Saratus Paribasa Jeung Babasan 3

Ti Wikipabukon
Saratus Paribasa Jeung Babasan 3  (1979) 
by Mas Natawisastra

[ Sampul ]Saratus Paribasa
Jeung Babasan
III


Mas Natawisastra

[ Judul ]PPS/Sd/Jc/78


SARATUS PARIBASA
JEUNG BABASAN
III


Karangan
MAS NATAWISASTRA



DEPARTEMÉN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN PROYÉK PENERBITAN BUKU BACAAN DAN SASTRA
INDONESIA DAN DAÉRAH
Jakarta 1979

[ 4 ]

Diterbitkan oleh
Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra
Indonesia dan Daerah
Hak pengarang dilindungi undang-undang

[ 5 ]
KATA PENGANTAR


 Pengembangan di bidang kebudayaan adalah bagian integral daripada Pembangunan Nasional. Pembangunan bidang kebudayaan tidak terlepas dari pemikiran dan usaha pengembangan dalam bidang sastra.  Karya sastra merupakan manifestasi kehidupan jiwa bangsa dari abad ke abad akan menjadi peninggalan kebudayaan yang sangat tinggi nilainya. Karena itu karya sastra perlu digali dan digarap untuk diresapi dan dinikmati isinya.
 Karya sastra memberikan khazanah sejarah ilmu pengetahuan yang beraneka macam ragamnya. Hasil penggalian dan penggarapan karya satra akan memberikan rasa kepuasaan rohani dan kecintaan pada kebudayaan sendiri yang selanjutnya akan merupakan alat ampuh untuk membendung arus masuknya pengaruh kebudayaan asing yang tidak sesuai dengan kepribadian dan kepentingan pembangunan bangsa Indonesia.
 Penghayatan hasil karya sastra akan memberi keseimbangan antara kemajuan ilmu pengetahuan dan teknologi modern di satu pihak dan pembangunan jiwa di lain pihak. Kedua hal ini sampai masa kini masih diraskan belum dapat saling isi-mengisi, padahal keseimbangan atau keselarasan antara kedua masalah ini besar sekali peranannya bagi pembangunan dan pembinaan lahir dan batin. Melalui sastra diperoleh nilai-nilai, tata hidup dan sarana kebudayaan sebagai sarana komunikasi masa lalu, masa kini dan masa depan.
 Para pemakai dan peminat bahasa dan sastra Daerah khususnya bahasa dan sastra Sunda, baik di dalam masyarakat maupun di sekolah dan di perguruan tinggi, sudah lama merasakan kekurangan akan buku Sunda sebagai bacaan maupun sebagai penunjang pengajaran bahasa dan sastra Sunda.

[ 6 ] Selain itu sesuai dengan semboyan 'Bhinneka Tunggal Ika' sepatutnya kita memelihara segala ragam kebudayaan dan bahasa daerah yang hidup dan digunakan dalam masyarakat kita, agar keanekaragaman kebudayaan dan bahasa di negara kita itu tetap terpelihara dengan segala keindahan dan kelincahannya, Bahkan perlu disebarluaskan ke seluruh pelosok Nusantara kita sehingga dikenal, diterima dan dirasakan sebagai milik kita bersama.

 Dengan tujuan itulah dan untuk mengisi kekurangan tersebut di atas, Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra Indonesia dan Daerah Departemen P dan K, bekerja sama dengan PN Balai Pustaka sebagai penerbit buku sastra yang telah dikenal sejak sebelum Perang Dunia ke-2, menerbitkan kembali buku-buku sastra Sunda. Bagi yang tidak menguasai bahasa Sunda, tetapi ingin memahami isinya, telah kami susun ringkasan ceritanya dalam bahasa Indonesia.
 Semoga dengan terbitan-terbitan ini kekayaan sastra bangsa kita yang sudah begitu lama terpendam itu dapat dikenal oleh khalayak yang lebih luas serta dapat menambah pengertian dan apresiasi terhadapnya.


Jakarta, 1979
Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra
Indonesia dan Daerah.



6 [ 7 ]1 ASA DITONJOK CONGCOT

Hartina = atoh kacida (bungah pisan)

 Dina malem Jumaah Nyi Mista ngahuleng bae bari nungguan anakna gering, bingung saperkara keueung teu aya batur ngomong-ngomong acan, kadua teu aya ubar, teu aya minyak-minyak acan, jadi nungguan nu gering teh sacaang-caangna ti hawu bae.

 Sabot manehna ngahurungkeun seuneu kira pukul sapuluh, gurupak bae bibina datang ti sejen lembur rek milu mondok, isukna rek ka Cerebon sarta mawa bebekelan. Nyi Mista atoheun pisan puguh sakitu keur keueungna ayeuna aya nu ngarereb tur baraya, tuluy ngomong pokna, ”Lah bibi kuring teh bungah kacida eukeur mah keueung ayeuna bibi sumping, wani asa ditonjok congcot bae”.

2 ATI PUTIH BADAN BODAS

Hartina = tomada nuduhkeun teu aya pikir goreng (masrahkeun badan tina tumarima kasalahan)

 Kira wanci pecat rakitan, Asep Ubun jelema santana sarta kaya, indit ti imahna bebedil manuk ka pilemburan, diiring ku dua bujang, barang datang ka hiji lembur sisi leuweung, Asep nenjo hiji munding keur nyatuan. Asep geuwat jeung bujang-bujangna arasup ka nu bala, karepna rek nyingsieunan munding tea, ti nu bala Asep tuluy nurutan sora maung. Barang munding ngadenge sora cara sora maung, munding ajret-ajret sieuneun.

 Ambu Saban anu rek ngala cai ka pancuran, manehna ngagandong kele ngajingjing kukuk, barang nenjo munding lumpat, sarta ngadenge sora ngahaung, tuluy bae lumpat meak-meakeun tanagana, bari mawa kele kosong, barang kira geus meunang sapanyeluk, manehna ngalieuk ka palebah Asep, bet aya jelema ma[ 8 ]nehna boga rasa disingsieunan, tuluy ngambek nyarekan laklakdasar bari gegeroan.

 Asep ngarti yen manehna dicarekan sabab marukanana nyingsieunan Ambu Saban, tapi teu diparosea sanajan nyarekanana meak-meakkeun oge tuluy balik.

 Demi isukna bujang Asep papanggih jèung Ambu Saban pokna, ”Bibi! naha kamari nyarekan ka Asep teu puguh-puguh; Asep mah nyingsieunan munding, ari bibi bet lumpat sarta tuluy nyarekan.”

 Ambu Saban reuwaseun pisan pokna, ”Masa Allah kutan kitu jeung teu sangka Asep atuh.”

 Isukna Abu Saban tuluy ngadeuheusan ka Asep Ubun pokna, ”Nun juragan kuring nyanggakeun ati putih badan bodás tina tumarima kuring kasalahan;jeung sugan teh lain anjeun.”

 Asep seuri pokna, ”Keun bae bibi da kula oge teu jadi ati”.


3 AWAK SAMPAYANEUN

Hartina = nu sagala pantes lucu bae ari make papakean

 Ujang Piin ditanya ku Si Ambat pokna, ”Piin, ti mana silaing meuli baju?”

 Piin: ”Ti pasar, jang.”

 Ambat: ”Cing dewek ngajaran, ana prak diajaran teu pantes, omongna,” Ah teu pantes di dewek, mah.”

 Ari baju koneng jeung totopong soga ti mana?”

 Piin: ”Duka da beunang bapa.”

 Ambat: ”Bejana ti si Irom, nu matak dijual deui dimanehna mah ngoplok jeung encitna dusun, totopongna ari dipake ku Si Irom mah bet jiga peang, geura ari dipake di silaing mah ngan jiga alus bae jeung pantes make naon-naon teh.”

 Piin seuri pokna, "Hih kapan dewek mah awak sampayaneun kajeun nu goreng ari dipake di dewek jadi semu.”


4 AYA ASTANA SAJEUNGKAL

Hartina : nu pinter, nu gagah, nu bisa, nu mashur, teu kudu [ 9 ]

kolot bae, di budak di cacah, di nu teu mashur teu mustahil bisa

 Dina hiji kampung aya hiji jalma ngaran Mas Yuda, eta jalma teuing ku jadi andelan ku jalma-jalma di sakuliwek distrik eta, nya eta dipiandel gagah, sakti gede pangaweruhna. Dina hiji mangsa Mas Yuda munggah haji jadi henteu aya di kampung eta. Kacaritakeun bapa Empen urang kampung nu deukeut ka dinya, ngomong ka tantanggana ngaran bapa Yakub, pokna, ”Pa Yakub ayeuna juragan urang teh keur teu aya angkat ka Mekah, upama heug aya musuh ti sejen nagara, ngarurug ka nagara urang, meureun lapur, urang ditumpes, tangtu urang dieu moal aya nu manggapulia, da ngan juragan urang nu angkat tea nu jadi tanggelan sarerea teh, kuring mah mani sok susah.”

 Tembalna bapa Yakub, ”Hih Pa Empen, entong susah pedah juragan urang euweuh, sanajan euweuh juragan urang oge acan beunang ditangtukeun eleh kabeb, geuning aya paribasa kolot, aya astana sajeungkal teu kudu nu mashur bae, biheung teuing nu leuwih tea mah teu katara ku urang.”

Aya deui nu make hartina kieu:
Nu paeh teh teu kudu geus kolot bae budak oge loba.


5 AJAK JAWA

Hartine = ngajak dahar henteu terus jeung ati (ngajak bobodoan)

 Ari asalna kieu:

 Dina hiji tempat pangeureunan aya hiji Jawa rek dahar kakara dibuka sanguna, jol urang Sunda eureun di dinya. Ceuk Jawa, ”Mangga nun urang dahar”.

 Ku sabab urang Sunda tea hayangeun nyatu tur aya nu ngajak, tuluy ngadeukeutan bae, karepna rek milu dahar; barang katenjo ku Jawa yen eta jelema daekeun, tuluy sanguna dibungkuskeun deui bae, bari ngomong pokna, ”Ah teu tulus dahar di dieu, mangke deui bae sugan manggih pindang.”

 Tah ti harita aya paribasa ajak jawa. [ 10 ] Nyi Wari nganjang ka Nyi Caput barang datang kasampak Nyi Caput eukeur ngadeker bae dahar omongna, ”Nyi mangga urang dahar.”

Wari: ”Mangga lajengkeun parantos.”
Caput: ”Moal sae, mangga, da lain ajak jawa.


6 ALUS PANGGUNG

Harina = hade laur (hade tangtung)

 Jayaraksa ngomong ka Mutahab pokna, ”Tahab naha dewek resep-resep teuing nenjo dedegan Ki Daeng, geura ana geus make, komo beuki semu bae.”

