb kana sendawa beunang ninjoeh; ti dinja těroes ditoehoerkeun deui; di mana geus toehoer téroes didoeroek, haseupna koedoe diseuseup koe noe gěring.
- Oedoed poetjoek tandjoeng beunang njiksik, eta oge matak hampang; daoen koetjoeboeng woeloeng deuih, lamoen dioedoed matak lalega kana amběkan.
- Oepama pangna měngi teh lantaran rendjagan, eta sok bisa tjageur deui lamoen isoek² ngadasarkeun tjai daoen antanan sarta dida'imkeun saboelan sakali. Ari njieunna kieu: daoen antanan diběběk make ditjaian sagělas leutik, toeloej disaring.
Dipatjok oraj djeung sapapadana.
- Ngala daoen sandilata doea-tiloe keupeul, toeloej dirieus make ditjalan saeutik. Ti dinja toeloej dioebarkeun kana tatoena tapak matjok atawa ka noe bareuhna. Hade oge tjaina sagělas leutik diinoem.
- Geutah waloeh dibaloerkeun ka noe bareuhna.
- Daoen katoembal (kihoeoet) ditjaian digelang sing nepi ka lēmboet, toeloej dioebarkeun kana tatoena, eta oge sok aja toeloengna.
- Daoen reundeu digelang něpi ka adoej, toeloej dibaloerkeun kana tatoena atawa ka noe bareuhna.
- Aja deui tarekah anoe hade kabina-bina, nja eta saloehoereun tatoena dibeungkeut masing tarik, ti dinja lebah tapak matjok tea diraheutan bangoenna tjara tjakra, tapi pesona anoe dipake noerih tea, koedoe běrěsih pisan; sanggeus ditjakra kitoe koe peso, toeloej dipěntjet atawa diseuseup, mambrih kaloear gětihna, sarta těroes dikoembah kos ammonia. Tapi poma masing ati², lamoen oerang raheut dina biwir atawa dina soengoet, oelah pisan wan ngenjot tatoe koe oraj tea.
- Pikeun oebar diseureud langgir, poetjoek palasa dirleus sing lemboet.
- Oebar diseureud babakaoer, noe biasa sok koe kěluj hajam.- 74 -