Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

anoe araloes saperloena, soepaja di dinja oelah něpi ka kakoerangan pikeun ngabibit.

Ajeuna oerang daḍarkeun hal kaajaanana ajeuna, nja kitoe deul hal ngabibitna.

Ari atoeran ngabibit koeda anoe ajeuna didjaralankeun, aja doea roepa; kahidji ngabibit koeroengan, kadoea ngabibit aboeran.

Děmi ngabibit tjara atoeran noe kadoea, si bibit djeung pamatjěkna diaboer bae sakarěp-karepna, ngaboeboeban. Ari pamatjěkna aja anoe ngahadja beunang milih, aja anoe henteu. Ngabibit aboeran anoe teu pisan dioeroes, estoe diantěp sakarěpna, tjara sato leuweung, atoeran kitoe, ajeuna beunang diseboetkeun geus teu aja; anoe ajeuna aja keneh teh, ngabibit satengah aboeran, tjara di Poelo Soemba. Di dinja, koeda, tara dipiara tara dikandangkeun, diaboer bae. Dina satahoen sakali eta koeda digiringkeun kana hidji těmpat anoe dipagěr; di dinja dipilih anakna anoe djaloe, anoe leuwih ti kapěrloean maranehanana, ari anoe teu ditjokot mah toeloej dikentjarkeun deui bae. Ngabibit anoe kitoe atoeranana, ngan woengkoel millh anakna bae.

Lamoen heug anakna noe bikang dipilih deuih, sarta anoe koerang aloes keur pibibiteun didjoeal, tangtoe eta atoeran tambah hade. Tah, sakitoe oge hal ngabibit anoe kitoe atoeranana mah geus meudjeuhna, henteu pěrloe ditjaritakeun leuwih pandjang, da teu aja pikiraneunana. Anoe rek didadarkeun leuwih pandjang, nja eta hal ngabibit koeroengan, anoe didjaralankeun di Padang Darat, di Priangan djeung lianna ti eta.

Geura ajeuna oerang njaritakeun hal atoeran ngabibit anoe dilalampahkeun di Priangan. Geus sababaraha taboen lilana aja roepa-roepa koeda dika-Priangankeun keur bibit, kitoe deui loba pisan djaloena keur pamatjěk. Tjampoeranana eta roepa-roepa koeda anoe geus tahoen-tahoen něrěkab di Priangan, nja djadi koeda Priangan. Koeda Priangan, leuwih djangkoeng djeung leuwih gede manan koeda Hindia anoe sedjen. Geus doeapoeloeh tahoen ka toekang lilana, Gouvernement geus ngahadja neundeun pirang koeda Sanděl di hidji bagian Tanah Priangan; ajeuna mimiti di dinja bangoenna koeda, boga bangoen sorangan anoe tětěp. Ngan handjakal koeda paranakan anjar, henteu galede tjara anoe ti heula-heula. Ajeuna karesa plsan koetjiwana eta koeda teh, nja eta koerang gede tea, lantaran beuki lila beuki loba bae anoe nareangan koeda galede, baris koeda-adoe. Sakabeh toekang ngabibit geus hariděng nareangan pamatjěk anoe gěde, sarta Pamarentah ngabantoe pisan kana karep oerang Priangan, mangneangankeun keur pipamatjěkeun. Anoe kapilih poney Australia toelen, sabab koeda Australia teh nja gěde nja bisa ngajakeun sapěrloena; ari koeda Arab mah teu bisa meuli loba, saperloena. Anoe ngabaribit