Hikajat Asmara Sri Angga

Ti Wikipabukon
[ 563 ]

H I K A J A T

NGANGGO DANGDING BASA SOENDA BANTĔN PARAHIJANG, TJARIOS KAÄJAÄN DI KABOEPATEN LĔBAK SARĔNG SERANG, DIDJĔNĔNGKEUN

ASMARA SRI ANGGA.

__________

I.

1. Dangdanggoela anoe djadi kawit, njarioskeun tĕmpat oesoel-asal, damĕlan kandjĕng boepatos, noe djadi toenggoel pajoeng, pangaoeban sadaja abdi, ngĕrehing kota Serang, asmana noe mashoer, awit njĕpĕng padamĕlan, doegi kana ginandjar titel dipati, Raden Soetadiningrat.

2. Djisimabdi geus nampa pilahir, kadawoehan ngarang ijeu tĕmbang, nanging estoe maksa bae, lain koe sĕbab timoe, njarioskeun djeung mawi dangding, ari anoe ditilad basana malajoe, simabdi noe kĕdah njĕrat, ngaran nĕlah poen Hadji Moehamad Bakri, basa eukeur di Mekkah.

3. Titi mangsa keur dikarang dangding, tanggal lima Desember sasihna, poekoel tiloe dintĕn isnen, nja mangsa ijen tahoen, noe katĕlah tahoen masihi, hidjrah djĕng nabi Isa, sewoe dalapan ratoes, djeung salapan poeloeh doewa, doepi babad noe bade dikarang dangding, ijeu kawitannana.

4. Anoe mĕdal tina hate bersih, panĕnĕda ka sakoer noe matja, djeung ka noe ngadangoe bae, tjarita noe kasĕboet, sadajana samoegi-moegi, teu djadi doeka manah, koe margi geus tangtoe, saha2 oge mowal, panggih anoe kĕrsaeun ditjĕla diri, djeung njĕla ka andjeunna.

5. Tina eta koela aja pikir, keur moedjikeun tĕmpat oesoel[ 564 ] asal, rama ibu keur bareto, sarta kula nya kitu, usul-asal ka dunia lahir,galibing paribasa, jalma jalma urang gunung, ĕnya eta kiyeu pokna, usul-asal ngalahir bali ngajadi, nya di apdeling Lĕbak.

6. District Sajra nalika keur leutik, kula ngiring lampah ibu rama, pindah ka liyan afdeling, di dinya bĕbĕl matuh, ĕnya eta dayeuh Caringin, jĕng rama pilĕnggahna, Patih laju tuluy, pindah ka dayeuh Pandeglang, nyandak pangkat pilĕnggah jĕnĕng bupati, ari kula harita.

7. Kira umur dua wĕlas riris, malah bĕngga nyĕkĕl pagaweyan, hanteu pisan-pisan poho, ka lahiran karuhun, masih oge tiyasa nilik, ka tilas ka lahiran, jeung pĕrsanak tĕpung, ingĕt basa keur mangsana, tahun opat puluh lima hĕngga nĕpi, ka opat puluh salapan.

8. Kota Lĕbak kala eta ngalih, ngababakan damĕl kota anjar, ti Lĕbak ngaralih kabeh, ka dajeuh. Waroeng-goenoeng, sadajana para prijai, kantĕnan toewan2, mangsa eta langkoeng, loetjoe djeung leuweung2na, katendjona masih araloes teh teuing, tidinja deui pindah.

9. Damĕl kota ngababakan deui, dajeuh eta harita ditilar, dawoehan kandjĕng Goepĕrmen, ngalih ka Rangkasbitoeng, pirang2 tahoen teu nilik, ka tĕmpat kalahiran, marga rea oedoer, tina tambah2 pangkat, beuki tambah tanggoengan noe djadi wadjib, didjalankeun koe koela.

10. Dina mangsa keur tahoen masihi, toedjoeh poeloeh gĕnĕp pangkat koela, djĕnĕng boepati afdeleng, Pandeglang hidji waktoe, kenging titah djalan ngoemisi, tanah noe sĕboet erfpach, di sahidji goenoeng, di ngaranan Goenoeng Poentang, district Sadjra noe didinja mĕlak kopi, toewan Van Delden teja.

