Lompat ke isi

Wawacan Pandita Sawang

Ti Wikipabukon
[ Jilid ]

Pandita Sawang

[ i ]

Bismillahirrahmaanirrahiim

// pupuh asmaran //

Iyeu simkuring ngagurit, nyiyeun tembang pangangguran, tamba saré soré-soré, ngabubungah pipikiran, suganna leungit kasusah, ngalilipur, hawa napsu, megatan hawa di dunya // malah mandar sugan éling, ka badan urang sorangan, tamba poék teuing haté,milihan carita layang, sugan aya nu keresa, jeung sugan leungit kabingung, sabot eukeur tetembangan // ari anu jadi kawit, aya sahiji pandita, ari jenenganana téh, pandita sawang nu kocap, di atas angin lemburna, putrana pameget mulus, jenenganana ki mur'at // putra kalangkung diasih, kawantu ngan hiji pisan, harita éta putra téh, pék disaur ku (ramana), ka diyeu manéh ki mur'at, ama téh badé ngawuruk, dawuh ngeling2 nu mangpa'at// ama ka ujang weweling, ku bawaning tina nyaah, ama teu boga keur méré, sipat dunya emas pérak, sumawonna _ _, kuda munding sapi lembu, buwat ngawaris ka ujang // [ 1 ]

1

pan iyeu nu jadi misil, pawaris ama ka ujang, dangukeun masing kahartos, tungkus dina jero manah, sakabéh piwulang ama, anu mimiti dicatur, waktu deuk gelar ka dunya // mimiti manéh rék jadi, mijilna gara2 ama, éta kiyeu nu karaos, tina buwah kalbu ama, karana éta jadina, ama téh niyat ka ibu, pikir ama hayang jima // pikir kajadiyan esir, esir téh teu matak aya, sanganu jadi deui bolon, lamun teu jeung nu keresa, mowal enya tulus aya, teu jadi ti ama wungkul, ama mah didamel bagal // mener caritaan sindir, disebut dina aksara, aksara alif eujeung bé, alif enya pangheulana, tapi hanteu kajadiyan, ari bé buktina semu, tah nu témbong pangheulana // semu tangtuna ngajadi, lamun geus témbong kaluar, kumpul ti raray ama téh, budi anu alus téya, kitu ujang rék jadi téh, geus kitu semu téh kumpul, campur di ma'rifat ama // tina tarang lungsur deui, eunteup ka pangambung ama, ti dinya terus _ _ _ro, eunteup kana napas ama, ti dinya éta terusna, kana ratug karubasap, di dinya mah pacampuran, ti dinya mah candak bibit, bibit [ 2 ]

2

nu amprok dina antara/ ti dinya téh terus turun/ kana urat beuheung ama/
ngan sakilat turun deui/ jalana gé pacantélan/ kana ati jajantung
téh/ kana sula kana bayah/ terus kana peujit ama/ dina dasar peujit campur/
éta di mamaras ama// ti dinya mah tangtu jadi/ sabab jeung nu pada melak/
mowal jadi deui bolon/ ku sabab jeung nu melakna/ jeung nu tepung di antara/
geus kitu meta kang ibu/ badé nurunkeun andika// ti dinya téh nyandak
deui/ cai mani keur imahna/ keur baris badan manéh téh/ kumpul dina
cangkéng ama/ tatapi éta nyabeulah/ sok aya dua hamperu/ aya kénca
katuhuna// lamun arék jadi istri/ kana hamperu nu kénca/ kumpul
na cai mani téh/ upama rék jadi lanang/ ka nu katuhu kumpulna/
nurutkeun waktuna tepung/ keur nétés dina antara//
sabab dina alam kabir/ aya peuting reujeung beurang/ mana anu heula
baé/ nétésna peuting jeung beurang/ sabab ama duwa rupa/
ku ama deui nya kitu/ ma'rifat téh aya duwa// lamun rék jadi
istri/ peuting heula nu nétésna/ semu gé nya kitu ké ...
... / kumpul kana panon kénca/ ka nu katuhu ... [ 3 ]

