Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Solatri.

Oebar solatri:

  1. Djahe dipěrěs diarah tjaina. Diinoem sasendok teh make dioejaban saeutik.
  2. Pala diparoed masing lemboet, dibaheum djeung oejah saeutik, toeloej dipalidkeun koe tjai sarēgot.

Ieu oebar sallanna keur kana solatri, beunang dipake tamba kana oetah-oetahan deuih; sok toeloej bae eureun.

  1. Semboeng katoet akarna digodog djeung goela batoe, dipalaan ½ sendok teh. Diinoemkeun.
  2. Tjiganas oge tamba matih nakër, nginoemna teu meunang loba², koedoe saeutik bae.

Malaria.

Oebar-anoe pang matihna kana malaria taja batan pel-kina. Tapi oerang Priboemi mah, lantaran arang langka pisan anoe baroga pel-kina, sok dioebaran koe ieu:

  1. Měměniran djeung akar-akarna 5, těmoe-lawak 4 à 5 keureut, tjengkeh 3 djeung kajoemanis kira² doea boekoe tjoeroek pandjangna; tjaina satengah botol limoenadě; digodoh něpi ka tinggal satengahna deui. Diinoem. Nginoemna sapoè sakali. Njieunna oebar: inoemeun poë teu koedoe kamari pasosore. Djadi inoemeun isoekan teh koedoe didjieun poë ieu pasosore. Sanadjan moeriangna geus teu karasa, hade dítěroeskeun bae nginoeman eta oebar oenggal poë. Oepama noe gěring teh ka-tjaina teu angger deuih, ratjikanana koedoe dikalěmbaan doea boekoe tjoeroek pandjangna.
  2. Papagan lame ditjatjag sing lemboet; njokot doea sendok teh, tjaina sagělas, toeloej digodog něpi ka ngan kari satengahna, Diinoemkeun ka noe gěring disakalikeun. Koedoe dida'imkeun oenggal poë. Tapi lamoen teu tjageur bae, koedoe nginoem sapoë doea kali. Sabot keur dipahinoem koe papagan lame, oelah arek dahar bangsa lada² atawa haseum.
  3. Daoen kendal 3 lambar, daoen sèmboeng 3 lambar, daoen djěroek mipis 3 lambar, daoen parasman 5 lambar, tjaina sabotol limoenadě; digodog něpí ka ngan kari satengahna deui. Dina sapoë koedoe nginoem doea kali.
  4. Poetjoek gedang 2 atawa 3 lambar (gedang naon bae, boh gedang biasa boh gědang gandoel, saroea bae); tjaina sabotol limoenadě; digodog něpi ka ngan kari satengahna deui. Diinoemkeunana ka noe gěring koedoe ti beurang, sarta těroes sadjěro 14 poë.

Beunang oge eta poetjoek gědang satikna diběběk djeung oejah

- 80 -