11. Njoehoen tambah arek moeka deui, tanah noe ditĕda rek diboeka, goenoeng Endoet ngarannateh, koela nja soenggoeh-soenggoeh, ngadjoengdjoengkeun timbalan goesti, sapĕrkara mistina, kadoewana woewoeh, tambah sĕnang soeka boengah, bade nilik ka oeroet bali ngadjadi, tidinja koela mijang. [ 565 ]12. Sarĕng toewan controleur Willem Linn, ari dongkap ka Rangkasbitoeng kota, hanteu ladjoe mondok bae, isoekna karek toeloej, kapeutingan nja mondok deui, di kawadanan Sadjra, isoek karek ladjoe, ngadjoegdjoeg ka Goenoeng Poentang, ngandjrĕk deui di toewan Van Delden meuting, doewa wĕngi lilana.

13. Boemi toewan sakalangkoeng asri, rea-rea pikeun kasĕnangan, imah papan siga tembok, moetoeh pisan araloes, malah sami djeung di Batawi, saĕnggeusna mariksa, ngaran goenoeng Endoet, balik moelang kapeutingan, dina oeroet nja ĕnggon balingadjadi, ingĕt djaman keur boedak.

II

14. Kasmaran pabaoer sĕdih, sadjĕroning pipikiran, nalangsa djaman bareto, oeroet koela ngalih alam, kalahiran didinja, toempah darah kandjĕng iboe, kasondong deui harita.

15. Basa ngalih ka Tjaringin, sĕpoeh pangkat djadi dĕmang, ajeuna ngaranna sedjen, kaganti ngaran wĕdana, sĕpoeh ti pangkat eta, ngalh ka Tjatingin moendjoek, njandak pangkat kapatihan.

16. Nja pandjang ana digoerit, isoekna tidinja angkat, sarĕng toewan kontroleur, ka kota apdeling Lĕbak, teu toeloej powe eta, nja mondok di Rangkasbitoeng, isoek karek balik moelang.

17. Kala eta noe kapanggih, koe koela di dajeuh Lĕbak, teu atjan diatoer sae, malah aloen-aloen kota, eurih noe mantak bala, djeung, djarĕblog rea loempoer, di djalan poetĕran kota.

18. Malah kaso djararadi, leuweung rea noe raroesak, tĕgal angar mereketet, paroetih kĕmbang eurihna, leuweung taja rasmina, lĕmboer paboeliksak koesoet, rea tanah angar bĕra.

19. Mantak djadi sĕdih ati, hamba-hamba oerang desa, kolot boedak pada bongoh, achirna keur dina boelan, Oktober tanggal lima, sarewoe dalapan ratoes, djeung toedjoeh poeloeh dalapan. [ 566 ]20. Koela dikĕrsakeun ngiring, kandjĕng toewan Rĕsident Metman, ka kidoel kĕdah miderek, sĕpeksi afdeeling Lĕbak, angkat ti Pandeglang, wantji djam poekoel sapoeloeh, mondok di kaboepatian.

21. Didinja teh doewa peuting, isoek tanggal toedjoeh angkat, ngiring kandjĕng toewan Rĕsident, djeung toewan Assistent pisan, sarĕng kandjĕng dalĕmna, Toemenggoeng Soeta angoen-angoen, dongkap ka goenoeng Kantjana.

22. Didinja mondok sawĕngi, nganggo imah kawadanan, sarĕng djalan-djalan oge, harita ka goenoeng Dadap, ka boemi toewan tanah. [ 567 ]ka goeha Patoegoeran, nĕpi ka Bajah diitoeng, oekoeran tiloe wĕlas pal.

30. Isoekna bral angkat deui, bĕnĕr tanggal tiloe wĕlas, di djalan teu kintĕn tjape, dongkop ka lĕmboer Sawarna, anggangna salapan pal, tanggal opat wĕlas matoeh, soemĕdja boeboeroe badak.

31. Karana didinja teuing, rea badak djeung garalak, watir ka abdi sakabeh, di mangsa koe badak galak, atawa koe tjilaka, kapeung aja noe ka lĕmboer, lamoen badak teu poetrijan.

32. Isoek-isoek angkat deui, bĕnĕr tanggal gĕnĕp wĕlas, noedjoe lĕmboer Tjibareno, kandjĕng Rĕsdent mariosan, watĕs tanah Prijangan, djeung ningali boedak lĕmboer, anoe ditaranĕm tjatjar.