3

nétésna éta nya kitu, éta mah bagiyan beurang// reujeung éta
aya deui, ujang nu teu boga anak, boh lalaki boh awé2, nu teu pi-
san boga anak, éta téh salah nétésna, anu dingaran gabug,
pahili éta nétésna, ujang dina alam kabir, sabab ayaan piwuwa, aya paran
nip wagah, reujeung anip manis téya, ujang éta sing kamanah, reujeung aya tilu
puluh, tigang puluh paké tanggal// ari keur bagiyan peuting, bulan anu
jejeg téya, nyaéta alip jeung wagah, ari bulan anu kurang, alip manis
anu boga, tah ti dinya anu gabug, nyalahan éta nétésna//
jalmana gé sok kaciri, ramé ka kami sitir tapi lanang, ramo kaka lanang tapi
wadon, ku sabab éta tadina, aya tilu puluh tanggal, tah ujang asal ta
kitu, éta nu teu boga anak, reujeung anu embar deui, éta ujang sok aya,
duwa kali nétésna téh, tah ujang kitu asalna, ku ujang masing ka
manah, agus marat tungkul ngeluk, ngémutkeun piwejang rama//umum
na nya kitu deui, jalma téh hanteu saruwa, aya anu paéh oro, aya
nu keur bisa bisa leumpang, aya nu keur begér pisan, aia nu keur tengah tuwuh, [ 4 ]

4

aya nu geus kolot pisan // éta agus waktu tadi, basa eukeur né
tés téya, dawuh lima keuna kabéh, aya nétés eukeur biyar, pecat sa
wed ogé aya, tengah powé dawuh duhur, asar maghrib sok nétés
// nu matak éta teu sami, umur jalma teu saruwa, ku manéh masing kahar
tos, kumaha éta tadina, waktuna keur patépangan, keur amperok na (masing)
dina suwung, kabir jeung sagir ngadegna // carita ditunda deui, panjang
teuing dongéng ama, nuluykeun nu tadi baé, basa ujang gelar téya,
cimani turun ti ama, dina beuteung ibu kumpul, ti ibu gé katambahan //
ti dinya ibu kaciri, geus ngandeg hanteu palangan, éta tangtu jadi baé
ti dinya téh terus nyiram, lilana perkara nyiram, opat puluh powé
tangtu, ku nu anpm sing kamanah ///// pupuh sinom /////
éta ibu sok teu nangan, caha(ya)na alum leuwih, nu matak leungit cahaya
(gatsih) cimani turun deui, linggih ka antara deui, ngadamel keur waktu
agus, mimilikan nya ti dinya, jeung ditingalikeun deui, kana cahaya,
( _ _ _ _ ) nur muhammad // tatapina nur muhammad, ujang éta nu ngabuk(ti) [ 5 ]

5

ku sabab enggeus ragragan, geus ngajadi bumi langit, rawuh jeung eusina deui,
kabéh nu jadi téh enur, bumi alam jeung eusina, sumawona beurang
peuting sadayana nur muhmammad nu gumelar // nu matak keur waktu ujang, tinggal
dina dawuh mishi, di mana baé ninggangna, éta tangtu jadi milik,
teu meunang dipilih deui, di mana ninggangna dawuh, éta teu meunang dirobah,
hadé goréng anggeus milik, ti dinya mah asup deui tunggang napas //
geus di jero deui lenggah, nyaéta dina cimani, di dinya ibu katara, adat
teu kawas sasari, jeung rupana piyas leuwih, éta keur di dinya agus,
cimani eukeur mirupa, rupana bodas beresih, jeung katambah ibu téh,
leuleus teu nangan // sababna matak teu nangan, tambah rupana cimani,
tambah konéng alus pisan, geus kaciri dina budi, adat goréng
liwat saking, ka ama gawéna napsu, sabab powé ngan amarah,
éta tangtu tambah deui, cimani téh katabah deui rupana // jeung ibu
loba kahayang, naon anu katingali, sok hayang baé Ngada (?) [ 6 ]

