Ojong-ojong Bangkong (Kakawihan baroedak Soenda)

Ti Wikipabukon
[ 349 ]

Ojong-ojong Bangkong

(Kakawihan baroedak Soenda)

door

R. Haroen Alrasjid.

—————

Boeboeka.

Hal malaratna oerang Soenda koe boekoe-boekoe tjarita baheula, geus kaoeninga koe sarerea. Eta geus teu kĕdah ditjarioskeun deui, ngan kantoen matak handjakalna bae. Ari noe mawi kitoe, sanes koe margi oerang Soenda kirang dongeng atanapi tjarios, nanging koe lĕpatna pribadi, dina djaman-djaman anoe parantos kalangkoeng, karoehoen oerang teu patos leukeun njatĕtkeun dina boekoe saroepi sanes-sanes bangsa. Kaseuseueuranana dongen teh tatalepa bae, ditjarioskeun koe lisan, koe aki ka bapa, koe bapa ka anak, sarĕng satĕrasna. Nanging koe margi padjamanan beuki madjeng beuki bentĕn, toedjoeanana djalma beuki sanes ti kapĕngkĕr, laoen-laoen anoe rĕsĕp ngadongengkeun tjarios baheula oge beuki teu aja; handjakal pisan.

Dina boelan October 1918 koering nampi tjarios ti toean Dr. B. Schrieke, jen dina boelan September 1919 di Solo baris diajakeun kĕmpĕlan agĕng (congres) pikeun moeka tjarios hal basa, tanah sarĕng bangsa-bangsa pitoein oerang Hindia-Nederland. Njariosna kitoe toean Dr. Schrieke teh ka koering bari moendoet tjarita baheula anoe rada aneh, tjarioskeuneun dina eta congres. Tina margi koering sanes ahli ngoelik kana hal kitoe, koering poekeun, soesah koemaha nja njaosan. Tamba woedoe koering njanggakeun katrangan eusina kakawihan baroedak kampoeng, disĕboetna "Ojong-ojong bangkong". Katrangan eta koering dina djaman keur sakola menak di Bandoeng meunang ti Mas Soerengkewoeh alias Hadji Zainal 'Abidin, pĕnsioen Wĕdana Djampangtĕngah afdeeling Soekaboemi, ajeuna geus heubeul moelih ka rahmatoe'llah di kampoeng Tjibabat, distrik Tjimahi afdeeling Bandoeng. Aneh hĕnteuna eta katĕrangan doeka, ngan eta bae kasanggakeun soteh pedah teu atjan aja anoe ngaboekoekeun. Kieu oenina eta kawih:

  1. Ojong-ojong bangkong,
  2. Kong parĕk ka njamboet,
  3. Boetĕn boewah beunjing,
  4. Njingsatkeun tjawene,
  5. Neang noe ngadjoeroe,
  6. Roentag sadjadjagat,
  7. Gatrik toempak moending, [ 350 ]
    1. Dingklang ka landeuhkeun,
    2. Keuna kana boerang,
    3. Rangkek naek djambe,
    4. Beo menta kedjo,
    5. Djohar Walioe'llah,
    6. Laha dina bilik,
    7. Lika beunang ngoeseup,
    8. Seupan Ieuntja ngora,
    9. Ratib ngan doeaan,
    10. Anteur koela moelang,
    11. Langka moending boele,
    12. Ledeh kahoedjanan,
    13. Nandjak mapaj goenoeng,
    14. Noengtoet djadi ratoe,
    15. Toean bĕsar sĕnang,
    16. Nangtang anoe boetoeh,
    17. Toehtah lir Toemĕnggoeng,
    18. Goeng goongna rame,
    19. Menak kawas dalĕm,
    20. Lĕmpa lĕmpi lĕmpong,
    21. Djalan ka Batawi ngĕmplong.