33. Tanggal toedjoeh wĕlag masih, aja di lemboer Sawarna, sĕdja moeroe badak keneh, di tanggal salapan wĕlas, angkat balik ka Bajah, dina tanggal doewa poeloeh, nja masih aja di Bajah.

34. Didinja kĕrsa ningali, boekoe padjĕg tanah-tanah sarĕng didinja marios, boedak noe ditanĕm tjatjar, tanggal salikoer angkat, ka Malingping sĕdja wangsoel, ngaliwat deui Tjihara.

35. Mondok deui di Malingping, tanggal doewa poeloeh doewa, bari djeung ngeureunan tjape, kandjĕng Rĕsden kĕrsa ningal, pilĕmhoeran didinja, dina tanggal tiloe likoer, angkat ka goenoeng Kantjana.

36. Didinja njare sawĕngi, tanggal doewa poeloeh opat, isoekna tanggal salawe, angkat ti goenoeng Kantjana, soemĕdja balik moelang, djoegdjoeg dajeuh Rangkasbitoeng, tĕroes balik ka Pandeglang.

37. Kandjĕng Rĕsden ladjĕng moelih, ka kadaton dajeuh Serang, ijeu noe disĕrat kabeh, pĕrdjalanan sadajana, basa eukeur harita, tĕrang pisan geus diatoer, dina dangding basa soenda.

III.

38. Sinom ngagĕntosan tĕmbang, harita njata teh teuing [ 568 ]raroesak leuweung2na, pribasa nini aki, aja sĕboetan galib, lapoer araloesna goenoeng, moesna alas geugeuda, sĕbab ditjatjar didamping, basak basik pikeun noe leutik ngahoema.

39. Satahoen kadoewa pindah, eta oge beunang djadi, noe leutik sakahajangna, sĕbab koerang pangawatir, pikeun maratoeh tjitjing, noenggoe pagawejan pĕrloe, karana kabeh djalma, make kamoerahan nagri, tapi tonggoj noe leutik tinggal miskinna.

40. Imah2 sadajana, masih tĕtĕp sabihari, aja omong paribasa, disĕboetkeun sĕri moerti, tanapi soerasandi, moen boeboeara ka madoer, ngoembara kasamarna, matoeh tjitjing di Tjisiih, njijeun imah di loehoer sĕmpoer gĕnahna.

41. Sawah-sawah tinggal bĕra, tina kakoerangan tjai, pahoemaän teu digarap, noe leutik sakarĕp diri, barang di tahoen achir, sareboe dalapan ratoes, toedjoeh poeloeh salapan, bot dongkap toewan koemisi, ti Batawi toewan sĕpektor tanĕman.

42. Mariosan hamba-hamba, noe koerang hakan mariskin, di eta afdeeling Lĕbak, djeung ingět basa kaboeri, di boelan Maart indit, tahoen sareboe dalapan ratoes, dalapan poeloeh salapan, nendjo lelang sĕdja meuli, barang kontroleor goenoeng Kantjana.

43. Ka Tjibioek nja djalama, tĕroesna ka Sindangnjair, ka Waloekoe nja di ladjoena, bot ka djalan gĕde nĕpi, harita geus mimiti, lĕmboer djeung djalan diatoer, leungit pamake koena, koemaha biasa tadi, djalan-djalan tĕroesan leutik digombrang.

44. Jen bandara rek ngalintang, di djalan kaso djeung eurih, karek pada digombrangan, harita djalan geus radjin, rĕsik beunang ngarikil, gili sapandjangna aloes, barang kakawadanan, di tendjo geus lain deui, reudjeung basa ngiring kandjĕng Rĕsdent Metman.

45. Geus diatoer imah-imah, malah djiga kota nagri, sakabehna soengsoehoenan, limas koeměrěb djeung bilik, geus dilaboer paroetih, pěrbot imah medja bangkoe, korsi [ 569 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/592 [ 570 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/593 [ 571 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/594 [ 572 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/595 [ 573 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/596 [ 574 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/597 [ 575 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/598 [ 576 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/599 [ 577 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/600 [ 578 ] rikna, kari ingkak-ingkak bae, eureun tjeurik eurih-eurihan ngaranna.

145. Koe indoengna dilahoen diais toeloej, malah ditĕmbangan, bari djeung digeong-geong, boedak sĕnang reup hees dina aisan.

X.

146. Doerma dongkop poetjoeng ajeuna ditilar, eta si boedak tadi, noe malarat badan, arina geus tjageur mah, radangg moesna tjatjing leungit, koemaha rasana, saha noe ngeunah pikir.

