Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

OEKOERAN LEGANA.

Hectare Bahoe Bahoe Hectare
1 1,409 1 0,709
2 2,818 2 1,419
3 4,227 3 2,128
4 5,636 4 2,838
5 7,045 5 3,548
6 8,454 6 4,257
7 9,864 7 4,967
8 11,273 8 5,677
9 12,682 9 6,386

g. MIARA DJEROEK.

Oerang oelah mĕlak djĕroek sikina, koedoe tjangkokanana atawa seler-djieun (afleggers). Tjarangna mĕlakkeun tjangkokan koedoe 15 kaki. Dina oemoer 4 atawa 5 tahoen, pĕlak djĕroek teh geus mimiti diadjar boeboeah; sanggeus oemoer 15 tahoen, di dinja boeahanana leuleubeutna, pangasilanana dina satangkalna ti 300 nĕpi ka 700 hoeloe. Ari gĕmoek djĕroek anoe pangaloesna, nja eta kapoer djeung potasch.

h. NGABIBIT KOEDA.

(Volkslectuur 258a).

Hal ngabibit koeda koe oerang Soematra katjida pisan digĕdekeunana, babakoena pisan di Padang-Darat djeung di Batak; ari di Poelo Djawa anoe loba noe ngabibit koeda pang-pangna di Priangan; lian ti di dinja, di Kĕdoe, Pasoeroean, Basoeki djeung salian ti eta. Di kapoeloan Soenda-Leutik deuih, lian ti Bali djeung Lombok mah, noe ngagalĕdekeun ngabibit koeda teh. Nja kitoe deui di Sĕlebĕs. Dina ieu almĕnak hĕnteu rek ditjaritakeun hal babadna ngabibit di oenggal nagara, sabab sapĕrkara kapandjangan teuing, kadoea taja pedahna. Ngan anoe pĕrloe ditjaritakeun teh, eta, loba koeda anoe malashoer aloesna, ajeuna geus teu araja, geus leungit; lantaran loba teuing anoe dikaloearkeun ka sedjen tĕmpat, ari piaraan djeung ngabibitna hĕnteu dioeroes bĕnĕr-bĕnĕr. Kaaloesanana koeda Batak djeung koeda Makasar geus roeksak, sabab oenggal tahoen mĕroel bae koeda dikaloearkeun ka oenggal nagara; hĕnteu aja pisan atoeran ngingkeun pamatjĕk djeung bibit