 Mutahab: ”Sarerea oge nya kitu, tapi hanjakal ku teu berek naon-naon, sumawonna cara batur bisa nyieun imah, bisa dagang, bisa tani ieu mah teu bisa nyieun pitali-talieun acan, ngan alus panggung wungkul.


ATAWA

 ”Ajip keur naon silaing miara domba kecing, miara niah nu teuneung,” ceuk Aman.

 Wangsulna: ”Keun bae kecing-kecing oge ieu ngarah alus panggung.”


7 BABALIK PIKIR

Hartina = tina teu bageur (goreng) los kana bageur

 Japing jelema bangor sok daek lacur ngadu, jeung barangasan goreng adat, ka dulur ka indung teh euweuh pisan sarehna, lamun adina boga dosa, tara aya hampurana, geus puguh ka dulur kitu, najan ka indungna lamun manehna ngambek tuluy dicarekan bae lamun dilawan ku indungna neunggeul-neunggeul nemen, tapi sanggeus bapana maot, Japing bageur kacida, teu daek lacur, teu ngadu ka indung nurut jeung ngahormat, ka dulur nyaah tina ngingetkeun geus euweuh bapa. [ 11 ] Aki Sarjin nanya ka Ambu Japing pokna, ”Kumaha ayeuna lampahna Japing aya euih-euihna, pedah geus euweuh bapa?”

 Wangsulna: ”Aya berkah emang, ayeuna mah ka indung ngagugu ka dulur nyaah.

 Aki Sarjin: ”Sukur ari geus babalik pikir mah.


8 BALA KAHIRASAN (HEURAS AWAK)

Hartina = tara beunang dititah

 Gero! gero! Nyi Minoh ngageroan Si Amin anak tatanggana, pokna, ”Amin! Amin! ka dieu sakeudeung, ieu pangmeulikeun seureuh aing hayang nyeupah.”

 Wangsulna: ”Ah alim nyeri suku.”

 Minoh: ”Ari teu daek ka warung mah ieu bae pangnungguankeun seuneu moal lila.”

 Amin: ”Ah alim,” bari tuluy indit.

 Teu lila jol Si Tapen bari ngomong pokna, ”Eteh kuring bae meuli seureuh dan Si Amin mah anggur tuluy duka rek ka mana.”

 Minoh: ”Heug ujang atuh sukur puguh eteh teh teu boga batur, nya kitu asep ari jadi jelema ulah sok b ala kahirasan (ulah sok heuras awak) ambeh loba nu resep.”


9 BOBOR SAPANON CARANG SAPAKAN

Hartina = kacilakaan atawa kasusahan

 Aki Jarim ngawuruk (mapatahan) ka incuna pokna, ”Encim! maneh meungpeung Budak keneh sing nurut kana papatah kolot, da ari geus gede mah lamun dipapatahan sok hese nurutna, sabab ari budak teh, deuleu diupamakeun tangkal kai nu leutik keneh, lamun diperah-diperuh gampang keneh, jadi atina leuleus keneh, lamun tangkal kai geus gede, hese diperah-diperuhna, lamun dipaksa tangtu potong, kitu deui jelema lamun geus kolot sok heuras atina, lamun geus lumpat kana kajahatan hese magahanana, lamun dikerasan sok ngalawan. [ 12 ]Ayeuna maneh sing tengtrem nya diajar, jeung kudu boga sobat, hiji kudu nyobat jeung nu pinter, dua jeung nu tani, tilu jeung nu beunghar, opat jeung menak.

Ari nyobat jeung nu pinter maneh bisa mulungan kapinteran, nyobat jeung nu tani bisa nurutan hal tatanen, nyobat jeung menak bangsa luhur, bisa tindak-tanduk budi basa.”

Encim: ”Ari nyobat jeung nu beunghar ambeh naon aki?”

Aki Jarim: ”Ari nyobat jeung nu beunghar, nya-eta bisi kumaha onam bae bobor sapanon carang sapakan, nya eta bisi dulur paeh, urang keur teu boga duit, atawa rek beubeulian duitna kurang, aya nu nulungan.”


10BOBOR KARAHAYUAN

Hartina = cilaka geus ical tina kasalemetan

Si Bagak geus heubeul jadina tukang tipu jeung sok daek ngarawatan barang serong, tapi salamet bae.

Dina hiji mangsa manehna indit leumpang ka Surabaya, sanggeus meunang sapuluh poe, jol deui datang, kakara lima poe datangna ti Surabaya, jebul bae pulisi ngarahrah ka imah Si Bagak malah kabuktian, hiji geulang emas, hiji kurabu, harga sarewu jeung panitih mata inten, harita keneh manehna dirante tuluy diabuskeun ka bui. Mitohana ngalayad ka imah Bagak, barang datang pok ngomong, ”Nyai! salaki maneh ayeuna geus dibui sabab kabuktian barang paling ti Surabaya, ayeuna maneh sing tawekal sing bisa ngurus barudak dan salaki maneh ayeuna geus bobor karahayuan.


11BULU AN BELUT JANGJANGAN ORAY

Hartina = nu moal-moal (moal kajadian)

Si Muhil ngomong ka Si Teggir pokna, ”Tegir cing urang tarapa di Gunung Gede.”

Tegir: ”Naha hayang naon make tapa?” [ 13 ]Muhil: ”Eta dewek nenjo Purabaya jeung Minantareja, Purabaya bisa ngapung, Minantareja bisa nerus bumi, eta tangtu pangbisana kitu, ceuk kolot sok tapa heula, jadi lamun urang bisa ngapung jeung nerus bumi gampang, resep urang nyabetan babat uran tiluhur atawa ngabetotan batur ti handap, musuh-musuh ku urang sieuneun.”

Tegir: ”Lah euy dewek teu ngarempugan niat silaing kitu aya oge lamun silaing tapa hayang padang ati, hayang katarima iman eta hade, nya meureun kajadian oge ari ieu mah hayang bisa ngapung jeung nerus bumi kudu geus buluan belut jangjangan oray meureun bisa.”


12DAGANG ONCOM RANCATAN EMAS

Hartina = nu diarah ngan saeutik make modal gede

Nyi Anggan ngawarung, nya eta dagang peuyeum sampeu cau, lalab, sambeleun, jeung suluh: ari beubeunanganana ngawarung dina sapoe ngan ukur meunang bati 20 sen atawa 15 sen.

Ari tempatna lalakon tujuh pal ti dayeuh ku sabab manehna cape pulanganting ka dayeuh, tuluy ngomong ka salakina, ”Akang coba ka ditu neangan dokar beulieun, sakalian bae jeung kudana, katut pakeanana, bejana Ki Untung nu rek ngajual teh.”

Ti dinya bral salakina indit nawar dokar ka Ki Untung, beunang sabregna tilu ratus sawidak kuda hiji.

Ayeuna Nyi Anggan geunah pikirna, unggal-unggal poe, dodokaran balanja ka dayeuh, meuli terong, lalab, cau suluh jeung sabangsana sakur nu singsarwa amba eta kabeh dimuatkeun kana dokar, di jero sabulan kudana geus kuru dokarna ruksak.

Hiji poe keur waktu Nyi Anggan ngangkatan suluh daun tina dokar, kapanggih ku uana nu kakara datang ti jauhna pokna, ”Ti mana Nyai mawa suluh daun dimuatkeun kana dokar?”

Wangsulna: ”Ti Pasar Ua mentas balanja.”

Ua: ”Sabrahaeun balanja teh?”

Anggan: ”Duka aya bae sarupiaeun mah.”

Ua: ”Naha sabraha batina dina sapoe.” [ 14 ]Anggan: ”Teu tangtu aya 15 sen aya. 20 sen.”

Ua: ”Ari ieu meuli dokar sabaraha?”

Anggan: ”Tilu ratus sawidak sabregna.”

Ua: ”Bo! nyai, kalakuan maneh ieu dagang oncom rancatan emas.


ATAWA

Hiji awewe dagang wedak atawa pupur indit ti imahna make: baju sutra, geulang emas karembong tila, samping puger payung sutra, jeung make selop jengke; ngider sapoe jeput, ari beu-beunanganana ngan ukur panggede sapuluh sen, ari balik ka imahna baju sutra lecet, payung kotor kahujanan samping beyedug jeung gugus, selopna dadas.

Nu sarupa kitu dagang oncom rancatan emas; jadi kauntungan dagangan tadi, henteu hurup kana ruksakna papakean.


ATAWA

Hiji spaarbank nu duitna saeutik ari nu nguruskeunana pangageng-pangageng bae saperti Kangjeng Residen, Kangjeng Assisten Residen, Kangjeng Dalem, Directeur ieu oge disebutna dagang oncom rancatan emas (dagang huut rancatan emas) malah sok aya nu nyebut dagang delan rancatan emas.


13JELEMA PASAGI

Hartina = nu loba kabogana jeung loba kabisana teu aya kakuranganana)

Alpan asal jelema walurat nyatu sore hentedisuk, ayeuna jadi beunghar sarta jadi panarosan sarerea.

Mimiti manehna jadi kuli lantung lamun aya nu nitah, nya bisa barang hakan, tapi lamun taya pakulian lapur teu bisa udud-udud acan; tuluy jadi tukang rujak coel, tapi teu manggih keneh kamarasan, geus kitu jadi deui tukang cendol tapi nya kitu keneh bae teu mahi.

Ti dinya les bade euweuh ti lemburna menuang lima taun, [ 15 ]sihoreng ngumbara ka sejen nagara, ari balik manehna geus ginding mawa duit rea, sarta sadatang-datang nyieun imah alus meuli sawah kebon, miara sasatoan jeung geus loba kanyahona (pangabisa).

 Lurah desa eta nyaba ka district sejen, di dinya gok papanggih jeung barayana Alpan, ceuk barayana, ”Aeh! juragan lurah, iraha sumping, sareng kumaha Alpan masih keneh dagang cendol?”

 Lurah: ”Alpan ayeuna geus beunghar teu ngalieuk kaeuweuh geura anjangan, ayeuna mah jadi jelema pasagi.”

 Ceuk barayana, ”Sukur! Sukur!


14DIGELENG―CATANGKEUN (DIKERID PEUTIKEUN)

Hartina = dikerid kolot budak awewe lalaki

 Lurah dina tanggal 5 Hapit poe Jumaah geus nampa pamarentah ti nu Agung yen dina tanggal 8 bulan eta keneh pangagung bakal mariksa kebon kopi bawahanana. Lurah gugup kacida, geuwat nyalukan tua-tua jeung lebe, barang geus daratang ceuk lurah, ”Maneh geuwat ngindir ka kampung-kampung jelema-jelema kerib ka kebon kopi karana pangagung bakal ngaronda.”

 Jadi jelema-jelema sakalurahan eta digeleng-catangkeun (dikerid-peutikeun).