6

éta jadi ciri wanci, cimani ditambah rupi, tambahna hideung nu alus,
tah kitu anu rék nyiram, éta ujang masing sidik, tacan puguh bakuna
mangrupa urang// éta agus sing kamanah, cahaya nu bodas kuning,
nu hideung nu beureum téya, nu bodas mah keur ningali, eukeur ngangseu anu kuning,
nu beureum baris pangrungu, nu hideung buwat pangucap, opat cahaya ngajadi,
éta kit mimiti rék jadi jalma // ari éta keur paningal, ngarana sipat
maani, alamna mah alam arfah, ari pangangseuna deui, sipat manawi
yah pasti, alam ajsam éta agus, ari eueur pangrungu mah, sipat
salbiyah geus pasti, alam insan éta anu kasebutna// ari keur pa
ngucap téya, napsiyah sipatna deui, insan kamil téh alamna
ku agus masing kaharti, jeung alam téh aya deui, nyaéta alam
gu tilu, saméméh alam nu opat, nu tilu heula nu jadi,
ahadiyah alam wahdat wahidiyah// ari alam ahadiyah, éta ujang
(_ _ _) harti, waktu ngadeg di antara, caang jeung caang ngahiji [ 7 ]

7

kitu ujang masing sidik, kana alam wahdat terus, ngumpul dina uteuk ama,
alam éta geus ngahiji, para sukma jeung pikir buwat andika// éta ti dinya terus
na, kana cangkéng kumpul deui, ngaram alam wahidiyah, raos ama
kumpul deui, ti dinya dicandak deui, eukeur baris para rusul, para roh
éta jadina, kasebut istigna deui, alam wahdat éta kasebut,
iftikar// tah ujang masing karasa, rancét dina jero diri, sing nyaho
kumpul pisahna// éta nu duwa perkawis, jeung nu opat sipat deui,
masingna jadi pacampur, ka nu sipat duwa téya, iftikar istifna deui,
enya éta alam wahdat wahidiyah// ari éta anu opat, éta pada boga
deui, boga téh nya kurungna, dina wujud hiji-hiji, éta agus kudu
bukti sipat anu duwa puluh, bagikeun ka nu opat, nyaéta kulit
jeung daging, masing bener méréskeun badan sorangan// éta urang
tunda heula, nuluykeun deui nu tadi, cimani geus opat rupa, hideung beureum
bodas kuning, ti dinya téh ngadeg deui, jadi ngadeg sipat wujud, (_ _ _) [ 8 ]

8

arék mangrupa, anya tangtuna ngajadi, enya éta anu ngaran wujud qidam//
ari qidam anu anyar, anu heubeul éta qadim, nu jeneng dina antara, qidam
mah jeung cai mani, jadina gé sok katawis, dina padaharan ibu, ari
ngadamelna éta, enya éta anu qadim, eujeung kiyeu mimiti rék ngadamelna (_)
dalilna mah teu dikarang, sabab hésé nyiyeun dangding, wujud qidam baqo, muhalafatuna, waqiyamubinafsihi, éta mah hanteu didangding, hé
sé nyurupkeun jeung lagu, dikarang baé sundana, nu duwa puluh perkawis
éta kiyeu mimiti rék jadi mangrupa// martabat soca tiheula, waktu mimiti
rék jadi, hiji bubuneran heula, dua bobodasna deui, katiluna kana
kuning, opat beubeureumna tangtu, lima reujeung hihideungna, tah kitu ujang
sing harti, nu bogana sipat mamang(?) téya// alamna mah éta
arwah rupana enggeus ngajadi, enggeus mangrupa sirahna, buleud galatak
gulitik, nya ti dinya ngalih deui, kana pacantélan agus, hiji jadi
ati jalma, duwa jajantungna deui, tilu bayah opat sula peujit lima (_)
(_) pangpangna wiyah nu boga, alam ajsam nu ngajadi, rupana deui ditambah
baroda [ 9 ]