147. Badan lintoeh panjakitna moesna ilang, tinggal sĕnang nja diri, sĕnang pipikiran, nja boektina ajeuna, djalma awewe lalaki, pĕriboemi poetra, dina ijeu apdeeling.

148. Kolot boedak awewe lalaki sĕnang, imah boeroewan rĕsik, mahmoer pare bejas, malah ka Pandeglang, saban sĕnen saban chĕmis, ngabroel noe dagang, bejas baratus kampil.

149. Pilĕmboeran rame sarta araloesna, djeung rame dagang tani, koe bidjaksanana, noe agoenng kota Lĕbak, tapi tadina noe leutik, rasana soesah, migawe sĕdih pikir.

150. Oeroet soesah ripoeh ajeuna geus poenah, soesah anoe kaboeri, diparentah poewas, malarat karasana, ajeuna moeling-moeling, tinggal sĕnangna, sakabeh para-abdi.

151. Sapi bĕngong barina djeung kĕtjap-kĕtjap, djiga neureujan tjai, kawas baranghakan, toeloej deui ditanja, naon maneh njaho sapi, oesoel-asalna, kandjeng pamasa nagri.

152. Basa eukeur rek njijeun kasadjahtraän, di saloewar afdeeling, sapi pioendjoekna, noen soemoehoen doeka, sim abdi teu pisan ngarti, asal moelana, nanging jen kandjeng mambrih.

153. Katrangan soemangga angkat laksana, djalan-djalan ngoeriling, neangan pasĕpah, tidinja koela mijang, noeroet pitoedoehna Sapi, neangan pasĕpah, hanteu lila kapanggih.

154. Anoe kira-kira aja kanjahona, barang koela papanggih, awit koela nanja, naon pasĕpoeh bisa, ngabedjaän anoe tasdik, asal-asalna, bĕndara ijeu nagri. [ 579 ]155. Ngadjalankeun saniskara kahadejan, dina ijeu apdeeling sebab ĕnggeus njata, tĕrang samata-mata, oepama migawe toelis, njijeunan kitab, sababaraha djilid.

156. Awitna teh eta noelis kitab-kitab, ngan make hoeroef hidji, sĕbab geus karoehan, eukeur dina hĕbĕlna, ti sapoeloeh tahoen leuwih, anoe berdjalan, tambah bĕrtambah deui.

157. Tapi dina sadjĕroning opat lima, tahoen ka ijeu nĕpi, tambah karahardjan, djeung tambah kaaloesan, sadjĕro ijeu apdeeling, lipĕt-balipĕtan, pok mangsoelan kijai.

158. Noen soemoehoen kaoela awon oendjoekan, pangoening noe sapanggih, ti asal moelana, kantĕnan parantos aja, katawis jen diraradjin, apdeeling Lĕbak, nanging teu atjan djadi.

159. Karek nĕmbe aja oge sawatara, malah kalima district, aja sakitoe pisan, karek sakadar chadjat, atjan radjin dirĕrĕsik, noe mangka sĕnang, lambangsari kadangding.

XI.

160. Poepoeh Lambang noe kasĕrat, tiba-tiba saĕnggeus dongkap, kandjĕng asisten ajeuna, toewan Van der Ven djĕnĕngna, ari kandjĕng boepatina dalĕm Suria Nata Ningrat, oenggal tahoen tambah-tambah, rahardja apdeling Lĕbak.

161. Nanging abdi teu tiasa, mioendjoek hiji-hijina, namoeng manawi manawa, tina sĕbab bidjaksana, noe agoeng sadoewana, boektina kijeu djadina, koemaha noe parantosan, kaoeningan pandjĕnĕngan.

162. Ti dinja koela mangsoelan, heh pasĕpoeh ari éta pasal kabidjaksanaän, geus koedoe ka sadajana, jén lahir di alam doenia, paribasa noe bĕrakal, bĕrboedi ingĕtan limpad, djoemlahna opat perkara.

163. Anoe nĕrangkeun boektina, ijeu koela ngabedjaän:

A. mikir dina hatena,
B. ngadoega koe pangarsa,
[ 580 ]c. awas mata kapala,

d. ngintip ku dédéngéan, naon anu kauninga, tangtu wujud di ahirna.