ATAWA

 Geus kejadian di Sumedang keur waktu rek mecak mariem jelema di kampung-kampung nu bakal kasorang ku eta pelor, disingkirkan ulah aya di lemburan digelengcatangkeun (dikerid-peutikeun)


15DIKUNGKUNG TEU DIAWUR DICANGCANG TEU DIPARABAN

Hartina = dipiara tapi teu diurus dahar pakena, lumbrahna di awewe anu keur ditambang [ 16 ] Nyi Sajem dina poe Jumaah paséa rosa jeung salakina nya eta Ki Delis, sabab Ki Delis timburuan katukang dawet lantaran Nyi Sajem sok seuseurian jeung tukang dawet tina geus conggahna.

 Ki Delis tuluy indit ti imahna teu balik-balik sarta teu mere balanja wates sabulan mah.

 Nyi Sajem teu naon-naon ngan wungkul susah, ari rek kuli-kuli keur baris hakaheun sieun salakina datang, ari teu kitu da euweuh nu mere (makayakeun).

 Sanggeus meunang tilu bulan Nyi Sajem tuluy ka Kaum, ngadeuheus ka Hakim pokna, ”Nun Juragan, kuring nyuhunkeun dipirak sareng pun Delis.”

 Hakim: ”Naha ku naon menta dipirak?”

 Sajem: ”Pang jisim kuring nyuhunkeun dipirak, nargi prantos tilu bulan teu diurus hakan pake, malah teu datang-datang acàn ka rorompok, jadi jisim kuring sagala pugag, rek balang siar ka mana-mana da aya keneh nu wajib, nya eta buktina Ki Delis, ari ku manehna teu diurus, jadi sarupa kieu mah jisim kuring teh dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban.


16DIBEJER-BEASKEUN

Hartina = ditetelakeun diterangkeun jeung buktina

 Nyi Mahya nitah bujangna ngaran si Asmah pokna, ”Tah Asmah duit saperak bawa ka pasar, meuli. beas 4 ketip; tamusu satalen, daging 20 sen kurupuk 10 sen jeung meuli kopi 5 sen.”

 Asmah: ”Juragan sakali deui kuring hilap.”

 Nyi Mahya pok deui nataan saperti tadi.

 Asmah: ”Naha juragan asa langkung ti saperak?”

 Mahya: ”Teu umum, geura cokot juh duit leutik jeung receh dina wadah seupaheun.”

 Tuluy si Asmah nyokot, barang geus dicokot, ceuk Nyi Mahya, ”Tah ieu duit ditukeuran sarupia; tah ieu talen hiji, ketip hiji, peser sapuluh keur kana beas.

Ieu talen hiji keur kana tamusu.
ketip dua daging
benggol opat kerupuk
[ 17 ] Ieu sen lima keur kana kopi.

Ayeuna tenjo talenna tah 2

ketipna aya 3
benggolna 4
senna 5
peserna 10

 Cing itung jejeg saperak.”

 Si Asmah tuluy milang, sarta sanggeusna pok ngomong, ”Sumuhun geuning jejeg.”

 Mahya: Ayeuna jig atuh geura ka pasar, sia mah kudu dibejerbeaskeun bae.”


17 DULANG TINANDE

Hartina = awewe nurutkeun pangajak lalaki

 Nyi Simah geus heubeul lalangganan jeung Ki Ijom, dina hiji waktu Ki Ijom nanyakeun ka ambu Simah pokna, ”Ema iraha waktuna nu alus, kuring arek kawin teh?”

 Ambu Simah ngawolan pokna, ”Hih ujang eta mah kuma ujang bae, ema teu bisa nangtukeun iraha-irahana, ari awewe mah dulang tinade, kumaha pangajak lalaki bae.”


18DEUGDEUG-TANJEURAN

Hartina = jadi deudeugan tongtonan

 Akio budak rea pangabisan, lamun nyaba ka sobat-sobatna sok ngabijilkeun pangabisana kayaning: ngagambang atawa nyuling, sulap, tembang atawa carita.

 Hiji mangsa manehna nganjang ka Sarip sobatna di dinya aya gambang tuluy manehna ngomong, pokna, ”Rip! mana panakolna?”

 Sarip: ”Tah di jerona.”

 Tuluy dicokot sarta prak ngagambang, bisa kacida ngagambangna, datang ka rabul jelema narenjokeun nu ngagambang, malah nu keur ngaliwat oge areureun, nenjokun, ngagambang. [ 18 ] Ambu Ismat nanyakeun ka Sarip pokna "Sarip budak saha eta teh bisa-bisa teuing ngagambang, sarta loba nu resep."

 Wangsulna: "Sobat kuring, puguh ge eta mah budak jadi deugdeug tanjeuran bae di mana-mana teh."

ATAWA

 Si Janggel budak gede ambek lamun manehna pareng ngambek di mana bae, tuluy gogoleran bari ceurik, tara beunang diupahan, atawa lamun geus ngambek sok nyosoek papakeanana.

 Dina poe Kemis indit jeung dulurna ka pasar, barang datang ka pasar, manehna menta duit ka dulurna keur meuli rujak tapi ku dulurna teu dibere.

 Si Janggel ngahunted teu daek maju, diajak maju teu daekeun, anggur tuluy ngajewengan bajuna, calanana jeung totopongna.

 Jelema-jelema nu aya di pasar ronghok narenjokeun aya budak kitu adatna.

 Carek dulurna, "Naha sia Janggel di mana-mana teh ngan jadi deugdeug tanjeuran bae, nam ka ditu balik," bari di paksa.

19ELMU SAPI

Hartina = Samiuk kana kagorengan

 Si Melom urang Cibogo ulin ka Si Jarpi urang lembur Ciwaru, di pangulinan eta dua budak pasea lantaran parebut jangkrik, Si Jarpi dikusrukeun kana sisi pager leungeuna datang ka misalah, geuwat balik bebeja ka indung bapana.

 Bapana panas ati, tuluy si Melom dipentog, tapi cilaka sabab ngajadikeun pasea kolot pada kolot.

 Bapa Melom kacida ambekna sanggeus bapa Jarpi balik tuluy ngabadamian batur-baturna salembur eta, yen di mana bae atawa saha bae nu papanggih jeung bapa Jarpi kudu raponan bae.

 Heuleut dua tilu poe bapa Jarpi gok di pasar papanggih jeung bapa Ula urang lembur Cibogo ceuk bapah Jarpi, "Meuli naon pa Ula?"

 Pa Ula teu nembal jamedud bae semu ngewa. Teu lila prok deui [ 19 ] jeung Nyi Irim urang lembur Cibogo keneh, ceuk bapa Jarpi, "Nyi Irim jeung saha ka pasar?" Jeung bieu aya pa Ula ditanya ku kuring bet teu nembalan, naon?"

 Nyi Irim oge teu nembalan bari semu ijid.

 Ti dinya balik, barang datang ka imahna bapa Jarpi ngomong ka Lebe, pokna, "Kuring heran ku urang Cibogo ari pasea jeung bapa Melom, tapi anu ngarewaeun ka kuring bet kawasna kabeh sakur urang lembur eta.

 Lebe: "Wah! tangtu kitu kuring mah geus nyano, adatna urang dinya mah elmuna elmu sampi."

 Bapa Jarpi hookeun tina kakara nyaho.


20GENTEL-KEAK (DIGEGENTEL)

Hartina = dibabawa beurang peuting kana sagala rupa

 Hiji poe pulisi-pulisi ngariung badami neangan paling, nu tacan beunang, ari kateu-percayaanana pulisi-pulisí teh ka hiji jelema ngaranna si Jarom.

 Ceuk hiji pulisi, "He batur-batur ku sabab sangkaan urang ka Si Jarom, kumaha mulisina supaya meunang katrangan nu sidik, ka saha urang nya mulisi?"

 Ceuk nu saurang, "Hih ari kitu mah urang ngolo Si Damsin bae, euweuh deui nu pinerangkeuneun kalakuanana Si Jarom, sabab na di gentel keak teh beurang peuting Si eta."


21GELETUK BATUAN KECEBUR CAINA

Hartina = kumaha jadina bae (kumaha behna)

 Atang kapercayaan juragan Demang; hiji waktu disaur ku juraganana barang datang tuluy juragan Demang nyaur, saurna,

 "Atang aing deuk nyaba 5 poe cicing di dieu tungguan imah jeung pakarangan, poma maneh ulah ingkah najan ka jalan, karana loba pikamelangeun."

 Atang: "Sumuhun timbalan." [ 20 ] Heuleut dua poe ti saentas Juragan jengkarna, Atang ka ambat perkara, tuluy disaur ku Hakim, mimitina disaur ku tua-tua, Atang teu indit tina ras dijangjian ku dunungan, geus kitu jol lebe. Atang cicing bae katiluna datang lurah.

 Ceuk lurah, "Atang naha maneh baha-baha teuing disaur teh, naha enya moal indit, jeung teu sieun diahirna."

 Atang: "Kuring moal indit samemeh sumping Juragan mah; masih dikieu-kieu oge, kumaha geletuk batuna kecebur caina bae."


22GEDE HULU (LUHUR KOKOPAN)

Hartina = luhur (adigung)

 Ujang Uhon adatnya luhur, lamun dina riungan campurna embung jeung bangsana hayangna teh jeung pangkat luhur bae, dina nayuban-nayuban lamun diigelkeun henteu pangheulana jamedud, dina riungan hajat hayang panggirangna, ka batur tara aya basa, sabab pikirna aing mah bangsa menak atawa leuwih pinter, jeung sajaba ti dinya.

 Ujang Arsim lanceukna ngelingan, pokna, "Uhon akang teu ngeunah tetenjoan, jeung dedengean; lamun maneh keur riungan batur-batur maneh sok tingtaroel bae jeung pada baturna bari rundat-rindat ka silaing, eta jadi tanda henteu cocogeun kana lampah silaing, jeung lamun akang keur pareng nyaba, euweuh deui nu diomongkeun teh ngan silaing, cing ayeuna mah, dina kumpulan-kumpulan sing daek campur jeung bangsa silaing, sarta omongan sing meujeuhna, kumaha mistina, montong nyarua-ruakeun maneh jeung bangsa luhur, sumawonna maneh mun nganggerkeun adat tangtu disebut gede hulu."


23GINDI PIKIR BELANG BAYAH

Hartina = goreng hate

 Nyi Siti hade hate, hade lampah, akuan sareseh someah ka semah amis budi handap asor; jeung Nyi Sakem nu goreng pisan [ 21 ]adat imahna padeukeut, nya sulit ati cegekan haseum budi tur tungi jeung goreng hate.

 Hiji poe Nyi Sakem ka Nyi Siti nganjang, nenjo geulang alus dina wadah seupaheun, sabot Nyi Siti ka cai geulang geuwat dicokot tuluy dikandung, ari nu boga geus datang, Nyi Sakem buru-buru amit balik.