9

semet dubur geus ngahiji, sirah geus ditumbu deui, ti nya rék ngajadi agus,
ti dinya ngalih alamna, sipatna nya kitu deui, éta ujang nu ngaran sipat saliyar//
ari bobogaanana, hamperu nomer kahiji, duwa sungsum tilu tulang, kaopatna reujeung
getih, kalimana éta daging, rupana enggeus ditumbu, semet tuur kana sirah, ti di
téh ngalih deui, insan kamil sipatna sipat nafsiyah// éta bobogaanana,
enya lamad nomer hiji, kaduwana éta urat, katiluna reujeung kulit, [awakaku], opat
(_) kur bulu d(eu)i, kalimana enggeus wujud, rupa manéh geus sadiya, aya suku leungeun
deui, lilana gé enggeus jejeg opat bulan// tapi tacan bisa obah,
sumawonna usik malik, barang geus kalima bulan, ditétés rasa sajati, nu né
tésna anu tadi, anu di antara enur, saenggeusna ditétésan, badan ujang
(ki)tu waktuna rék jadi, mimitina sing kapapay, ku manéh kudu kaharti
jero ati, jeung sipat nu duwa puluh, bagikeun ka nu opat, nu
opat nya kitu deui, dibagikeun éta masing jadi duwa// ari instri nu rék
babar, lamun geus tepi ka jang, medal tinawewetengan, éta hanteu
géséh deui, nurutkeun asalna tadi, tara pisan géséh (jauh), [ 10 ]

10

dawuh jeung nu tadi téya, waktu rék mimiti jadi, hanteu medal lamun hanteu dawu
éta// barang geus gubrag kaluwar, orok sok nyawara tarik, éta dina
sawarana, barang jeung kaluwarna angin, di dinya aya nu bijil, tunggang napas li(r)
kasuwung, linggihna dina antara, di nu capang geus maranti, ayana gé buni

aya di nu nemrak// sok pulang anting damelna, ka jero ka luar deui, tacan

enggeus ngadamelna, nu matak sok pulang anting, tétésan rasa sajati,
lamun tacan hideng agus, teu weléh maparin rahmat, tah kitu ujang sing harti,
enggeusna lima welas tahun umurna// ti dinya aya cirina, ujang ogé
meureun ngimpi, tangru pisan ngimpi jima, senggeusna aya ciri, ti dinya
mah ngalih deui, dina antarana agus, sanggeus aya di luwar, di dinya né
tésan deui, karana deuk begér aya cahaya// ujang bener ceuk sindirna,
dina suluk gandasari, cikal téh jadi bungsuna, pangheulana nu ngaja(di)
nu enggeus jadi pandeuri, tah tuturkeun éta enung, nu murba ka sadayana, nu
ngayakeun bumi langit, jeung eusina ayana tangtu ku éta// tapi saméméh (ka)
dinya, sasar heula jero diri, éta téh aya layanna, jeung nu murba
(_ _ ) diri, sajagat badan pirbadi, ulah waka sina langkung, éta [ 11 ]

11

nu di antara, murba ka bumi jeung langit, jeung eusina kabéh, purba ku éta (_ _ )
papay geula nu di urang, nu murba di jagat dhoif, nya éta di badan urang, sabab
nu luwar geus wakil, wakil ka nu murba diri, seug éta téh masing campur,
anu jero anu luwar, éta masingna ngahiji, Allah asal jeung ajali, sing jadi tunggal
// ceuk suluk mah éta ujang, paké sisindiran kawin, nu ngawinkeun téh
nu luwar, nu di jero jadi wali, kasebut saratna deui, lawang opat éta agus,
(é)ta mah anu nyaksiyan, ari éta anu kawin, enya éta rupa anu anyar téya//
nikahkeunana téh ujang, éta kiyeu sing kaharti, nu luwar miheulaan, eunteup ka
nu jadi istri, ari éta ngaran wali, ngawaliyan kieu agus, si ujang téh mowal beunang,
ku ama dicarék kawin, ka awéwé nu baris teu du'a ama// sabab geus ka
piheulaan, ku wali di jero diri, geus dilapah ka ku luwar, lawang opat enggeus
nyaksi, wujud geus jadi kawin, nyaéta rupana agus, mowal beunang dihiliyan,
sanajan kupa nu geulis, ku sababna kasukaan nu keresa// lapadna hanteu
dikarang, sahadat téh kudu pikir, éta bagiyan nu tembang, dihaja supaya
mikir, ingkeun sina ngasah ati, sugan eureun rada bingung, bilih capéyeun
nembangna, eureun sina bari mikir, ngan ku ujang éta mah ku/du[ kapaham// [ 12 ]

