Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Laleur. Lamoen oerang di imah poesing lantaran loba laleur, akalna noe panghade-hadena teu aja lan kadjaba ti oengga)² panto djeung djandela, sisi-sisina, dioelasan koe carbol-tjampoeran klra' 5% (¹), koe baoena eta, laleu: teh teu daekeun asoep. Ari pětana ngaleungitkeun laleur ti těpas atawa ti tengah imah, noe dipake kertas laleur (vliegen papier), oerang oge bisa njleun pribadi; njokot bae kertas anoe roepana semoe beureum beunang ngoelasan koe madoe atawa sirop toeloej dipoeroeloekan poejèr sato leutik (insecten poeder) di oenggal apotheekt oge aja.

Bisa oge oerang maehan laleur koe akal ieu: lawang jeung djendela ditoetoep, toeloej meuleum wyalirang di djěro imah.

Tarekah dina waktoe kahoeroean.

Dina lebah aja kahoeroean anoe pangpangna pisan orang koedoe djědjeg ingětan.

Lamoen koelamboe kadoeroek, eta mindeng pisan kadjadian, koelamboe teh koedoe dikěnjang, balangkeun ka taneuh toeloej dikěpoekan koe kaenpanas atawa andoek beunang ngabaseuhan.

Lamoen koelamboe noe koeroeng teh geus dina taneuh, bade bandjoer koe tjai oepama gampang ngalana atawa aer-walanda.

Lamoen lampoe tidjoengkěl, sarta minjakna hoeroeng dina taneuh, oelah dipareuman koe tjai, tapi koe keusik atawa leboe. Lamoen aja noe kadoeroek papakeanana, koedoe geuwat ngedeng dina taneuh (seuneu teh hoeroengna lempeng ka loehoer, lamoen eta djělěma nangtoeng bae gampang pisan seuneu teh ngalentab kana beungeut djeung kana boeoek). Ari dikěděngkeun mah seuneu teh hoeroengna sačnggon bae, malah lamoen dipake goegoelingan mah sok pareum sorangan. Lamoen kaběněran aja bangsa kaenpanas atawa paramedani djeung sabangsana, noe kadoeroek teh. bari goegoelingan, koedoe sina ngagoeloeng maneh koe kaenpanas tea. tangtoe seuneu pareum.

Oelah pisan loempat ka loear bari gegěroan menta toeloeng, eta sok matak beuki katjida bae, tapi loembrahna djělěma teh sok hajang kitoe, loempat bari gegeroan menta toeloeng. Lamoen di djero Imah kahoeroean sarta pinoeh koe haseup, kapaksa oerang koedoe loempat ngallwat ka dinja, njokot bae handdoek atawa serebet baseuh pake meungpeukan iroeng djeung soer.goet oerang ditalikeun. Haseup teh teu bisa asoep kana sērēbet baseuh, toer oerang bisa ngamběkan. Ari leumpangna asoep ka imah noe pinoeh koe haseup kitoe, koedoe ngorondang. Beuki deukeut kana taneuh, beuki henteu sakoemaha ripoehna koe haseup.

Raheut koe seuneu, oelah rek katjalan, sabab sok beuki katjida. Leuwih hade dioebaran koe minjak lěndah ditjampoeran koe apoe.


(¹) Hartina carbol 5 bagian, tjaina 95 bagian.

― 93 ―