    Saoer Mas Soerengkewoeh eta kawih teh pangdjoeroeng ka anoe tani sing soehoed kana gawe, sing apik ka rĕdjĕki, sing bisa neundeun nĕpi ka koeat djarah ka Mĕkah kalawan sarat noe oetama. Ari maksoedna hidji-hidjina omongan, tjariosna kieu:

    1. Ojong-ojong bangkong. Samangsa-mangsa toeroen hoedjan sabadana katiga, tangtoe loba bangkong disarada, marema koe tjai, tingsolojong karokodjajan saroekan-soekan.
    2. Kong parĕk ka njamboet. Eta ka anoe tani djadi alamat, ngabedjaan tereh njamboet.
    3. Boetĕn boeah beunjing. Dina mangsa eta tangkal-tangkal beunjing baroeahan djeung paroetjoekan, pantĕs baris deungeun sangoe anoe maratjoel, tjoelkeuneun kana sambĕl atawa pais ontjom. (boetĕn hartina leubeut).
    4. Njingsatkeun tjawene. Biasana anoe keur matjoel teh dianteuranana dahareun ka sawah koe anakna noe masih tjawene, da anoe geus lakian mah ngawoelaan salakina atawa dibawa pindah ka sedjen lĕmboer, nja kitoe deui pamadjikanana (indoeng boedak tjawene tea) hĕnteu sĕmpĕteun nganteuran koe maneh sabab oeroes-oeroes di imah, djeung toenggoe bisi aja djoeroedjana. Eta boedak anoe nganteuran bapana tea, koe sabab njorang sawah anjar kahoedjanan sarta beunang malikkeun taneuhna, tangtoe mapajna gelĕngan
    [ 351 ]
    teh bari soengsat-singsat, sieuneun kadjĕblogan sampingna.
    5. Neang noe ngadjoeroe. Indit-inditanana eta boedak disĕboetna deuk "neang noe ngadjoeroe", tapi lain ngadjoeroe mĕdalkeun orok, ieu mah hartina teh "matjoelan djoeroe-djoeroe kotakan, anoe taneuhna teu kabalikkeun koe woeloekoe".
    6. Roentag sadjadjagat. Dina moesim eta, sawah-sawah, koe sabab diwoeloekoe djeung dipatjoel, sakoeriling-boengkingna mere pasĕmon djagat tibalik, djeung
    7. Gatrik toempak moending. teu meunang hĕnteu ngadak-ngadak diroengroengan gatrik, nja eta djalak, noe katĕlah ngaranna kitoe koe sorana (gĕrak-gĕrik). Eta manoek tjeujahna ngan woengkoel dina oesoem njamboet, karĕpna moeroe tjatjing djeung gaang noe kabawa koe taneuh beunang malikkeun tea. Kapeung-kapeungeun eta manoek, sanggeus seubeuh baranghakan, sok eunteup dina tonggong moending paranti ngawoeloekoe, anoe keur njatoean, bari gĕrak-gĕrik ngawawaas ka anoe keur matjoel, ngabedjakeun maneh geus amal mangbasmikeun tjatjing djeung hileud taneuh.
    8. Dingklang ka Iandeuhkeun. Mangke sanggeus roempak djami, eta anoe baroga sawah sok saroekan-soekan, maen rĕboetan di hareupeun saoeng. Ari noe dipake maen rĕboetan tea nja eta tangkal djambe beunang noear djeung meunang mangkas hoeloena djeung daoen-daoenna); eta hoeloe djambe ngaranna dingklang.
    9. Keuna kana djoerang. Euweuh deui pigaweeunana djaba ti keur njaeuran djoerang, da didahar euweuh dahareunana, dipake soeloeh nadjan geus toehoer oge goreng, teu tjara barangbang kalapa.
    10. Rangkek naek djambe. Ari tangkalna djambe teh sanggeus dibĕrĕsihan djeung dileueuran koe gadjih, ditantjĕbkeun di sawah, hareupeun saoeng tea, ti loehoerna digawingan koe ĕntjit atawa kadaharan, toeloej ditaraekan.