12


ama ka agus wewekas, bisi manéh jadi amil, kudu asak pariksaan ka istri nu taya
wali, upama anu rék kawin, bisi matak bahla agus, bilih aya nu keresa, ngadamelna éta
masih, ulah pisan miheulaan nu keresa // pariksa nu sabenerna, bisina teu acan
ngimpi, lamun acan ngimpi jima, tangtu didamelna masih, ulah heula wani wali,
nu nikahkeun gé nya kitu, ulah waka ngalafadhan, éta jadina pamali, miheulaan kana
lafadh nu keresa// ari nu aya bapana, éta mah hanteu pamali, sabab tunggal ngada
melna, nu keresa hanteu jadi, mun teu jeung bapana bukti, indungna deui nya kitu,
mun tangtu nu kawasa, tangtu mo bisa jadi, ku bapana hadé sabab pada tunggal//
// pupuh dangdanggula/// sang pandita ka putra ngalahir, kitu ujang mimiti
na, ku ama geus kacarios, waktu ujang téh deuk hirup, tungkus dina jero ati,
ulah pisan lalawora, ampihan ku agus, ama sakitu kabisa, jeung kanyaah ta(pina)
euweuh keur ngawaris, ku barang emas pérak// ujang marama matur bari takdim, ka ramana
sang pandita sawang, réwu nuhun sim abdi téh, ku abdi enggeus kamaphum, diéstukeun siyang wengi,
mowal pisan lalawora, tegesna sumujud, ba (_)
diwaris barang, ku ama mowal sabaraha lami, sawarga cumah di dunya,
mugi ama ulah benru galih, jisim deuk aya unjukan, kumaha anu deuk maot,
abdi paparin pitutur, éta téh teu acan harti, petana anu rék hila(ng) [ 13 ]

13

nyuhunkeun piwuruk, sang pandita gancang jawab, sukur pisan ulah kapalang nya ngaji,
sing béyak panemu ama// éta kiyeu anu rék mati, mimitina raos kumpul, ( _ _ )
tina bulu kumpul kabéh, terus kana kulit nyurup, tina kulit nyurup deui, nyurupna
kana (ati) kana lamad terus, ti dinya éta nyurupna, kana daging kana getih nyurup deui,
kana tulang jeung sungsum, tina sungsum éta ngumpul deui, kana hamperu di dinya
kumpulan, dina dasar bujal kabéh, saenggeus di dinya campur, sumping éta
hiji deui, nu aya dina antara, kana soca nyurup kana buner panon téya, ti di
nya téh terus baé nyurup deui, kana bobodasna soca// ti dinya téh terus,
nyurup deui, kana kuping tina kuping kana beureumna, kana hihideuingna panon, ti dinya mah
terus nyurup, kana uteuk seug ngahiji, ti dinya terus ka handap, kana urat beuheung terusna
ti dinya aya cirina, urat beuheung semu ngeunteung bébér tarik, aya keur méréyan jalan
// ti dinya mah geus satengah leungit, ingetan téh ranawa nundutan, jeung semu
tisalik panon, ti dinya mah aya terusna, sakabéh ka jero diri, di dinya mah
patepungan, di nu bujal kumpul, ngahiji eroh jeung sukma, tatapina éta
hanteu lami, ti dinya mah terus angkat// ngan sakilat angkatna teu katawis
éta ujang geus teu jadi napas, eureun di lebah tikoro, di dinya agus sing map
hum, ingetkeun carita sindir, tamaga dicampur omas, lebah dinya leburna [ 14 ]

