Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

eutik djeung saboen. Toeloej disérébetan hidji² sing toehoer pisan.

Lamoen sanggeus dikoembah teh toeloej dihearkeun bae, hartina masih keneh aja tjai dina eta barang perak, eta bisana koedoe bae aja oeroetna, sarta henteu gampang ngaleungitkeunana.

Ari njangiingna barang perak, oerang koedoe njampoerkeun tipoeng kapoer djeung ammonia atawa spiritus sing tjara boeboer. toeloej barang peraki teh dipoelas koe eta:

Toeloej dilngkeun sina toehoer heula. Dimana geus toehoer ènja. kakara dikosok koe pěrnel atawa soetra.

Peso djeung garpoeh perak anoe gagangna kod gading atawa toelang teu beunang diantjlomkeun djeung gagang-gagangna kana tjipanas, sabab élim (pangrapět) anoe mageuhkeun peso kana gagangna tangtoe leeh, heug bae pesona molonjon.

Koe lantaran eta, koedoe ati² pisan soepaja gagangna oelah antěl kana tjal. Oelah pisan rek ngingkeun hampas teh dina potjl-teh perak lamoen eta potji měntas dipake koedoe geuwat dikoengkoerahan koe tjipanas. Lamoen eta potji ti djěrona koe lantaran dipake, tepi ka aja sěmoe hideung, koe oerang koedoe dieusian tjipanas make soda, toeloej diingkeun meunang sapeuting.

Ti dinja toeloej dikoengkoerahan koe tjipanas.

Ngaběrěsihan gědah.

Ari bangsa běling mah lain deui ngaběrěsihanana oge.

Bangsa běling teh diběrěsihanana dikeueum koe tjipanas. beunang njampoeran koe saboen saeutik djeung diketesan ammonia doea-tiloe ketjlak. Toeloej diseka hidji koe lamak ipis, oelah noe boeloean, ti dinja ditoehoerkeun koe diangin-angin. Oepamana bae loemoer oeroet wadak soesoe, eta koedoe geuwat² dieusian tjal soepaja soesoena henteu toehoer dl djěro loemoer; ana soesoe toehoer manten, sok hese dikoembahna.

Soepaja loemoer bisa herang ngagěntjlang, tjal noe baris ngoembahna tel koedoe ditjoekaan saeutik. Ari loemoer anoe make dikembang-kembang koe oekiran niah diběrěsihanana koedoe make sikat.

Ngaberesihan botol.

Botol diběrěsihanana koe tjipanas, poeroeloekan koe teh saeutik atawa koeměli atah, beunang ngeurentan, toeloej dlingkeun, sakeudeung-sakeudeung botol teh dikotjlok.

Koe tjoeka djeung oejah badag botol teh bisa herang saasal deui, ari lobana, moen oejahna sabagian tjoekana does. bagian. Lamoen botol teh henteu toeloej herang, tjoeka djeung oejah tea koedoe diingkeun di dinja rada lila.

― 91 ―