Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Akar tarebak dikeueum dina tjoeka anoe ngagolak, toeloej dipake ngagosok hapoer tea.

Hapoer kembang.

  1. Oebar hapoer kembang koe daoen katepeng-tjina dirieus masing lemboet djeung apoe. Dibaloerkeunana sapoë doea kali.
  2. Terong tjokrom dibeulah, toeloej dipake ngagosok noe hapoer tea. Ngagosokna koedoe mindeng sarta koedoe diantěp sina něpi ka toehoerna.

Patek.

Akar kangkoeng 5 diběběk djeung oejah, make tjai. Sanggeus disaring kakara dioebarkeun. Mimitina siga beuki katjida, sabab bohakna ngagarědean. Sakoer anoe barohak koedoe ditambaan hidji², oelah disakalikeun. Ari oebarna: toeroesi dibeuleum, toeloej ditoetoean (dirieus) masing lemboet; beunang noetoean ditjampoerkeun djeung kastroli didjieun salěp (zalf). Eta salep dioelaskeun ka noe bohak tea. Tapi samemehna dioelasan koe salep koedoe dikoembah heula mangka běrěsih. Ari dikoembahna eta noe barohak teh koedoe koe godogan akar tanggoli. Dimana geus dioebaran koe salep, koedoe ditoempangan deui dioelasan geutah lame. Oepama euweuh lame, hade koe geutah kondang. Anoe patek teu meunang dahar hoerang, tarasi djeung kadaharan anoe bawana panas. Hade pisan daek dahar kangkoeng, asēm, djěroek-mipis djeung gědang.

Koeris.

Pikeun nambaan, soepaja oelah něpí ka tjatjar di djěro, oerang Príboemi sok koe ieu: ngala mangandeuh sadahan noe leutik bae. diběběk djeung haděs 2 siki, palasari saeutik djeung bawang beureum noe leutik bae. tjaina sagělas leutik (milih loemoer anoe pangleutikna pisan), dimadoean sasendok teh. Diinoemkeun ka noe gering sapoe sakali.

Rheumatiek.

Anoe rheumatiek oelah dahar kelor, bangsa arak djeung sabeunang-beunang dahar bangsa daging koedoe saeutik bae. Boeboeahan, tjaraning djéroek-nipis hade pisan kana rheumatiek. Ari oebarna:

  1. Daoen handaroesa, pěděs dirieus djeung apoe sing lěmboet. dioebarkeun ka noe njëri.
  2. Daoen tjalingtjing bobot roepia sapoeloeh (100 gram), tjèngkeh 10, pěděs 15 siki, make tjoeka saeutik, dirieus sing lemboet, dioebarkeun ka noe njèri tea.
  3. Saledri 2 katoet beutina, disědoeh tjara enteh; saban poë
    - 82 -