14

geus jadi rupa satunggal, éta ujang rupana téh masing sidik, ulah tinggal
rupa anyar// ti dinya mah ngabarabay bijil, jeung ngawahan ka kurnganana, rupa manéh
éta séjén, kabungkus ku nu alus, kawas pisan cengkir gading, bener ceuk
carita layang, gu gandasari disebut, bangkong ngaheumheum liyangna, baribasa sa
rangka asup ka keris, éta téh kitu petana, disebutna kubur nu sajati/ ka
namas ujang enya éta, ku ama anu kahartos, ti dinya terus kakubur, kana ku
bur alam kabir, nya éstu tanah jagat, saenggeusna asup, di dinya éta diruwag
nu ngaruwag enya éta bumi suci, anu ngawadahan urang// éta kiyeu ujang sing kaharti,
ngaruwagna di pakuburan, jalana téh hanteu géséh, kumaha waktu kapungkur, kana ja_
rék ngajadi, terus alam2na, hanteu salah ngurus, supaya jadi tibalikna, ngurusna
téh tina alam insan qamil, tepi ka alam ahadiyah// seug diruwag alam _
insan qamil, ngaruwagna éta kiyeu ujang, hanteu sina busrat basrét, bada_
hanteu jadi lebur, ngan supaya jadi leutik, reujeung jadi pondok pisan, leungit _
tuur, tah ujang leungit saalam, éta kitu ku ujang masing kaharti, insan qamil
geus teu aya // ti dinya mah ngalih alam deui, alam insan kiyeu diruwagna kurungna
téh beuki pondok sarta beui lembut, ampir kawas orok deui, ti dinya ma(h)
ngalih alam, kana alam ajsam terus, di dinya mah ampir béyak, beuki pon(dok) [ 15 ]

15

dok buleud galatak gulitik, kawasna mah tinggal sirah // ti dinya mah ka alam arwah
ngalih, diruwagna éta alam arwah, leungit sirah sirna kabéh, enggeus hanteu aya wujud,
kantun alam wahidiyah deui, di dinya gentos rupa, cahaya pabaliyut, ét alamun
katénjo mah kawas pisan katumiri eukeur jadi, dina alam wahidiyah / / ti dinya
mah alam éta leungit, gentos deui kana alam wahdat, di dinya rupana séjén,
tinggal cahaya duwa wungkul, rupa bodas reujeung kuning, éta kitu alam wahdat,
rupana téh alus, ti dinya mah gentos alam, éta kari alam hiji deui, alam ahadi
yah téya // di dinya mah taya bodas kuning, geus pagaleuyeut geus jadi tunggal, geus taya
antara baé, tegesna anggeus ngawungkul, caang teu kalawan bukti, hibar teu aya
bukurna, tah agus sing ma'lum, kitu patékadan ama, ku ujang téh ku dilampah
keun deui, pék tuturkeun tékad ama // geus kitumah teu aya pamilih, kuma dinya teu
nganangkutan, kumaha kersana baé, mun tetep di jero kubur, meureun karamah nu
jadi, mun lahir deui ka dunnya, meureun jadi nyurup, nétés deui ka nu aya, jadi
deui gumelar ka alam lahir, ngaran jadi mujijat // aya ogé ama pamilih, patékadan
(la)mun aidinan, tina kubur ngalihna téh, hayang pindah ka nu jauh, ka tengah
na alam kabir, ka ditu ka tanah mekah, ka batur sing campur, sababna asal ti dinya,
ngagelarkeun saayana bumi langit, sarawuh reujeung eusina // mun dipareng bisa
jadi haji, ka(ca)turna di nagara mekah, jadi maunat éta téh, malah ceuk. [ 16 ]