 Barang Nyi Siti nyahoeun yen geulangna euweuh, boga sangka eta geulang dibawa ku semah bieu, tapi teu digeruhkeun.

 Lila-lila Nyi Siti pareng nganjang ka imah Nyi Sakem, tuluy ngaromong kumaha biasa, ari Nyi Siti geus balik pribumi leungiteun ali perak, sarta manehna geuwat nepungan Nyi Siti omongna sugal bari haseum budi, pokna, "Siti kami leungiteun ali, mana kitu oge ku maneh dipaling kadieukeun rek dipake."

 Nyi Siti susumpahan, tina teu rumaša, tapi teu digugu keukeuh bae nuding, bari trus harita dilaporkeun ka Hukum, tapi teu kajadijan naon-naon tina kurang trang.

 Sabalikna ti Hukum Nyi Siti diomongan ku indungna, pokna, "Nyai meugeus montong sok daek cacampuran jeung Sakem cumah jelema gindi pikir belang bayah."

24GOONG NABEUH MANEH

Hartina = ngagulkeun maneh (muji maneh)

 Ki Langsu ngomong ka lebe, pokna, "Kang lebe geus nyaho kuring bisa ngamasan, geura buatan kuring mah hade pisan lamun disaruakeun jeung bangsa Europa pahili."

 Lebe: "Na di mana silaing diajar?"

 Langsu: "Di bapa Ibak."

 Lebe: "Naha da bapa Ibak mah kamasan lumayan pisan, meureun muridna oge nya kitu."

 Langsu: "Hih atuh moal aya paribasa sirung ngaliwat tunggul, kuring mah tambah rajin jeung perceka da digawena jeung daek mikir, sumawonna pagawean ngamasan babari, kapan pagawean nu hese oge kuring mah tara lila, jojol mangarti bae, da kuring mah encer uteuk, geura pangabisa kuring mah: hiji bisa [ 22 ]ngamąsan, dua bisa ngaput jeung hadena, tilu bisa anyam-anyaman, beubeunanganana payu gancang lamun dijual, opat kana kaheureuyan saperti: mempo bisa, malah di dieu mah euweuh nu wani ka kuring, wah! pendekna euweuh nu kaliwat, naon bae kuring mah berkah bisa."

 Ti dinya Lebe tuluy ka imahna, barang datang manehna hariweusweus bebeja ka bapana, pokna, "Pa kutan ari Si Langsu jelema rea kanyahona, kuring mah kakara manggih jelema rapekan kitu."

 Ceuk bapana, "Hih montong kaget adatna si eta mah, salawasna sok goong nabeuh maneh hartina sok muji sorangan."

25GOONG SABA KARIA

Hartina = nu nyampeurkeun ka nu kariaan hayang dititah digawe teu karana diondang (maksudna hayang seubeuh barang hakan)

 Mastari geus nyieun balandongan sabab rek nyúnatan jeung ngawinkeun, sobat-sobatna geus rajol bae pada ngalayad jeung nyarambungan, kumaha biasana.

 Ari gerna kariaan teh dina poe Ahad, sarta dina poe Jumaah geus ngiderkeun ondangan.

 Tapi Mastari kaget, pedah sobat-sobat nu sejen tina poe Saptu geus rajol daratang, ari Muhani sobatna keneh bet euweuh tembong-tembong diarep-arep nepi ka poe Ahad tea bet euweuh bae.

 Sorena malem Senen Mastari datang ka imahna Muhani, barang datang pok ngomong, "Kang Muhani! naha ari akang bet teu aya mantuan digawe, ari sobat-sobat nu sejen mah daratang?"

 Muhani: "Hih euy ari batur mah diondang, da dewek mah henteu, kana papait saperti kana kapapatenan moal kungsi diondang, ari kana kariaan mah era, moal enya bae goong saba karia."

26GUNUNG TANPA TUTUGAN (SAGARA TANPA TEPI)

Hartina = euweuh tuntungna [ 23 ] Ki Jaba datang ka Pa Wase, pokna, "Pa kuring nginjeum duit lima puluh perak, keur modal gula, sarta dibayar ku kuring genep puluh rupia dina jero opat bulan, jadi ninggang dina sabulan lima welas perak."

 Pa Wase: "Hade tapi ulah gajlig mangke ari butuh dibere deui."

 Barang geus beres tanda tanganana Ki Jaba balik, sabulan bener mayarna lima welas rupia, ka dua bulanna geus datang deui ka Wase, pokna, "Pa hutang teh tambah deui lima puluh rupia, sabab gula ayeuna keur payu naker kajeun tanda tanganna mah diganti deui bae, jadi ayeuna hutang kuring Rp 120 kurang Rp 15 jadi Rp 105. Eta nu sakitu baris ditungtut sabulan Rp 25 jeung ¼ na tina Rp 5 atawa Rp 26¼.

 Pa Wase: "Hade tapi kudu tigin mayarna."

 Ti dinya sok bae deui lima puluh rupia kakara dua bulan, geus jol deui Ki Jaba ka Pa Wase, pokna, Pa duit teh tambah deui Rp 50, kuring rek meuli sawah duitna kurang, kajeun tanda tanganna mah ganti deui bae, jadi hutang kuring dina tanda tangan nu diganti Rp 105 geus dibayar 2 x Rp 26¼ = Rp 52½, tinggal Rp105,-Rp 52½ = Rp 52½ deui, ayeuna tambah deui Rp 60, jadi Rp 112½ mayar dina sabulan Rp 28 1/8.

 Pa Wase: "Hade."

 Harita keneh ngageroan pamajikanana bari menta duit Rp 50. Ceuk pamajikanana, "Keur naon mentaan bae duit?"

 Pa Wase: "Ieu Ki Jaba nginjeum duit rek ngaganti deui tanda tangan."

 Ceuk pamajikanan, "Hayoh mun kitu mah euweuh tungtungna, ari kahayang kuring keun heula sina lunas, mangke gampang nginjeum deui, ieu mah gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi."


27GEUS CUMARITA

Hartina = Geus tawekal geus imah-imah sorangan

 Warju ti leuleutik digegentel bae ku bapana, diajak digawe kana manday, barang geus umur genep belas taun. [ 24 ] Warju ngomong ka bapana, pokna, "Bapa kamari kuring papanggih jeung ua Bikah di pasar, saurna lamun di lembur ua aya nu manday tangtu payuna, ku margi eta upami aya idin bapa kuring rek manday di ditu bae da geus bisa manday ku maneh."

 Jawab bapana, "Atuh sukur jig bae sing temen di ditu jeung sing bisa titip diri ka ua maneh."

 Isukna bral indit, barang datang tuluy nyieun imah, sanggeus anggeus tuluy digawe, bener saomong uana tea laris pisan.

 Heuleut saminggu ti sa entas Warju pindah jol aya tatamu ka Bapa Warju nu rek meuli pacul, pokna, "Kamana ari tuang putra bet teu aya digawe?"

 Wangsulna: "Wah pun anak mah geus cumarita di ditu di lembur uana."

28HANDAP LANYAP

Hartina = sagala peta polah, rendah tapi nguntup

 Aki Sarwi ditanya ku lurah, pokna, "Aki sabraha jumblahna anak jeung incu?"

 Wangsulna: Sumuhun saeutik, aya bae tilu puluh mah."

 Lurah: "Ambu! ambu! kumaha dipakananana."

 Aki: "Da tara dipakanan neda ku maneh nun."

 Lurah: "Eta bae aki uyuhan ka tadah maraban anak incu nu sakitu reana?"

 Aki: "Atuh ripuhna mah teu kira-kira manasi juragan da loba ka untungan, ari palebah jisim kuring mah ripuh, tapi kitu-kitu upami ditambah salawe deui incu kaduga keneh bae maraban, enya ge walurat, bener kuring malarat, tapi lamun dibandingkeun sareng nu karagungan gajih duka teuing, nya sanggem bae ngungkulan; sumawonna sareng anjeun mah asana kenging."

Ari balik lurah ka imahna, pamajikanana ngomong, "Ti mana akang teh, tadi aya panyaur juragan Wadana?"

 Jawabna: "Puguh' mentas ngawadul jeung aki Sarwi."

 Pamjikan: "Lah sok daek ngawangkong jeung aki Sarwi, geura rurupaan teh isin, adab, tapi sakitu nguntupna kuring mah teu resep ka jelema handap lanyap." [ 25 ]29HIRUP KU PANYUKUP GEDE KU PAMERE

Hartina = jelema nu hakan pakena sacukup-cukupna ku pamere bae henteu boga niat sorangan, dagang atawa tani sumawonna jeneng

 Ki Banca geus loba dununganana jadi gandek di kiai meunang lima bulan, di juragan Kumendang meunang salapan bulan, di lurah meunang opat bulan, demi nu panglilana di juragan Aria meunang katilu satengah taun.

 Hiji mangsa datang ka bapana bebeja yen geus teu betah ngagandek di juragan Aria teh.

 Carek bapana, "Ari maneh ku tara dumuk, dideuleu deuleuna loba pisan juragan, ayeuna maneh rek kaluar ti Juragan, heug tapi ka hayang aing cing sing boga pakasaban anu sakira bakal mahi ka maneh, montong bisa ngangeunahkeun teh ka kolot, atuh sadiri dirieun maneh ieu mah saumur-umur hirup ku panyukup gede ku pamere bae."


30HIRUP DINUHUN PAEH DIRAMPES

Hartina = tumamprak pasrah teu hayang naon-naon

 Hiji budak ngaranna Si Encim ngomong ka indungna, pokna, "Ema kuring embung balik deui ka juragan."

 Indung: "Naha? kapan kahayang sia cicing di juragan Assisor."

 Encim: "Ah cumah ari bareto mah jaba tina nyukup dahar pake, rek maparin duit sapoe lima sen, tapi ayeuna geus sapuluh poe henteu maparin."

 Indung: "Hih ujang ulah kitu saperkara, cicing di juragan kahayang maneh, kadua masing inget juragan sakitu nyaahna ka maneh, ari bujang tea salawasna kudu ngajaga piwarangan, ari maneh nya diurus dahar pake, nya dipangmayarkeun sakola, kudu kumaha kanyaahna juragan, ayeuna mah jig geura balik deui ka dituh wayahna pikiran teh kudu hirup dinuhun paeh dirampes." [ 26 ]31HIRUP ULAH MANGGIH TUNGTUNG PAEH ULAH AYA BEJA

Hartini : Kudu bageur (kudu hade)

 Ikram boga anak lalaki hiji, ngaranna Si Dursa, eta budak bangor kacida, tara ngagugu kana papatah kolot, sok daek cacampuran jeung bangsat, ka indung atawa ka bapa ngalawan, ka batur ngan tanggal-teunggeul bae.

