Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

ditjaian. Lamoen geutah teh kaboeroe toehoer, noe dipake ngomean nja eta natriumsulfiet atawa formaline. Dina masak karet, obat noe panghadena pikeun ngimpĕlkeun nyaeta tjoeka bibit (azijnzuur). Eta tjoeka bibit ditjampoeran tjai něpi ka 5% tjoeka tjampoeran. Ari prak-prakanana, anoe 30 Gram teh pikeun 100 Liter. Dina njieun karet-crêpe, nja eta karet lambaran noe aripis tea, lamoen hajang rata roepana djeung rata herangna, koedoe make natriumbisulfiet. Njokot 1 Liter anoe 2% tjampoeran, eta pikeun geutah 20 L atawa ¼ KG tipoeng natriumsulfiet, kana tjaikeun 5 Liter, tah eta meudjeuhna keur geutah 200 L. Děmi pětana kieu: eta natriumbisulfiet ditjampoerkeun kana karet tea, toeloej digoeis sing katjida, ti dinja kakara ditjitjian koe tjoeka tea.

b. TATANENNA OERANG PRIBOEMI.

Sawah beubeunanganana dina sabaoe 4-70 pikoel, gitik ratana 26 pikoel pare. Pare anoe aloes, beasna leuwih ti satěngahna beuratna pare, malah aja noe něpi ka 60%. Ari pare noe goreng mah, dina sapikoel teh, beasna 25 kali. Děmi hoema di Djawa-Koelon djeung di basisir Poelo-Djawa beulah ti kaler, dina sabaoe teh, rata² meunang 13 pikoel; anoe panghadena bisa něpi ka meunang 18 pikoel, nja eta hoema² di bawahan Karawang; anoe panggorengna, hasilna ngan oekoer 6 djeung 8 pikoel nja eta pahoemaan di Rěmbang, Soerabaja djeung Madoera.

  Djagong dina sabaoe ..........   10    à   12000 djantoeng.
  Bako     "     "    ..........                 5 pikoel.
  Sampeu   "     "    ..........  100 něpi ka   250 pikoel.
  Soeoek   "     "    ..........   20 něpi ka    40   "    garing.
  Katjang kadele dina sabaoe ...    6 něpi ka    14   "    
  Hoei             "    "    ...   50 něpi ka   150   "    
  Djarak           "    "    ...    6 něpi ka    15   "    (siki).
  Taroem           "    "    ...   25 něpi ka    40   "    (daoen).
  Tiwoe            "    "    ...  350 něpi ka   900   "    tiwoe, 
                                  pigoelaeunana koerang-leuwih 10%.
  Widjen           "    "    ...                  7 pikoel (siki).
  Koemeli          "    "    ...   25 něpi ka    75  " 
  Engkol           "    "    ... 3000    à     4000 hoeloe. 

c. PALAWIDJA.

Lamoen sawah geus dipiboeatan sarta pare geus diakoet, biasana sok toeloej dipalawidjaan, anoe oemoerna sakira 3-4 boelan, hartina

103