    11. Beo menta kedjo. Koe sabab mangsa eta madjoe kana panas, kadjadianana boeboeahan di kĕbon atawa di boeroean, kajaning tjaoe atawa gĕdang bareubeu, matak nakĕr ngabibitaan ka beo atawa tjelemes. Eta geus tara salah deui, dina moesim eta teh loba beo ti leuweung ngaradon njiar kahakanan ka tĕmpat-tĕmpat anoe dareukeut ka djalma. Djeung deui koe sabab eta moesim aja boelanna, djadi beo teh loba anoe ngaradon anakan dina tatangkalan anoe dareukeut ka lĕmboer. Koe oerang kampoeng eta beo sok diteangan
    [ 352 ]
    sajangna, diala anakna, waraheun ngomong, nĕpi ka bisa pok menta kedjo djeung ngoenikeun sedjen-sedjen omongan.
    12. Djohar Walioe'llah. Bedjana pamoentangan tani soepaja salamĕt pĕlak pare, nja eta Nji Sri (Dewi Sri). Baheula tjek karoehoen-karoehoenna anoe marasih keneh njĕkĕl agama Hindoe, eta Nji Sri teh anoe ngajoega kana hiroepna djeung hiroepna pĕpĕlakan. Tapi sabadana Hindoe diganti koe Islam, loba ahli ngadji anoe ngaharamkeun kana pĕrtjaja ka Nji Sri. Ngan bae papada kitoe koe sabab geus maneuh kapĕrtjajaanana djalma kana Nji Sri, toeloej diganti eta ngaran Nji Sri teh koe Djohar, sarta diseboet "Walioe'llah". Djadi ari pĕta tea mah eta Djohar teh euweuh boektina, noe poegoeh mah pameungpeun tjarang bae, tamba dioepat teuing pĕrtjaja keneh ka Nji Sri koe anoe arahli ngadji.
    13. Laha dina bilik. Kira tiloe boelan deui kana waktoe diboeat gawena anoe tarani teh mĕgarkeun laloek dina balong (koelah) atawa dina empang gĕde. Pikeun ngadjaga soepaja ĕndog pĕgarkeuneun oelah dihakanan koe indoegna, eta laoek anoe gĕlĕde teh dina empangna dikoeroengan koe laha (wide). Mangke sabadana diboeat boerajakna (hoeripanana) dipindahkeun ti empang ka sawah, ngarah tereh galĕde. Sanggeus eta boerajak dipindahkeun, laha teh ditjaboet, toeloej digoeloengkeun sarta ditangkodkeun di loear imah atawa leuit.
    14. Lika beunang ngoeseup. Koe sabab mangsana djeung sabadana diboeat dina moesim katiga, waloengan-waloengan arorot, sarta loba djalma tingkalĕtjĕprĕk ngarala laoek di eta waloengan-waloengan, noe diparak noe digoebjag, noe koe heurap noe koe oeseup. Ari anoe matak lika pangkatotolna djadi tjarita, sabab eta laloek panggĕdena djeung osokna beunang teh ngan dina mangsa halodo bae, malah ari aja anoe beunang teh samemeh dipoerak sok dipake heula kagindingan, ditongtonkeun ka batoer-batoer salĕmboer.
    15. Seupan leuntja ngorana. Tina apikna toekang tani kana doeit, sabisa-bisa memeh pajoe anak laoek djeung pare mah, dalahama njaroekoepkeun maneh koe laoek beunang ngala ti waloengan tea bae, katoet roepa-roepa lalab. Ari leuntja noe matak di dieu katotol djadi tjarita, sabab sabadana diboeat eta anoe pangtjeujahna djeung pangmoerahna.
    [ 353 ]
    16. Ratib ngan doeaan. Loembrahna toekang tani anoe beragama, tina boengahna koe sabab sabada diboeat tea pinoeh leuit pinoeh goah, gawena di imahna teh moedji ka Allah Ta'ala, nganoehoenkeun kana piwĕlasna. Ari loemampahna kitoe babakoena padoedoeaan bae djeung pamadjikan, da eta kantja anoe pangdeukeutna, toer batoer satarekat, moen Qadariah saroea pada Qadariah, moen Naqsibandiah saroea pada Naqsibandiah.
