Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Dikoembah koe godogan daoen asem djeung daoen sẽmboeng haneut-koekoe.

Hileudeun.

Oebarna:

  1. Daoen patjar koekoe dirieus djeung gambir, masing lemboet,toeloej ditaplokkeun. Oenggal 12 djam diganti.
  2. Tjangkang katjang-boentjis beureum anoe geus asak, dibeuleum diarah lěboena; toeloej ditinjoeh koe tjiasak; panas dioebarkeun.

Intjok.

Anoe babakoe koedoe daek mantangan: iwoeng djeung kelor; bangsa daging sabeunang-beunang oelah loba², saeutik bae, djeung oelah sok nginoem tjikalapa.

  1. Baloerna koe daoen tjikaltoelang diběběk djeung apoe seupah.
  2. Lamoen pangna njarěri dina sandi teh lantaran moeriang atawa malaria, oebarna koe těmoe-lawak djeung daoen měměniran disědoeh tjara enteh, diinoem.
  3. Dina rek sare koedoe dibaloer koe godogan akar gědang-gandoel, oejah djeung arak. Ari njieunna kieu: Koedoe njokot botol-anggoer, toeloej eusian běběkan akar gědang-gandoel tea anoe lëmboet, sing pinoeh satengahna; oejah sasendok-dahar, kajoepoetih doea sendok-dahar, tjoer tjitjian arak sing něpi ka pinoehna; geus kitoe eta botol toeloej ditjotjokan koe kajoe-gaboes sing rekep pisan; ti dinja dipoë meunang sapoeloeh poë lilana. Kakara hade dioebarkeun.
  4. Pěděs 100 siki, tjengkeh 50, pala 5 djeung daoen balingbing 100 lambar; eta kabeh dirieus masing lemboet; toeloej tjitjian tjoeka lahang ½ botol limoenadě; geus kitoe těroes digodog. Haneut² dibaloerkeun 2 à 3 kali sapoëna. Saban 'tas dibaloer koedoe diingkeun lilana sadjam. Ari ngaberesihanana deui (mitjeunna) koedoe koe tjihaneut.

Batoek.

Batoek aja roepa, lantaranana beda², oebarna oge sedjen². Ari anoe sok diparake ieu:

  1. Dina arek sare djeung dina barang hoedang, dahar roedjak letahboehaja sasendok gede, goelana koe sirop. Ari boedak mah sasendok teh oge meudjeuhna.
  2. Lamoen batoek ngohkoj, oebarna koe poetjoek waroe digodog make goela batoe. Di mana keur karasa, ngohkoj. koedoe nginoem salĕgoek.
    - 76 -