164. Atas kanyataanana, ieu pasepuh teu tiasa, maké nu sakitu éta, kumaha pasebuh bisa, nyebutkeun di alam dunia, angiu sakuliah jagat, ayeuna kula carita, kieu ti asal mulana.

165. Nu jadi pameunang kula, geus tumanya ka sadaya, ka jalma nu ngalampahan, kana nu opat perkara, ieu pasepuh enya suka, nyaho kateranganana, ieu sahiji-sahijina, nu miunjuk ka kaula.

166. Hiji abdi nu geus nyaba, datang, ka ieu nagara, geus nyarita keur mangsana, basa tahun nu kaluwang, dalapan puluh dalapan, keur mula-mula kaasta, ieu di afdeeling Lebak, kangjeng asisten ayeuna.

167. Ngadéngé omong di luar, kangjeng bupati ayeuna, ka kangjeng tuan unjukan, kaayaan imah-imah, di ieu afdeling Lebak, hanteu aya antarana, hiji-hiji jeung lianna, rapet tepung susuhunan.

168. Ngan saeutik palataran di tukang jeung di buruan, najan kangjeng diparéntah, supayana pakarangan, bararesih saheubeulna, mo hasil bisa jadina, sebab migawéna susah, asring jén timu katrangan.

169. Nu kudu meunang hukuman, hanteu timu katrangan, saha anu kudu salah, sebab teu aya watesnya hiji-hiji anu boga, anu kudu ngaresikan, kokotoran pakarangan, da teu aya wates cirina.

170. tina éta asring pisan, kajadian bumi putra, meunang susah panggih bahla, kayaning tahun kaluang, keur dalapan puluh déa, nepi ka tahun hareupna, kabéh sasalad muriang, panas tiris sanget pisan.

171. Babari pisan nularan, ka nu réa reujeung kebat sakabehna jalma-jalma, dina éta hiji désa, keuna ku panyakit panas, tandana dék jalma réa, dina lembur Selapadjan, distrik Rangkasbetung pisan.

172. Cacah jiwana muriang, paraéh kabéh teu aya, [ 581 ]tina panyakit sasalad, jeung di lian-lian désa, masing-masing kajadian, kabarna afdéling Lebak, leuwih kurang nu kabilang, sabelas réwu réana.

173. Sarta kajaba ti dinya, méh baé rék saheubeulna, kajadian lamun aya, hiji imah kahuruan, méakkeun saluar désa, tina sebab baléngkétna, susah metakeun tulungan, temah sumpes sadayana.

174. Saparantos kangjeng tuan, ngadangukeun piunjukna, sakumaha pihaturna, kangjeng bupati harita, najan langkung percanten, tapi tina bijaksana, acan ngajalankeun titah, héngga dimana heulaan.

175. Malah satahun heubeulna, marios jeung ningal-ningal ikumaha hal kaayaan, di tanah afdéling Lebak, niténan ku anjeun pisan, tahun dalapan puluh dalapan, kula meunang béja terang, dina hiji pakumpulan.

176. Berhimpunan sadayana, singgetna enggeus mupakat, peryogi dimimitian, diurus upama aya, hiji lembur kahuruan, kudu diatur sampurna, cara di tanah Priyangan, alus mani katénjona. [ 582 ]180. Ladjĕng bae kandjĕng adipati, sarĕng kandjĕng assistenna pisan, angkat kadinja marijos, djeung njandak gambar toeloej, dipĕtakeun koemaha misti, kitoe kijeu kĕdahna, mistina diatoer, kitoe pandoega djeung kira, djisim-abdi nanging teu pinanggih sisip, njanggakeun kalĕpatan.

181. Boekti pisan achirna pinanggih, kadjadijan saparantos kitoena, pilĕmboeran pilĕmboeran noe bareto, tilas anoe kahoeroe, aja woedjoed dibangoen radjin, sae atoerannana, ditendjona aloes, sarĕng pĕriboemi poetra, noe parantas kadjadijan sĕnang pikir, tina atoeran anjar.

182. Toeloej anoe sanes para-abdi, pikirna teh nangtoskeun sadaja, katjilakaän eta teh, dongkap ti noe kapoengkoer, noe atoeran tjara bihari, djadi para hamba rea noe kapintjoet, harajangeun naroeroetan, tjara ijeu atoeran djaman kiwari, sarĕng katambah-tambah.

