Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Maehan taga (¹).

Koetoe andjing. Leungitna ieu taga ngan koe běrseka katjida, koe hawa běrěsih, koe tjaang djeung koe tjahja panon poë. Ari ngalobaanana koetoe andjing teh, di noe panas, noe kotor djeung di noe poěk. Lamoen di enggon aja koetoe andjing, kasoer djeung anggěl koedoe dipoë, djeung beusi randjang, nja kitoe deui oebin handapeun katil, koedoe dikoembah make saboen carboi.

Djeung lawang sarta djandela² koedoe diboekaan dikeblakkeun, soepaja hawa ti loear anoe běrěsih bisa asoep. Baris ngaleungitkeun koetoe andjing aja roepa² poejer di apotheek, diseboetna „vlooienkruid”. Koe kapoerbaroes, diawoeran, koetoe andjing sok njingkah.

Gěgět. Ieu taga karesepna pang-pangna njajang dina sajet djeung bangsa boeloe djeung dina bangsa lakěn, sarta katjida ngaroeksakna. Hade pisan oepama barang bangsa kitoe teh disikat sing běrěsih; lamoen pakean, hade oge ditilěpan, toeloej diboengkoes koe soerat-kabar make kapoerbaroes atawa naphtaline, těroes diampihan.

Gěgět teh teu rěsěpeun pisan kana mangsi tjitak, soemawonna oepama mangsina anjar keneh mah, djadi baris boengkoes teh oelah koe soerat-kabar anoe geus llla teuing. Bangsa ewol djeung bangsa laken hade oge diboengkoes koe lawon. Kana lawon geget teh tara daekeun, noe matak lawon teh hade baris boengkoes.

Toembila. Toembila di Hindia loba pisan djeung lantaran tereh pisan ngalobaanana, koe sabab eta, di mana perang manggih toembila di enggon, harita keneh koedoe těras dibasmi. Biasana ajana teh dienggon djeung sabangsana. Kasoer koe oerang koedoe geuwat dipoe sarta disikat sing imeut, komo dina wiroe² djeung lělěgokanana mah. Parabot randjang bangsa beusi djeung bangsa kai koedoe dilaanan, dikoembah koe saboen carboi djeung tjai. toeloej dipěntrangkeun di noe panas pisan, ti dinja dioelasan koe terpentijn.

Di imah noe běrseka enja, arang langka aja toembila.

Beurit. Akalna ngabasmi beurit oelah disina meunang baranghakan naon², poma di imah oerang oelah aja anoe moeka, anoe beunang dipake djalan koe beurit malingan kahakanan.

Koe doea atawa tiloe oetjing djeung senteg atawa tjoebloek doea tiloe oge tjoekoep keur ngabasmi beurit. Bisa oge dibasmi koe dibaroeang, make phosphorus-pasta, di oenggal apotheek oge aja. Dipětakeunana digalokeun djeung daging, tah koe ieu akal bişa hasil maksoed oerang teh, ngan handjakalna teh sok risi bisi kahakan koe sedjen sato tjoo oerang.


(¹) Dina basa Walanda distboetna „insect.”

― 92 ―