16

béja ti batur, anu enggeus jadi haji, sok aya anu nyar(i)ta, di jero masjid agung,
ari diseungeutan damar, matak surem caangna jadi kaandip, éta agus sing kamanah,
ulah pisan kapalang nya ngaji, seug téyangan anu sajatina téya, masign kapanggih éta
téh, najan nu paéh di ditu, lamun hanteu bisa milih, ti mekah pindah ka urang,
ti urang ka ditu, najan urang mekah pisan, tantu nyingkah ka diyeu pindah ka si2, (la)
mun samar néyangannana //// pupuh asmaran /// piwulang ditunda deui, kabujeng
ku aya sémah, sumping pandita nu kahot, jenenengan waruga 'alam, lembur
na di 'alam jagat, éta pandita kamashur, milih kana patéqadan // kaanginkeu(n)
ka atas angin geus sumping, lajeng baé sasalaman, eujeung pandita sawang téh, geus
kitu pandita sawang, ngormatna kacida pisan, gerwana pahibut nyuguh, ngorma(t)
ka waruga 'alam // barang tuwang sangu kopi, tatamu jeung pamajikan, pandita sawang
tumaros, ka pandita waruga 'alam, ajengan mulih ti mana, waruga 'alam ngawangsul,
simkuring téh seja pisan // ngadeuheusan ka kiyai, aya anu dimupakat, simkuri(ng)
seja tumaros, tapi ulah bendu manah, bisi kuring salah téqad, rék naros
keun jero kubur, nu nyiksa téh éta saha // pandita sawang ngalahir, kiyeu (ku)
ring paptéqadan, teu hayang kapanggih baé, di jero kubur disiksa, panu
hun téh hayang ulah, da kuring mah enggeus wawuh, jeung bumi jeung malaikat //
waruga 'alam ngalahir, na kumaha pang wawuhna, nyobat jeung bumi langit téh, [ 17 ]

17

di mana waqtu patepang, kuring ku hayang uninga, maqsud pisan hayang tepung, ngomongna
éta kumaha // sawang ngawalonan deui, dina ati waqtu tepang, kiyeu kuring ngomongna
téh, bumi téh diangken sanak, teges diangken sabakal, ngan bédana dina wujud,
kuring jeung sagir saasal // jeung sadaya nu kumelip, nu aya di bumi alam, éta
gé saruwa kénéh, ngan béda 2 sipatna, éta gé diangken sanak, tah itiqad
kuring kitu, jalma mah diangken bangsa // ari iyeu bumi langit, sarawuh beurang peutingna,
jeung nu kuring hanteu géséh, nyawana gé pada duwa, ngan kacék buni jeung nemrak, ari nu
kuring mah nyumput, teu témbong éta kaluwar // ari rupana mah sami, teu béda konéng
bodasna, gaibna nya kitu kénéh, sarupa pada kawasa, pada tara kanyahowan, sarupa
bijilna kitu, hanteu aya anu terang, ngan itu mah alam kabir, nyaangan ka sabuwana, nu
kuring nya kitu kénéh, nyaangan sajagat badan, mun teu caang meureun buta, tatapina
ana tepung, nepangan dina antara // kitu patéqadan kuring, lamun rempang jeung anjeuna,
(k)u sabab sarupa baé, nu caang jeung anu caang, tatapi éta di dinya, geus tangtu aya nu
nyumput, di dinya mah kuma dinya // jeung caang teu bisa jadi, mun teu aya kolowongan,
teu hurip éta caang téh, bisa sotéh jadi caang, ennya éta ku suwungna, caang
dijiyeun ku suwung, suwung dijiyeun ku caang, upamana sato cai, lamun teu
aya caina, tangtu lauk carem kabéh, ku sabab taya nu murba, ennya éta [ 18 ]
18

ku cai / dina butuh lauk / dinyawaan hanteu bisa / kuring gé nya kitu
deui / enggeus pepek dinyawaan / dina jero badan kabéh / tapi kuring hanteu bisa
ngaluarkeun éta napas / lamun hanteu aya suwung / ngadangu ningal teu bisa / waruga alam
[ 19 ] [ 20 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/23 [ 21 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/24 [ 22 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/25 [ 23 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/26 [ 24 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/27 [ 25 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/28 [ 26 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/29 [ 27 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/30 [ 28 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/31 [ 29 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/32 [ 30 ]Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/33 [ 31 ]

دُوَنَناَاَيْتاَكُدُوْدِلَكَونَنْ/ اَرِلَكَوْناَسَرَيْعَة