183. Kasoeroeng koe radjining prijai, noe parantos narampi dawoehan, ti kandjĕng assistĕn Resdent, djeung kandjĕng Rangkasbitoeng, eta model noe langkoeng gampil, dilaksanakeunnana, sarta lamoen-lamoen, aja hidji doewa djalma, di lĕmboerna noe moengpang teu pati rapih, hanteu daek noeroetan.

184. Kandjĕng toewan djeung kandjĕng boepati, pilahirna ka kabeh ambtenaar, mana-mana noe teu daek, oelah dikoedoe-koedoe, dipapaksa dimisti-misti, los koema didinja, ana hanteu sanggoep, tatapi dĕmi achirna, eta djalma anoe teu daekeun tadi, wĕt ngolah koe manehna.

184. Pada gadoeh pikir kapingboeri, timboel napsoe noeroet ka noe reja, sadjro doewa tahoen rengse, koe prijai diatoer, karejaän djeung teu digeuing, djalma kokolot desa, noe ditoeroet saoer, didenge sakoer tjarekna, mirĕmpoegan manehna djeung soenggoeh ati, babing oeroesan desa.

186. Malah-malah manehna pribadi, nĕda idin rek ngarobah desa, ka prijai noe djadi sep, ngarasa lĕmboer koesoet, sĕdja noeroet ka noe raradjin, tjara lĕmboer noe lijan, noe atoeran baroe, rĕnggang hidji djeung lijanna, sarta aja napsoe manehna pribadi, ngadamĕl pĕrhijasan. [ 583 ]187. Djiga-djiga ĕmboengeun teh teuing, kaelehkeun koe batoer noe reja, tĕgĕsna ĕmboeng dipojok, lain bae noe poegoeh, tjitjing matoeh di kota nagri, malahan sadajana, boemi poetra kitoe, di kota district sadaja, djeung di oenggal-oenggal kabeh onderdistrict, kadjarowan ampijan.

XIII.

188. Kasmaran anoe pingali, koe aloes atoerannana, di Bantĕn kidoel nja aneh, njĕples koemaha atoeran, di dajeuh Pĕrijangan, tina binangkit pangoeroes, boekti kabidjaksanän.

189. Pasĕpoeh mangsoelan deui, estoe lĕrĕs koela lĕpat, marga tina koerang niten, dangět ijeun koemoetan, noe parantos sadaja, boekti tambah-tambah madjoe, lain bae ngoeroes imah.

190. Sadajana para-abdi, masing-masing sarĕng maksa, koewat-koewatna oge, sami neangan kipajah, nijaga tani dagang, sarĕng djeung djawi tikitoe, aja bĕrkah alchamdoelillah.

191. Djalan sadajana rĕsik, imah bangoen gĕgĕdongan, dilaboer paroetih netjes, sawah-sawah sadajana, tipar hoema kagarap, leuit boentjir tjoekoep njatoe, malah barisa ngadjoewal.

192. Beas baratoesan kampil, didjoewal ka pasar-pasar, malah ka sedjen apdeling, oenggal pasar rame dongkap, noe ngĕdjaroewal beas, boekti langkoeng tina tjoekoep, ajeuna apdeling Lĕbak.

193. Koelateh mangsoelan deui, ka pasĕpoeh noe njarita, jeu nja kitoe njata oge, noe matak djadi malarat, kabeh pĕriboemi poetra, koerang njatoe koerang nginoem, koerang sandang koerang pangan.

194. Parangi litjik tjilimit, koerang daek banijaga, koerang tonggoj, koerang gĕtol, koerang tĕmĕnan wĕkĕlan, djadi kamalaratan, njata poegoeh sĕbab kitoe, tina boga kakoewatan.

195. Paparin Raboelalamin, pangeran alam sadaja, sĕbab [ 584 ]200. Halna kapungkur geus bukti, kasusahan bumi putra, nyaéta basa baréto di afdéling Pandéglang, ogé di tahun éta sarébu dalapan ratus, dalapan puluh langkungna.

201. Awéwé reujeung lalaki, keuna panyakit sasalad, kira-kira nu paraéh, leuwih atawana kurang, basa kala harita, tilu puluh genep réwu, ngan aya nu tilu désa.

202. Di gunung tanah miring hanteu beunang diimahan, padeudeukeut rapet ngantét, salamet tina sasalad, ngan aya hiji dua, pribumi di éta lembur, paéh keur mangsa harita.

