Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Lamoen katjida panasna dipoepoekan daoen parah-lima (¹)[1]. Dirieus masing lemboet toeloej dikana-goeritakeun direke poepoek beuteung. Hade oge anoe gěring diseka koe leuhangna.
  2. Daoen antanan sakeupeul, bawang beureum sasihoeng, hadés djeung poelasari saeutik, tjaina tiloe tjatjangkir; toeloej digodog něpi ka kari satjangkir deui Diinoemkeun ka noe güring. Biasan sanggeus tiloe kali nginoem oge moeriangna sok leungit; tapi koedoe ditěroeskeun nepi ka 14 poë, sarta oebarna koedoe njieun oenggal poë.
  3. Dahan kendal anoe ngora keneh katoet daoenna, daoen heběsaran 5 lambar, tjaina sabotol limoenadě, digodog něpi ka ngan kari satengahna deui. Diinoemkeun ka noe gěring.
  4. Moeriang anoe teu daekeun tjageur², oebarna: papagan soeren sabeungkeut leutik (kira² roebak 7 c.M., pandjang 10 c.M.), tjaina 6 tjatjangkir, digolog nepi ka ngan kari satengahna deui. Sapoëna koedoe nginoem tiloe kali satjatjangkir, něpi ka 7 poë.
  5. Lumoen boedak moeriang, ěmena djeung moemoentjanganana koedoe digěnder koe lamak beunang njěloeb kana: daoen inggoe benang ngagelang djeung bawang 2 sihoeng, tjoeka djeung tjai. Kompresna koedoe mindeng diganti, sarta sirahna koedoe baseuh bae.
  6. Boh kolot boh boedak, lamoen mindeng kataradjang moeriang. koedoe beuki kana lobak didjieun lalah; biasana panasna sok toloej sirép. Boedak anoe moeriang sok diseka koe tjai saroeni digelang.
  7. Lamoen dina moeriang nahoen panasna katjida, diosbaranana koe ledjet dipěrěs, diinoemkeun; ari ledietna (dagingna) dioebarkeun kana tarang jeung benteung.
  8. Daoen dadup dirieus, likopjokkenn kana tarang djeung kana beuteung sahandapeun boedjal.

Beukah ka waja.

Oebar beukah kawaja koedoe nginoem těmoe-lawak didjieun enteh. Ari njieunna kieu: mimiti eta těmoe-lawak koedoe dipěsek: heula mangka běrěsih, toeloej dikeureutan 'sing aripis, těroes dipoë. Sanggeus toehoer běněr, oerang njoket sakeupeul. teroes disědoeh tjara enteh.

Dahar gedang. nginoem tjai patje asak sapoe tilor, eta djadi tamba kana beukah kawaja; lamoen katjida kasakitna, sapoëna lima.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <--

-->}}

Pooradiredja.
 
  1. (¹)Papah lima diteangan dina roepa² wordenboek teu kapëndak. Dina boekoe Nieuw Piantkundig Woordenboek voor Nederlandsch-Indie, karangan P. S. A. de Clercq katja 228, dina no. 1257 aja tapak-liman, sok dipake oebar mooriang.