 Bapana hariwangeun kacida tina nenjo lampah anak sakitu dugalha, ari ka anak sakitu nyaahna da ngan boga sahiji.

 Unggal poe Senen jeung poe Kemis manehna jeung pamajikanana ngan puasa bae muasaan anakna supaya babalik pikir.

 Dina hiji poe Dursa dipapatahan ku bapana, pokna, "Ujang cing geura piceun adat maneh nu teu bageur teh nya eta geura eureun, ulah sok daek reureujeungan jeung jelema jahat, ulah tanggal-teunggeul, sabab henteu meunang henteu, sing saha anu cacampuran jeung jelema jahat sok milu jahat, sabalikna lamun di babawa ku nu pinter atawa bageur, sok milu pinter atawa bageur, geuning dina paribasa oge hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah aya beja."

ATAWA

Hartina = rahayu, saratna kudu kieu kajeun-kieu kajeun

 Aki Jahim mapatahan ka incuna nu ngaran Si Jahim, pokna, "Jahim, tuluykeun lampah sia, eta alus, jeung kudu nahan napsu nu goreng, ari nahan napsu tea kudu adu regeng sakuat-kuat, asal daek bae nahan, tangtu katahan. Saratna supaya rahayu teh kudu kieu kajeun-kieu kajeun, geuning ku paraji geus di papatahan, ulah sadenge dengena ari lain dengekeuneunana ulah sadeuleu deuleuna ari lain deuleukeuneunana, ulah sacokot-cokotna ari lain cokoteunana jeung rea-rea deui; lamun eta dilampahkeun tangtu salamet, carek pari basa oge hirup ulah manggih tungtung paeh ulah aya beja.

 Maneh nyaho Si Angkur?

 Jahim: "Uninga."

 Aku: "Kumaha lampahna?" [ 27 ] Jahim: "Jahat kacida sok daek ngadu, maling jeung lacur."

 Aki: "Ayeuna kumaha mulya?"

 Jahim: "Malarat pisan."

 Aki: "Tah hirup manggih tungtung."

 Jeung Si Dengka paehna aya nu meuncit, atuh paingan bae da jelema cilimit sarta jahat, tah nu kitu paeh aya beja."

32HULU GUNDUL DIHIHIDAN

Hartina : nu keur untung tambah-tambah untung

 Agus Jumar juru tulis wadana geus meuli lahan ti Bapa Keon Rp 50 rupia, heuleut lima poe datang urang Solo, nu butuh pisan ku lahan, barang nyahoeun yen Agus boga lahan ti Bapa Keon, tuluy bae ditepungan sarta ditawar Rp 120 rupia, atuh jol dibikeun bae.

 Ku sabab urang Solo tea atoheun tuluy meresen sawitan buatan Solo kira harga Rp 15.

 Saminggu lilana ti saentas ngajual lahan, kuda bibit anu beunang meuli Rp 150 rupia ayeuna aya nu nawar 100 ringgit, ari ka turug-turug isukanana aya tongtonan kuda, kudana nu belo tina ka alusanana meunang persen.

 Sanggeus manehna meunang persen datang besluit jadi mantri ulu-ulu.

 Carek lurah di dinya ka lebe, "Edas bae Agus Jumar aya nanjung keur tina sagala untung, turug-turug naek pangkat.

 Ceuk lebe, "Sumuhun eta mah hulu gundul dihihidan."

33INDUNG LEMBU BAPA BANTENG

Hartina : turunan gagah, beunghar, menak luhur ti indung ti bapa

 Bapa Ibra nanya ka Suja, pokna, "Suja juragan juru tulis camat bejana diangkat kana Wadana, na enya?"

 Suja: "Enya pa kuring mah kaget wani ngalangkah dunungan,bener lain di eta tempat, tapi ngajadikeun kaget ka sarerea."

 "Hih montong kaget, da bapa nyaho raratanana; bisi maneh teu nyaho, eta teh putra dalem Marhum, ibuna putra dalem nu [ 28 ]ngalih ka Jawa tea, nya pantes bae jlog kana wadana oge, hiji pinter, kadua bageur, ka tilu turunan luhur ti ibu ti rama; eta mah indung lembu bapa banteng."


34IEU AING

Hartina = jelema nu reueus; rumasana bangsa luhur, atawa hade, kasep, pinter gagah jeung sajaba ti dinya (asa pangna).

 Lajim ngomong ka Dasna, pokna, "Dasna! bejana Si Akum diseuseul ku juragan urang, na enya?"

 Dasna: "Enya! da eta elat dipiwarang meuli sapatu."

 Lajim: "Atuh meureun bae diseuseul oge, da si eta mah aya euweuh bangun kana gancang-gancang teh, geuning dewek mah manan diseuseul anggur dipaparin lungsuran sinjang da gancang ari dipiwarang teh; ongkoh si Akum mah jelemana rada ngulet kana gawe; geura dewek mah ku juragan unggal entas tuang kudu bae dipaparin alas, da eta ongkoh baraya ka juragan istri, sarerea oge bujang-bujang di dieu enggeus diseuseul ku juragan, da dewek mah iraha?"

 Lila-lila Lajim jeung. Dasna aya pasendatan, Dasna geuwat bebeja ka Sakum, pokna, "Akum! pohok deui poe tanggalna, Lajim ngomongkeun ka silaing, pajar jelema ngulet teu cara manehna daekan."

 Akum: "Wah adatna si eta mah jelema julig, geura ari ngadeuheus teh ka juragan, gawena ngan ngagogoreng batur bae, sarerea oge geus pada nyaho eta teh jelema sok ieu aing, komo lamun dipuji."


35INDIT SIRIB ANAK EWE

Hartina = indit sarerea anak incu jeung baraya-baraya

 Ayah Aceng diondang ku sobatna rek kariaan di lembur Nangkod, ku sabab dina surat ondangan sanget hayang dida[ 29 ]tangan, sarta sa anak incu kudu dibawa, tuluy ayah ngajangjian ka anak-anakna jeung ka incu-incuna sarta kudu pada kikiriman.

 Carek ayah, "Barudak isuk urang arindit ka lembur Nangkod, engke sore bebeja ka juragan lurah."

Carek incuna, "Embah naha indit teuing sarerea saha anu tunggu lembur, atuh lamun ka idinan mah kuring bae di dieu.'

 Ayah: "Keun bae nu tunggu mah urang muruhkeun, ari nu matak kudu sarerea, ka hayang sobat aing kudu indit sirib."


36KANDEL KULIT BEUNGEUT

Hartina = teu boga ka era.

 Si Bajal mindeng dicarekan ku uana, dosana lanum nenjo totopong weuteuh atawa talana uana, tara diinjeum deui, tuluy dipake bae, di mana geus leuseuh kakara dipulangkeun, sumawonna ari kana dadahareun mah hancengan uana tara dipenta deui, tuluy dihakan bae, ku sabab kitu uana sok mindeng nyarekan.

 Hiji poe Si Bajal, dicarekan bari dilarang ulah sok datang ka imah uana, sabab teu resep kana adatna, tapi isukna geus jol deui bae bari ruyuh-rayah neangan kahakanan kana tetenong, Ceuk uana, "Naha ari sia Bajal teu boga ka era, sakitu geus dicarekan sababraha kali teh, masih keneh bae ngalampahkeun nu matak teu kayungyun, bet kitu patutna ari jelema kandel kulit beungeut."

Si Bajal tuluy balik.

37KATULUSKEUN JURIG

Hartina = nu asal heureuy jadi enyaan

 Sanadi ngarala suluh jeung Panta ka sisi lembur pada marawa peso rajang, sabot keur ngaradekan suluh, Sanadi ngomong, pokna, "Ieu peso aya seukeut dikadekeunana kana suluh, koma lamun kana pipi silaing." [ 30 ] Panta nembal bari heureuy pokna, "Wah kana pipi dewek moal teurak jeung lebar bae datang ka teurak ku peso mah."

 Sanadi salah sangka marukan nyebutkeun lebar teh si Panta weduk, omongna, "Na enya moal teurak cing ka dieu ku aing kadek, bari pesona diamang-amang kana beungeutna. Si Panta reuwas tuluy suku Si Sanadi ditajong, tina ngarasa nyeri Sanadi ngambek, peso dilepaskan kana beunggeut Si Panta, gero bae sasambat, pokna, "Tulung! tulung! kuring dikadek pipi."

 Teu lila burudul urang lembur daratang sarta pada ngilikan tapak pangadek, malah lurah di dinya datang, pokna, "Nah sia Sanadi wani-wani ngadek pipi?"

 Sanadi: "Da bongan ka kuring najong?"

 Panta: "Meureun bae sia ngamang-ngamang peso rek ngadek."

 Sanani: "Naha da dek ngadek soteh bobodoan.

 Ceuk lurah, "Meugeus geura baralik ubaran bae geuwat ku cuka mana ceuk aing oge ulah hareureuy bisi katuluskeun jurig cara ayeuna."

38 1a. KAJEUN PANAS TONGGONG ASAL TIIS BEUTEUNG
2e. ULAH TIIS TONGGONG PANAS BEUTEUNG
Hartina = 1. nuduhkeun jelema getol, tonggong panas oge ka poe ngeureuyeuh bae digawe lila-lila meunang buruhan tina pagaweanana, ayeuna manehna bisa meunang, atawa meuli kahakanan jadi beuteungna tiis (seubeuh) henteu kukurubukan.
Hartina = 2. tiis tonggong panas beuteung mah sabalikna.

 Ami ngadekul bae unggal-unggal poe ngarambet, teu kalis aya batur, ceuk tatanggana, "Ami naha ari maneh popohoan teuing digawe teh, bet unggal-unggal poe ngan ngarambet bae, mun muruhkeun, bulan tukang ilaing mah ngadekul bae ngaseuk ku maneh."

 Jawabna: "Hih euy kajeun panas tonggong asal tiis beuteung, ti nimbang tiis tonggong panas beuteung mah. Geura ilaing cicing [ 31 ]bae henteu aya pagawean, naon mangke anu didahar, bener tonggong tiis tapi beuteung panas hayang barang hakan (kukurubukan)".

39KAWAS TERONG BEULAH DUA

Hartina = sarupa boh hade boh goreng, ari babakuna rupa indung atawa bapa jeung rupa anakna (jeung dulur)

 Raden Wirakarana boga anak lalaki, rabul nu ngalayad awewe lalaki tina boga anak kakara, pada nyareumpal aya nu mere encit, aya nu duit, nu saputangan madras, aya nu samping jeung aya nu ku congcot make uyah lembut, tarasi bawang bodas, cariu jeung bakakak.

 Demi rupana budak ceplek pisan jeung rupa bapana (Raden Wirakarana), sakur nu pada ngalayad kabeh pada mangku sarta didoaan.

 Ceuk Pa Karwa bari ngalahun budak, "Kamana Raden Wira, geura ieu tuang putra aya sarua jeung bapak, ieu mah terong beulah dua."


