Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

diinoemkeun 2 à 3 tjatjangkir, něpi ka saboelan lilana. Baloerna: daoen koetjoeboeng-woeloeng 2—3 lambar, apoe-seupah saeutik djeung djěroek-mipis dirieus masing lemboet. Dibaloerkeun sapoë doea kali; diběběran koe daoen bakoeng-bodas beunang ngaleumpeuh.

  1. Daoen djoekoet-singkir sasendok, daoen měměniran sasendok gěde, tjaina satengah botol limoenadě, digodog něpi ka ngan kait ¾ na deui. Diinoemkeun.
  2. Daoen papasan, apoe saeutik dirieus mangka lemboet, kětjlakan kajoe-poetih. Digosokkeun ka noe njeri tea sing tělěb.
  3. Papagan tandjoeng pandjangna sasikoe, dipoë, beunang moë ditjatjag mangka lemboet; oejahan sakeupeul, tjitjian arak saKopi. Sanggeus kitoe dipoě 3-4 poë. Dioebarkeun ka noe njeri ten.

Koerap.

Koerap babari pisan tepa. Ari oebarna anoe matih. daoen katepeng dirieus sing lemboet djeung apoe, digosokkeun sapoë doen kali. Biasana heuleut 36 djam oge sok tjageur koe ieu mah.

Boedoeg.

  1. Papagan mindi dibeuleum heula, toeloej digodog. Eta tjipang-godogan keur ngoembahna, ari oebarna daoenna (mindi) beunang ngarieus něpi ka lěmboet.
  2. Daoen kloerat 5 lambar djeung daoen sandilata 7 lambar, tjaina 2 gělas. Digodog něpi ka kari sagělas deui. Eta diinoem.
  3. Koneng-hideung salodjor, diběběk masing lemboet: toeloej make minjak kalapa; dioebarkeun. Pabinoemna godogan koneng-hideung keneh salodjor; oenggal poë koedoe angger.
  4. Daoen kloerat dirieus sing lemboet djeung apoe; dibaloerkeun tjara salěp.

Batoek gangsa.

  1. Daoen waroe-laoet digelang make tjai, sanggeus disaring di Inoemkeun ka noe gěring.
  2. Daoen antanan digelang atawa didjieun teh, diinoemkeun.
  3. Daoen lagondi digodog djeung tjikoer, koneng salodjor djeung goela batoe sameudjeuhnana. Diinoemna sapoë doen kali.
  4. Ari kolot marakena: geutah gebang ditinjoeh koe tjiasak sing něpi ka lějoer.

Raheut.

  1. Oebar raheut anoe matih: daoen djawerkotok djung daoen
    - 84 -