Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

di djěro sakitoě teh geus kaala hasilna, soepaja di mana geus tempona eta sawah diparean deui, palawidjana geus kaala kabeh, djadi teu djadi halangan kana njawah. Mimindĕngna tara salĕgana sawah dipalawidjaan, ngan sabagianana bae, dipilih anoe panghadena keur palawidja tea. Samemehna tjĕb dipĕlakan, dipolah heula apik pisan, diwoeloekoe atawa dipatjoel, toeloej dirarata koe garoe. Koe daek malawidja teh noe tani bisa tambah pangasilan toer kana sawah matak tambah hade, da goenta-ganti noe dipĕlak. Sawah noe hiroep tjaina, sok dipalawidjaan koe djagong, taleus, bonteng, terong, katjang kadĕle, tjabe, katjang djeung sapapadana. Ari di tĕgalan, noe dipĕlak teh nja bangsa eta keneh, ngan tara diparean. Djadi palawidja teh, hasil boemi salian ti pare. Koe ahli tani palawidja teh dibagi tiloe roepa, nja eta: a. pala kapĕndĕm tĕgĕsna bangsa beubeutian, saperti: taleus, koemeli d.s.t. b. pala goemantoeng hartina noe diarah boeahna, tjaraning terong djeung sapapadana. c. pala kasimpar nja eta anoe boeahna ngagaloler dina taneuh, kajaning: bonteng, waloeh djeung noe saroepa kitoe.

d. MELAKAN LALAMPING.

Lalamping biasana sok make lelempeng; nja beunang oge disĕbaran sisikian, tape lamoen rek disĕbaran kitoe mah, eta lalamping teh koedoe njangsaja, sabab koedoe aja koelit taneuh anoe moeroehpoej, kandĕlna doea-tiloe c.M. Dina lalamping anu nĕtĕk ngan beunang dipĕlakan bangsa djarong djeung sapapadana, kitoe ge koedoe ngahadja njieun rorakan. Di Djawa lalamping teh sok dipĕlakan djoekoet rakĕt, eta watĕkna mageuhan taneuh; atawa sok oge dipĕlakan kaso djeung eurih, tapi hade soteh dipĕlakan eurih oepama euweuh pĕpĕlakan anoe deukeut ka dinja. Salian ti koe bangsa kitoe, hade oge dipĕlakan dadap-tjangkring djeung bangsa awi.


e. PIKOEL DIKILOGRAMKEUN DJEUNG SABALIKNA.

Pikoel K.G. K.G. Pikoel
1 61,761 1 0,0161
2 123,522 2 0,032
3 185,283 3 0,048
4 247,045 4 0,064
5 308,806 5 0,080
6 370,567 6 0,097
7 432,328 7 0,113
8 494,090 8 0,129
9 555,851 9 0,145