40KAWAS GULA JEUNG PEUEUT

Hartina = jadi hiji tina hade pada hade (sili asih)

 Urkasan hade kacida hatena ka Suan, kitu deui Suan asih ka Urkasan, ka mamana kudu reureujeungan, heesna reujeung, lalajo embung pisah, meuli baju hayang sapasang.

 Lamun Urkasan aya nu mere duit tuluy diduakeun bae jeung Suan, Suan pon nya kitu keneh.

 Hiji poe bapa Urkasan papangih jeung indung Suan, pokna, "Aja Si Ujang di ditu?"

 Wangsul indung Suan, "Unggal poe oge di ditu bae, da eta budakna jiga embung pisah jeung pun anak teh kawas gula jeung peueut bae." [ 32 ]41KOKORO NYENANG

Hartina = nu nerapkeun barang henteu jeung pernahna

 Si Sumi anak tukang buburuh nutu, lamun nenjo batur make nu hade (alus) sok kabitaeun pisan.

 Hiji mangsa manehna keur nutu jol aya anak nu beunghar ngaranna Nyi Nari, make geulung emas diali inten.

 Carek Nyi Sumi, "Nyai sabaraha digaleuhna eta pinggel sareng lelepen nu dianggo?"

 Wangsulna, "Nyao da beunang ngagaleuh sepuh."

 Sumi: "Cing kuring nambut sapoe bae, ku hayang make nu kitu isuk disanggakeun deui."

 Ceuk Nyi Nari, "Hade, kade bae kapanggih ku ema, ari hayang make mah."

 Harita keneh geulang jeung ali dibikeun sina dipake.

 Barang Nyi Nari geus balik jol indungna datang ka lisung, ari ditenjo anakna geus make geulang emas jeuang diali inten, ceuk indungna, "Ambu-ambu ti mana eta sia make nu kitu?"

 Wangsulna: Beunang nginjeum ti Nyai Nari."

 Indungna ngambek pokna, "Geura pulangkeun ka ditu, teu puguh-puguh kokoro nyenang buburuh-buruh nutu digeulang emas diali inten."

ATAWA

 Aya nu boga imah leutik, tur butut di jerona make meja marmer, lampu gantung make gambar-gambar galede.

42KOTOK BONGKOK KUMOROLONG KACINGCALANG KUMARANTANG

Hartina = sarua bae jeung lauk buruk milu mijah piritan milu endogan dina jilid II.

43KURU CILEUH KENTEL PEUJIT

Hartina = ngurangan sare ngurangan dahar. [ 33 ] Ki Turas ngomong ka guruna ngaji, pokna, ”Kiai kuring ayeuna mah amit mundur bae, da di dieu oge kuring ngaji teh belet pisan, saperkara kuring isin ku kiai, kadua era ku babaturan, katilu era ku kolot, da ari bekel mah murudul bae unggal-unggal bulan.”

 Guru: ”Hih Turas leukeunan bae heula, teu bisa bulan ieu sugan bulan hareup, lamun maneh hayang bisa keur naon make era ku guru atawa ku babaturan, sumawonna ku kolot, cing atuh ayeuna getolan diajar teh, jeung cing sing daek kuru cileuh kentel peujit ambeh padang ati.”

ATAWA

 Ceuk Si Sambar ka Si Tolo, ”Tolo ka mana Si Ajar, ayeuna urang ajak lalajo lilingong di lembur Sadang?”

 Tolo: ”Ah si Ajar mah ulah dibawa ka mamana karunya jelemana keur kuru cileuh kentel peujit hayangeun boga pangabisa.”


44 KEUR MEUJEUHNA BUTA TULANG BUTA DAGING

Hartina = keur meujeuhna bedas kira-kira tina umur 18 taun nepi ka 30 taun

 Dina hiji poe aki Siin jeung bapa Uman ting arungked bae ngangkat balok ti huma rek dibawa ka lembur, meueus-meueus eureun, meueus-meueus eureun di jalan, tina ku bawaning beurat, sabot keur eureun datang agus Dira, omongna ”Kai ti mana ieu aki?”

 Wangsulna: ”Kai ti huma rek dibawa ka lembur, tapi teu kaur balas eureun da beurat.”

 Dira: ”Cing aki ku kula bawa, bari tuluy balok teh dipanggul ku sorangan, semu hampangeun pisan, bari tuluy dibawa ka lembur aki Siin.”

 Bapa Uman gogodeg bari ngomong ka aki, pokna, ”Edas agus Dira mah nya bedas.”

 Ceuk aki, ”Atuh meureun bae bedas oge, da keur meujeuhna buta tulang buta daging.[ 34 ]45LANDUNG KANDUNGAN LAER AISAN

Hartina = sabar (gede timbangan)

 Ambu Banis boga anak lalaki hiji teuing ku bangor tina bangorna kacida, ku ambu Banis diserenkeun ka adina sina diajar, tapi adina oge teu bisaeun ngawarah, ti dinya diserenkeun deui ka lanceukna, tapi nya kitu deui bae anggur tambah bangor, sakur nu dicicingan ku eta budak teter.

 Bapa Jawi barayana keneh ambu Banis, karunyaeun, tuluy budak teh dirawatan, barang ambu Banis nyahoeun geuwat datang ka Bapa Jawi; pokna, ”Akang bejana Si Ujang dirawatan di dieu, atuh kuring rebu-rebu nya nuhun, mugi akang sing landung kandungan laer aisan bae tina budak sakitu badeurna.”


46LUNCAT MULANG

Hartina = teu puguh

 Asran ngomong ka adina, pokna, ”Jalu, domba adu aing tukeurkeun ayeuna mah kana bikang supaya meunang dua bae.”

 Jalu: ”Mangga kang, bareto mah Pa Emen nu hayangeun teh.” Jalu tuluy bebeja ka Pa Emen pokna, ”Bapa ayeuna mah domba kang Asran rek ditukeurkeun kana bikang, tapi hayang meunang dua nu galede.”

 Pa Emen, ”sukur, tuh domba bapa nu galede cokot di sawah.”

 Jalu: ”Mangga, mangke bae sore ari geus kalung,” bari tuluy balik.

 Teu lila gok deui jeung lanceukną pokna, ”Kang geus aya nu rek nukeuran ku bikang galede dua, tuh ku Pa Emen.”

 Asran: ”Lah nyaah euy ditukeurkeun mah cing atuh beuli bae kitu sapuluh perak.”

 Jalu geuwat balik deui ka Pa Emen pokna, ”Bapa! geuning ceuk akang hayang dijual bae kajeun sapuluh perak.”

 Pa Emen: ”Kajeun sapuluh perak oge, geura bawa bae'ka dieu, da bapa bogoh (resep). [ 35 ] Jalu geuwat balik, barang domba rek dibawa Asran ngomong, Rek dibawa ka mana?”

 Jalu, ”Kapan rek dijual sapuluh ,perak.”

 Asran: ”Ah teu tulus resep keneh ari hayang mah miara heug kitu ka bapa, ari dibeuli mah ulah, cig bawa bae ka ditu.”

 Jalu tuluy mawa domba; barang rek diduitan Jalu ngomong, ”Bapa saur akang ari digaleuh mah ulah, lamun bapa resep mangga piara bae di dieu.”

 Pa Eman ngambek pokna, ”Naha sia nyocoo teuing ka aing teh, tadi hayang ditukeuran, pek deui hayang dibeuli, ari rek diduitan, nitah dipiara naha aing teh bujang dulur sia, hayoh geura bawa mantog, aing teu sudi papanggih deui jeung jelema teu puguh.”

 Jalu eraeun tuluy balik bebeja ka lanceukna pokna, ”Kang teu daekeun ari miara bae mah, sarta Pa Eman ka kuring ngambek, da eta akang mah kasauran tea luncat mulang.”


47 LEUTIK RINGKANG GEDE BUGANG

Hartina = ka jelema, leutik waruga gede papaitna.

 Embah Karma mapatahan ka incuna, pokna, ”Ujang cing ayeuna mah sing bageur da aki geus kolot, ulah sok ider-ideran teuing nyaba teu puguh, maneh mah aya di nagara sorangan teh ngan wates saminggu, ngatrok bae di nagara sejen, mending mun puguh gawe, cing ayeuna mah ulah sok nyiar pikamelangeun kolot, kumaha mangke lamun paeh di jalan di pasampangan, lain matak nyusahkeun; kuda munding mun ngajóprak di jalan nya tuluy bae dipiceun, ari jelema mah leutik ringkang gede bugang.”


48LEULEUS AWAK

Hartina = daekan dititah

 Katranganana sarua bae jeung hampang birit dina buku jilid I.


49 LEUBEUT BUAH HEJO DAUN

Hartina = sarua bae jeung keur meujeuhna hejo lembok dina buku jilid II [ 36 ]50MANGKOK EMAS EUSI MADU

Hartina = jelema nu hade trus omongna alus, gekna hade, lampahna bageur, omongna jeung lampahna trus hade ka ati-atiná

 Ujang Samhari jelema ampuh lungguh, hade basa handap asor, manis budi, ka turug-turug hade rupa, sakitu henteu nyieun luhur ka sasama atawa ka sahandapeun, jelema teh resep campur jeung isin bae, geus puguh sasama atawa sahandapeun martabatna, hingga anu saluhureun oge ngaradaban jeung resep bae ka agus Samhari, tina jelema terus teu aya pisan palsuna omongna terus jeung adatna katut ka budi-budina hade, jadi nu sarupa kitu asup kana paribasa mangkok emas eusi madu, keur tata polahna hade, alus ka ati-atina.

Coba terangkeun deui naon bedana:
Batok bulu eusi madu
Mangkok emas eusi delan
Mangkok emas eusi madu.


51MANIS LAMBE

Hartina = jelema bohong, jangji sanggup naon-naon, tapi ngan omong wungkul; jelema nu kitu ka reaanana sok aya oge pangarahna

 Ki Gundik disaur ku kiai pokna, ”Gundik bejana di silaing rea binih cau galek, cing dewek kirim beulieun.”

 Gundik: ”Binih cau galek mah ngalideg, ari hoyong mah mangga, sareng montong ngagaleuh, seja ngahaturanan bae, malah upami kersa bade dihaturanan cangkok rambutan aceh.”

 Kiai: ”Atuh sukur, sukur, tah ieu bako sajamang mere keur silaing; iraha dianteurkeunana?”

 Wangsulna, ”Iraha bae ngan ulah dinten ieu naas,”

 Isukna isuk-isuk Kiai miwarangan nyokot binih cau jeung cangkok rambutan. Ceuk Gundik, ”Teu acan sayagi ayeuna mah isuk pageto deui kitu unjukeun.” [ 37 ] Harita keneh jol Pa Islam, menta dibantuan ngakut jawabna, ”Sae mangga ti payun, nambut duit heula bae ayeuna mah sabenggol, mangke digentosan ieu teu aya pun bojo, wah dibantuan ku kuring mah moal lila oge anggeus.”

