Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Koekoek-djantoeng (ti djěrona), haděs doea-tiloe siki djeung goela batoe digodog něpi ka djadi tjara sirop, tapi oelah make tjai.

Diinoemkeun ka noe gěring sapoë doea-tiloe kali, sakalina sasendok.

  1. Widara-oepas diparoed djeung tjigoela-batoe, disaring koe lamak běrěsih. Diinoemkeun ka noe gěring, sapoëna doea-tiloe kali, sakalina sasendok teh.
  2. Daoen djintén atawa daoen djoekoet-borang digodog djeung kajoe-manis, katoentjar make goela-batoe.
  3. Patje asak 3 hoeloe dipěrěs, toeloej dibaoeran tjigoela kawoeng atawa tjigoela batoe. Eta keur sapoëeun.
  4. Kalapa hedjo dipěsek masing hade, oelah nepi ka batokna kakadek; geus běrěsih téroes dibor, tidinja toeloej diasoepan goela-batoe. Geus kitoe liangna tjotjokan deui koe kajoe-gaboes sing rekep pisan; těroes diboeboej něpi ka asak. Tjaina koedoe didasarkeun.
  5. Batoek teuas tambana koe lobak; keur boedak 4. keur kolot 8. Eta lobak koedoe diparoed, toeloej digoelaan koe goela-batoe; geus kitoe diiboen sapeuting. Isoekna disaring koe lamak, těroes sina didasarkeun koe noe gering.
  6. Aja deui batoek teuas tambana: tjikoer dirieus, toeloej dipěrěs, ditambakeun sapoë sakali; boedak sakalina sasendok teh, kolot sasendok gěde. Biasana heuleut doea-tiloe poë oge geus aja karasana.
  7. Saroepa deui:

Daoen antanan sakeupeul, kajoemanis, goela-batoe, tjaina sing meudjeuhna; toeloej digodog. Oenggal isoek didasarkeun.

  1. Tamba batoek-bangkong:

Njokot djěroek kingkit anoe geus rek asak 7. diarah sikina, goela batoe tjaina sagělas bier (satengah botol limoenade), toeloej digodogkeun, něpi ka tjaina kari ¾ na deui; eta koedoe diinoemkeun ka noe gěring masing rada mindeng, sakalina nginoem sagělas-pait.

Rieut.

  1. Daoen gandarasa djeung pěděs bodas diběběk masing lemboet, toeloej tjoekaan; dioebarkeunana kana tarang. Matihna pisan leu oebar teh, lamoen rieutna lantaran salesma.
  2. Daoen poksor 2 lambar digatjěl lalaoenan něpi ka leuleus, dioelasan koe minjak, toeloej dileumpeuh; geus kitoe ditapělkeun satoekangeun tjeuli kentja-katoehoe dina lebah oerat gede, tapi oelah lila², kira² 2 à 3 minoet bae. Sabab lamoen lila teuing mah sok kěmboeng.
  3. Njokot djahe salondjor, toengtoengna dipekprek sing něpi ka réměk tjara sikat. Toeloej diantjlomkeun kona minjak kajoe-poetih atawa minjak kolonjě; těroes dipake ngagosok oerat poendoek djeung oerat beuheung.