    17. Anteur koela moelang Tina silihasihna salaki djeung pamadjikan, toeroeg-toeroeg satarekat, gawena moenggoeh anoe ibadah teh silihpoentangan koe adjian, silihbatoeran dina sadjĕroning madjoe kana pangbalikan, tĕgĕsna ka acherat.
    18. Langka moending boele. Sangkan tepoeng deui di acherat, tjek anoe satarekat teh, oerang ajeuna sabot di doenja koedoe saroea bĕrĕsihna, sing makplak bodas kawas moending boele teu kasĕlapan sedjen-sedjen poelas. Tapi eta djalma noe kitoe teh langka, hese disiarna anoe sirna tina ma'siat,
    19. Ledeh kahoedjanan. ledeh deui kantjeuh deui, teu kaoer deuk beak dosa balas kahoedjanan gogoda.
    20. Nandjak mapaj goenoeng Kaheseanana ngadjaga diri, soepaja oelah ma'siat, koe kolot baheula dioepamakeun kana mapaj goenoeng ngalenghoj bari ngarahoeh, tĕgĕsna koedoe mĕngkĕk hawa napsoe djeung mitoemanan sabar, sarta daek ngaririhan maneh kana amal hade.
    21. Noengtoet djadi ratoe. Sangkan oelah mangpaoeng atawa katembrong koe pangaboetoeh, ibadah teh koedoe aja saratna. Tina kitoena djalma teh koedoe leukeun, sing bisa noengtoetan ngaratoe dewek, nĕpi ka boga bahan djeung panakawan noe baris djadi tatalang raga.
    22. Toean bĕsar sĕnang. Tangtoe katjida djalma teh samangsa-mangsa geus gĕde bahan hajangeun njĕnangkeun diri.
    23. Nangtang anoe boetoeh. Tina geus tjoekoep dahareun djeung hade pake, ngeunah njandang ngeunah njanding, moenggoeh bangsa moeslimin, toeloejna rĕsĕp djadjakat ka anoe masakat, toetoeloeng ka noe baroetoeh. Itikadna kieu: "Oelah poho kana kĕrsaning Allah; pangngajakeun menak keur noeloengan somah, pangngajakeun noe beunghar keur noeloengan noe mariskin. Sagala kagĕnahan moal langgĕng, lamoen dipake angkoeh djeung hawĕk.
    24. Toehtah lir Toemĕnggoeng. Ni'matna noe beunghar, djaba ti boga kasoekaan noe loembrah, nja eta toehtah, barangbere ka batoer anĕgeng kawas Toemĕnggoeng.
    [ 354 ]
    25. Goeng goongna rame. Loembrahna oerang Soenda nandakeun soeka liwat saking, nja eta raramean, nabeuh renteng reudjeung dĕgoeng, njirikeun sagala geus boga, sagala geus tjoekoep, malah geus bisa mere ka deungeun-deungeun.
    26. Menak kawas Dalĕm. Pendekna pisan ngeunahna teh lir anoe djadi Dalĕm dirioeng dipoendjoeng-poendjoeng, da geus bisa noeloeng. Ari noe matak eta kangeunahan disaroeakeun djeung kangeunahan noe djadi Dalĕm, sabab di Pasoendan pangkat Dalĕm teh pangloehoerna.
    27. Lĕmpa-lĕmpi lĕmpong Lantaran boga kangeunahan sakitoe, tangtoe katjida ati teh ngĕmplong, teu kaweur koe pangaboetoeh, tinggal loenggoeh djeung timpoehna, sing aloes kadjeueungna koe batoer.
    28. Djalan ka Batawi ngĕmplong. Panoengtoengan karĕp bangsa Islam, boh noe tani boh noe dagang, samangsa-mangsa geus sagala boga, komo moen geus koeat barangbere ka batoer, teu aja deui ngan moenggah hadji. Ari noe matak Batawi anoe katotol, sabab baheula, samemeh Tjirĕbon djeung Indramajoe didjieun palaboean, sakabeh oerang Pasoendan noe ti mana ti mana oge, ari deuk maroenggah hadji teh djalanna ka Batawi.


    —————