 Tuluy dibere sagobang Pa Isman ti heula, tapi nepi ka anggeusna ngakut Ki Gundik mah teu tembong.

 Hiji mangsa manehna nganjang ka ambu Juwi, di dinya nyampak budakna keur gering omongna, ”Iraha ieu Si Ujang geringna? Karunya cing ku emang, jampe tuluy nambaan budak, ari enggus ngomong deui, ”Mangke sore kuring rek nungguan Si Ujang di dieu, karunya ceuk ambu Juwi sae ari rek nungguan mah, sukur bari kuring teger nya ati; tah ieu ududeun candak, mangke sore ulah gagal.”

 Ari reup sore Ki Gundik ngahenen bae di imahna, ceuk ambu Jawi ka salakina, ”Naha Ki Gundik euweuh, majar rek nungguan budak.”

 Omong salakina, ”Wah maneh mah diandel jelema manis lambe ngan omong wungkul.”


52MALAPAH GEDANG

Hartina = malibir henteu netek lamun rek nyaritakeun hiji barang, ulah jol-jol pek ka nu rek dicaritakeun, kudu mayat lamun rek nyaritakeun: Domba

 Dina waktu urang keur pelesir atawa keur nyaba, di tegal-tegal atawa di sawah-sawah sok rea nenjo sasatoan kayaning: Sapi, munding, kuda embe domba jeung sajaba ti dinya; demi nu rek diçaritakeun di dieu nya eta domba.

 Tah, ayeuna kakara nyaritakeun domba wungkul, ari mimitina teu harib-harib kana domba, ayeuna mah jol bae ka nu rek dicaritakeun tea.

ATAWA

 Si Damin nyokot duit tina lomari bapana dua ringgit, bapana geus boga pikiran, lamun joljol ditanya tangtu eta budak ngangles [ 38 ](mungkir) jeung bisi reuwaseun, ku sabab kitu bapana tuluy nanya mimitina, "Damin! domba geus dikalungkeun?”

 Wangsulna: ”Parantos.”

 ”Manuk tadi diparaban?”

 Damin: ”Parantos malah dibere kacang herang, ambeh bungkak.”

 ”Ari tadi eta lomari dikunci?”

 Damin: ”Henteu.”

 ”Sia tadi muka lomari?”

 Damin: ”Muka ngabantun baju.”

 ”Ari duitna ku sia dicokot?”

 Damin ngeluk teu nembal tina rumasa.

 Tuluy Si Damin dijangjian ulah kitu-kitu deui.

 Ku omongan ieu oge Bapa Damin nanyana malapah gedang.


53MENTA BUNTUT (BUNTUTAN)

Hartina = menta deui

 Nyi Sarem ngalimed bae nyatu, ku indungna di pangmeulikeun cungur tilu duit, ngeunaheun naker wani cacamuilan, ari geus beak Nyi Sarem hayang keneh tuluy ngomong, pokna, ”Ema! ema! cing menta deui cungur, bet raos uduh.”

 Wangsul indoengna, ”Hih eulis ulah sok menta buntut emateu boga deui duit.”


54 MUN TEU NGARAH MOAL NGARIH
MUN TEU NGAKAL MOAL NGAKEUL
MUN TEU NGOPEK MOAL NYAPEK

Hartina= kudu daek kipayah kumaha akalna ngarah rejeki tina dagang atawa tina tani atawa kuli teu bisa tina tani ah sugan tina dagang, teu bisa dagang sugan tina kuli, diakal-akal supaya bisa nyatu, lamun geus timu ngarah rejeki, bisa akalna, ngopek sagala gawe daek, nya tangtu bisa ngarih, lamun geus ngarih tangtu deukeut
[ 39 ]
kana ngakeul, sarta lamun geus ngakeul tangtu bisa nyapek

 Bibi Sarbi ditanya ku Si Kepik, pokna; ”Bibi aya paribasa mun teu ngarah moal ngarih, kumaha eta? Apan teu hade ngarah ka batur?”

 Bibi Sarbi seuri, ”Hih ngarah soteh lain ngarah ngarinah, ieu mah ngarah soteh neangan rejeki lamun urang teu neangan rejeki tangtu moal bisa ngarih (hartina moal bisa nyatu) geura sia upama boga beas wungkul lamun teu bisa ngarah suluh keur ngejo bisa dikarih? Tangtu moal.”

 Kepik: ”Mun teu ngakal moal ngakeul?”

 Sarbi: ”Nya kitu keneh bae, ngakal soteh lain ngakal nu sarua jeung nipu nya eta ngakal-ngakal saperti beas bieu, sia ngan boga beas wungkul, teu suluh teu seuneu, ceuk sia kumaha akalna supaya aing boga suluh jeung seuneu, lamun geus kapanggih akalna tangtu bisa ngejo terus meureun bisa ngakeul.

 Mun teu ngopęk moal nyapek; nya eta lamun teu daek kana sagala gawe tangtu lamun teu aya kå untungan (lila teu aya ka untungan) nya moal bisa nyatu, jadi maneh sing inget pisan lamun jelema sagala embung cilaka nya eta.

„ Mun teu ngarah moal ngarih.
„ Mun teu ngakal „ ngakeul.
Mun teu ngopek „ nyapek.

 Sarbi: ”Harti ayeuna mah.”


55MURANG BULU BITIS

Hartina = jelema nu tara resep cicing di imah, karesepna ngan nyaba bae

 Mas Lubin geus lima kali datang ka imah Ki Ambit, tapi euweuh-euweuh bae.

 Hiji mangsa gok jeung mitoha Ki Ambit, pokna: ”Bapa kuring geus lima kali nganjang ka tuang putra, weleh teu bisa tepang, ka mana eta teh ana nyaba?”

 Mitoha: ”Duka teuning, da bapa oge arang nenjo di imahna, [ 40 ]coba ana geus nyaba teh poho di anak poho di pamajikan,unggal-unggal poe ngan ngider bae, nya rajeun cicing di imah ngan ukur sajam geus les deui.”

 Mas Lubin: ”Iraha atuh ayana di imah supaya kuring bisa papanggih

 Mitoha: ”Duka atuh, rasa bapa hese lamun hayang papanggih di imahna mah kawantu geus murag bulu bitis.”


56NGAGANDONG KEJO SUSAH NYATU

Hartina = loba titaheun, hese nitah (saperti nu loba anak atawa loba bujang)

 Ambu Sureng anakna aya sapuluh, nu geus lanjang nu geus bujang jeung aya keneh budak nu disusuan.

 Tapi ambu Sureng ripuh kacida nguruşkeun hakan pakena barudak, sabab upama wawadahan kotor, tacan ka warung, nitah anakna nu lanjang tara daekeun sabab pikiranana era ngumbäh wadah, atawa ka warung, nitah adina tara ngagugu anggur ulin, sumawonna nu bujang, sakalieun rek meulahan suluh oge tara daekeun, pokna, ”Teu bisa,” bari baeud anggur geuwat ngaleos ti imahna, jadi ambu Sureng digawe prak ku maneh prak kumaneh bari ngekelek budak nu keur disusuan tea, demi usum nyatu baru dak ngagimbung marenta nyatu, lamun kejo acan asak ngàgegentak malah aya anu ceurik.

 Kitu deui lamun euweuh deungeunna barudak teh baraeud.

 Carek indungna, ”Ayeuna barudak montong harayang nyatu, da tara beunang ditaritah, coba maneh geus pantes naker nulung ka indung, tapi euweuh hiji nu beunang dititah, da ari elat nyatu mah garoreng budi, nyatu euweuh deungeunna jamedud, naha kudu aing cara kikinciran, bari ngelek-ngelek budak, bet unggal-unggal poe tara beunang dititah.”

 Nu sarupa kitu asup kana paribasa ngagandong kejo susah nyatu. [ 41 ]57 NANGTUNG DI KARIUNGAN NGADEG DI KARAGEMAN

Hartina = kumpulan barempug (ragem)

 Lumbrahna di kampung ana rek pakaya şok nurutkeun sakumaha karepna bae, upama rek nyawah ngamimitianana macul tara bareng,ku sabab kitu dina beubeunanganana oge, aya nu untung atawa cilaka, ku sabab sok kajadian kitų lamun rek nyawah sok badami jeung batur-baturna ngabadamikeun, bulan mana baris ngamimitian macul, jelema-jelema nu datang kana eta kumpulan disebutna nangtung di kariungan ngadeg di karageman.

 Bapa Ameng ngaromong jeung bapa Irpan, Ceuk bapa Irpan; ”Kaka kula mah sok keuheul ka Ki Samba, eta tära beunang dibejaan ari nyambut teh di mana bae rasna tara barempug heula jeung batur.”

 Wangsul bapa Ameng, ”Enya eta mah sarua bae jeung Ki Kosen, geura ku urang pikir jelema kitu teh, lamun manehna pareng untung bener sok kacida atohna, batur mah cilaka oge kajeun teuing, tapi lamun manehna pareng cilaka, kacida nyerina, geura lamun barempug heula mah, untung atuh untung sarerea suka sarerea, cilaka atuh çilaka sarerea, teu matah nyeri hate ari geus nangtung di kariungan ngadeg di karageman mah.”


58NGANDUNG HATE

Hartina = aya ka teu ngeunah ti nu sejen tapi teu dikedalkeun ngan ngundek-ngundek bae

 Hiji poe Nyi Tarsi jeung Nyi Naan caricing bari ngaromong sisi jalan, ngomongkeun impianana, nya eta Nyi Tarsi ngimpi nyatu bonteng, ari inget manehna bet ngolomoh suku kelir nu deukeut ka dinya, atuh key bae seuseurian. Lar Nyi Ijem ngaliwat rasana nyeungseurikeun manehna, Nyi Ijem baeud ngewaeun ka eta dua awewe.

 Isukna Nył Naan papanggih jeung Ijem, pokna, ”Kamana Jem?”

 Nyi Ijem teu nembalan anggur nyiduh semu ijid bari tuluy. [ 42 ] Nyi Naan heran tuluy bebeja ka Nyi Tarsi, pokna, ”Tarsi kami heran ku Nyi Ijem, ditanya bet henteu daek nembalan, bari kuraweud hangseur, cumiduh, na kunaon?”

 Nyi Tarsih: ”Euh eta meureun basa kamari rasana nyeungseurikeun manehna, cing hayu urang sampurkeun, bisi pajah enya.”