203. Saenggeusna rérés panyakit, geus leungit hama sasalad, tuluy diunjukkeun baé, repot ka bandara kula, nyuhunkeun kamurahan, kapala désa nu tilu, dipaparin hiji séwang.

204. Nyuhun digaleuhkeun munding, pikeun jadi pertandaan, ati-ati reujeung titén, ngurus ka batur-baturna, jeung di afdéling Sérang, kajadian tilu lembur, tumpes réngsé kahuruan. [ 585 ]205. Di sadjroning hidji district, nja eta district Tjiroewas, kadjaban djeung lĕmboer Patjet, djeung katiloe Kamanisan, tahoen kapoengkoer teja, koedrat iradat jang agoeng, ginandjar bagdja tjilaka.

XIV. Sinom.

206. Datangna bilai eta, djĕboelna ti djĕro boemi, noe djadi hama binasa, tiloe poeloeh doewa peuting, geus doewa wĕlas kali, kahoeroewan seuneu ngoetoeg, kawitna dina tanggal, dalapan likoer mĕmiti, opat imah dina lémboer Kamanisan.

207. Di oenggal-oenggal powena, tiloe opat imah lĕdis, noe aja saeutik gangna, bisa katoeloengan deui, ka december njanĕpi, tanggal sabĕlas geus gĕmpoer, tidinja oerang desa, moefakatan njijeun tangsi, leutik pandjang aja gĕnĕp wĕlas kamar.

208. Keur pondok djeung njimpĕn barang, aja noe kasi saeutik, di tanggal dalapan dalapan bĕlas, eta didjijeunan tangsi doer kahoeroewan deui, beak kabeh teu katoeloeng, toeloej isoekannana, lĕmboer kadjaban kabasmi, seep kabeh lĕmboer anoe panggĕdena.

209. Djoemblah imah kahoeroewan, toempĕs tĕmpis reres lĕdis, gĕde leutik geus dibilang, koe prijai noe ngoemisi, diasoepkeun ka toelis, saratoes salapan poeloeh, reudjeung dalapan kandang, toedjoeh poeloeh gĕnĕp leuit, djeung ditaksir djoemblah harga sakabehna.― f 16939.

210. Gĕnĕp bĕlas reboe perak, djeung salapan ratoes leuwih, reana poeloeh-poeloehan, eta oge atjan pasti, rea noe teu katoelis, sarehna geus pada bingoeng, boemi poetra didinja, tĕgĕsna sĕdihan pikir, eta seuneu djĕboelna doeka timana.

211. Ripoeh assisten wĕdana, ti awal doegi ka achir, Rahaden Soeria dipoetra, ngabela ka para abdi, hanteu moelih ka boemi, panganggo hawoek bĕlĕwoek, eta noe djadi tanda sĕtija ngamoela ka goesti, djeung chawatir ka anoe reja di desa. [ 586 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/609 [ 587 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/610 [ 588 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/611 [ 589 ]aja, kabĕrkatan nadjan noe asalna mampoeh, djadi kabawa malarat, lain satjara kiwari.

240. Pindah ka afdeeling Lĕbak, naek toeroen pangkat ti asal tadi, atawa djaba ti kitoe, ladjĕng bae katingal, boengah-boengah djeung sĕnang hatena timboel, sĕbab nendjokeun noe poelang, mawa barang mawa doewit.

241. Atawana mawa pangkat, tina eta panggih djaman kiwari, kadjajan timoe kitoe, sarĕng djeung sadjatina, hate koela kagĕndam djadi mitoeroet, boengah djeung soeka pirĕna, sĕbab oesoel-asal tadi.

242. Oesoel-asal sĕpoeh koela di apdeling Lĕbak bale ngadjadi, naon deui koela poegoeh, kalahiran didinja, di apdeling Lĕbak toempa darah iboe, djeungna deui mowal salah, noe mampoeh reudjeung noe miskin.

243. Di ijeu apdeling Lĕbak, sanak koela atawana famili, ngan tina deukeut djeung djaoeh, dina kapĕrnahan, hanteu sĕpi hidji-hidji district tangtoe, dina lima kawĕdanan, koedoe aja salah hidji.

244. Pasĕpoeh geus njaho inja, pok mangsoelan pasĕpoeh bari seuri, atoeh bĕnĕr atoe poegoeh, kaoela tĕrang pisan, pandjĕnĕngan estoe asal Bantĕn kidoel, nja matja lalhamdoelillah, moedji ka Raboelalamin.


T A M A T.