 Ti dinya tuluy arindit barang datang ceuk Nyi Tarsi, Ijem kunaon maneh ditanya ku Nyi Naan bet, teu nembalan, malah semu nu ngewa, ka kami ge meureun nya kitu, bisi maneh ka isinan ku kami, kami mah seuseurian soteh nyeungseurikeun impian, ngan salahna kami teu nanya, meugeus, ayeuna mah montong ngandung hate da kami wani sumpah.”


59NETE TARAJE NINCAK HAMBALAN

Hartina = kudu beres entep seureuhna cara Guru-guru anu aya piunjuk ka anu ti payun kudu jalan heula ka school Commissi, ti dinya dijalankeun deui ka mana mistina.

 Mas Takwa Kweekeling di hiji sakola, dina hiji poe manehna rekes nyuhunkeun tambah gajih, barang surat geus anggeus tuluy bae dikirimkeun ka Directeur di Batawi.

 Henteu sabraha poe lilana eta rekesan tea dibalikeun deui ka Commissi sakola di eta tempat.

 Barang Commissi sakola tingalieun, Mas Takwa geuwat disaur, sanggeus datang saur Commissi, ”Takwa naha maneh rekes torojogna ka Directeur, lamun maneh teu nyaho eta surat rekesan kudu dilapor heula ka Mantri Guru, ku Mantri Guru dilaporkeun deui ka Commissi sakola, kapan kudu nete taraje nincak hambalan.”


60NGACAK NGEBUR

Hartina = sakama-kama make kana banda

 Agus Jingga jelema bageur, getol ti leuleutik kana sagala apik jeung daek, lila-lila jadi beunghar, duit loba, sapi, munding nya kitu, jadi Agus sakarep-karepna jadi jeung gampangna.

 Demi Ki Adu jelema kedul ti leuleutik kana sagala embung, ana geus kolot nyamos pisan teu aya ka bogana. Imahna oge nurut di [ 43 ]Ua Jali, nyieun gowok, sarena anggel hiji samak hiji kitu ge geus butut, kapukna amburadul, samakna rawing, ana sare morongkol disimbut ku totopong butut, baju sampingna geus barau da teu bisa nyeuseuh tina teu boga keur salin.

 Carek ua Jali: ”Tah Adu ayeuna ku maneh karasa sabab bongan maneh sorangan sok sagala embung, tungtungna jadi sangsara hirup, tuh tenjo Agus Jingga kapan eta teh sasama maneh, ngan jelema eta mah getol, rajin, daek, jeung apik kana sagala gawe kajadianana ayeuna ngacak ngebur, saniskara ka hayang gampang da sagala aya.”


61NISTA MAJA UTAMA

 Sakali, dua kali, tilu kali

Hartina = kana kahadean atawa kagorengan kudu geus nepi kana utama (cukup)

 1e. Ambu Impan boga anak awewe hiji ngaranna Nyi Saling, eta budak sok daek ceceremed, mimiti ambu Impan meunang beja, yen Nyi Saling sok daek malingan barang-barang ti imah batur, tapi ambu Impan henteu daekeun nyiksa sabab nista keneh, da henteu katenjo ku manehna eta budak sok maling.

 Kadua kalina meunang deui beja yen manehna loba duitna, sarta bener indungan leungiteun tapi teu nyahoeun topna, jadi rek nyiksa teh aringgis bisi lain ku Nyi Saling.

 Katilu kalina keur waktu ambu Impan aya di goah rek nyiuk beas, aya nu ngagolotrak mukakeun peti, barang ditempo bet anakna, nya-eta Nyi Saling keur nyokot duit, tuluy Nyi Saling turun ditempo ku indungna bet tuluy ka jalan meuli pibajueun ti nu dagang.

 Harita mah ku ambu Impan diantep bae, barang isukna Nyi Saling tuluy ditanya, pokna, ”Saling maneh teu nyokot duit tina peti sarupia?”

 Wangsulna: ”Henteu duit keur naon?”

 Ceuk indungna, ”Ayeuna aing geus nyaho, tetela sia jelema jahat, geuning kamari basa aing keur digoah, sia nyokot duit tina [ 44 ]peti, tuluy ku sia dibeulikeun kana encit di jalan, satadina aing hayang ngawarah ka sia, tapi wates beja sakali dua kali mah ku aing teu digugu, ari ayeuna ka tilu tetela pisan.”

 Harita keneh Nyi Saling ku indungna diborogod di cangcang dina tihang imahna, sabab gues nista maja utama.

ATAWA

2e. Kana leuleumpangan jauh
lamun leumpang sorangan nista,
duaan maja,
tiluan utama.

 Leumpang sorangan, lamun manggih balai tonggoy euweuh anu nulungan.

 Lamun duaan manggih balai nu saurang, nu sarurang deui susah ari rek nungguan di dinya euweuh nu baris bebeja, ari indit ditinggalkeun nu cilaka ngan sorangan.

 Lamun tiluan utama (cukup) sabab upama nu hiji cilaka, nu hiji nungguan nu hiji deui bebeja.

ATAWA

3e. Kanjeng Residen kalaporan ku paduka tuan Controleur yen juru tulis camat geus meujeuhna diangkat juru tulis Wadana, sabab pagaweanana maju.

 Kanjeng Residen acan ngagugu, karana nista keneh, kakara aya laporan ti saurang, biheung teuing eta mah pitulungna bae.

 Kadua kalina kalaporan deui ku Kangjeng Dalam yen eta juru tulis maju, rajin kana gawe, tapi Kangjeng Residen tacan keneh bae ngangkat karana kakara maja.

 Geus kitu kalaporan deui Kangjeng Assisten yen eta juru tulis maju rajin daek kana gawe, ku margi eta disuhunkeun supaya eta juru tulis diangkat kana juru tulis Wadana.

 Ayeuna kakara Kangjeng Residen nurutkeun sabab geus utama, hiji: tuan, Controleur, dua Kangjeng dalem, tilu Kangjeng Assisten, eta katrangan cukup pisan geus meunang katrangan ti tiluan.

 Atawa aya nu nerangkeun kieu. 4e. Jelema nu nista nu kakara lalajo wayang kulit. [ 45 ]

Jelema nu maja kakara lalajo topeng,
utama kudu geus lalajo ronggeng.

 Sabab: nu lalajo teh nenjo kalangkangna bae, puguh bangunna, ngigelna jiga ngigel ku maneh, sarta ngomongna siga ngomong sorangan, tapi nista keneh da kahalangan ku kelir teu sidik.

 Maja lalajo topeng: bener sidik katenjo ngigelna ku maneh, sarta nu ngomong katenjo make dalang, tapi beungeutna topeng make kedok jadi sasatna teu sidik keneh.

 Utama lalajo ronggeng: nya eta beh rupana, ngong sorana, sarta hade gorengna sidik (cukup).


62NYIUM BARI NGEGEL

Hartina : nyandang rapet jeung aya pangarah, salakina disobat pamajikanana dijinahan

 Si Pari datang ka Ki Jaen, pokna, ”Kang! bisi akang baris miwarang ka kuring montong asa-asa, jeung montong aya halangan naon-naon, janari tengah peuting mo burung diturut, da euweuh deui nu nyaah alah batan dulur teh ngan akang buktina; ayeuna kuring teu rek alang-alang kumapalang, ngan supaya eta bae kagungan, sawah nu saluwuk ku kuring sambut sewaanana moal dikurangan.”

 Jaen: ”Heug euy ari silaing bener mah mo burung dibere, jeung sewaanana ulah dielat-elat.”

 Upama anak Ki Jaen gering, geuwat diteang dikirim ubar, bari ditungguan; ari balik nginjeum duit sarupia atawa saringgit, tina bisana ngomong dibere bae.

 Hiji poe Si Pari ngomong ka Ki Jaen pokna, ”Akang wireh ayeuna geus usum nyambut, eta munding kagungan ku kuring bae dianjuk Rp 40; mayarna sakalian sareng sewaan sawah.”

 Walon Ki Jaen, ”Montong dibeuli ari rek dipake kop bae, sanggeusna pulangkeun deui.”

 Pari: ”Ah alim kuring ari ngaruruksak kagungan akang mah, mending-mending eta munding balikna deui walagri, kumaha mun pateuh, atawa kuru, atawa paeh pisan, jadi kuring teu iklas ka [ 46 ]akang, emutkeun bae ku akang, ari hoyong deui mah munding, mending ngagaleuh deui bae nu ngora nu kuat."
 Tina dihantem dikeukeuhan tungtungna dibikeun.
 Barang nepi kana usum dibuat, sumawonna ladang munding, teu sewaan-sewaan acan.
 Pamajikan Ki Jaen nanyakeun, pokna, "Akang kumaha duit munding jeung sewaan sawah teh enggeus katampa?"
 Wangsulna: "Teu dibere da pokna teu acan sadia." Pamajikanana molotot bari nḡomong, pokna, "Ti bareto oge dicarek! dicarek! ulah sok digugu teuing pamentana Si Pari teh, jelema bisa nyium bari ngegel."

63NGUKUR BAJU SASEREG AWAK
Hartina : jelema nu ngan ngurus dirina sorangan bae (teu nolih kabatur)
 Ki Bakal jelema budi, tara akur jeung babaturan, sumawonna daek talang tulung ku rejeki kabatur, sakalieun manggih anu diteunggeulan, manehna teu daek pisan nulungan, geus puguh diinjeuman, nginjeum oge ka batur tara.
 Kitu deui upama tatanggana kapatenan, manehna tara ngalayad atawa mere, sok cicing bae di imahna, atawa ngaleos nyaba nurutkeun karepna sorangan.
 Hiji poe bapa Amdan tatanggana nyunatan anakna, kumpul sakabeh tatanggana ngan Ki Bakal nu euweuh teh.
 Carek lurah, "Ka mana ari Ki Bakal teu ka tenjo-tenjo?"  Wangsul Bapa Amdan, "Eta mah tara daekeun pipilueun, kana mamanis kana papait oge, jelemana ngukur baju sasereg awak."
64NURUB CUPU PARIUK MANGGIH KEKEB
Hartina: sieup, pantes, payus, mun ka nu lalaki rabi aduna (pantarna) ka nu alus rupa nurub cupu, ka nu goreng rupa pariuk manggih kekeb, galibna dipake ka nu laki rabi.
 1e. Ki Parta boga pamajikan ka Nyi Pacar, estu tanding, umur-
[ 47 ]na pakokolot supa bae, sakulit sabangun, pada parendek koneng, saadat layeut kamana mana, sakacua saka era.

 Nini Angren nu incuna tacan boga salaki ngomong ka incuna, pokna, Cing Nyai, maneh ari boga salaki sing meunangkeun babad maneh, sukur mun cara Ki Parta jeung Nyi Pacar, eta mah estu nurub cupu.

ATAWA

 2e. Ujang Eros jelema tegep-bisa make tur berseka, jeung imahna alus ngajenggleng sisi jalan meujeuhna gedena, parabotna marahal, kawantu anak jelema kaya, pakaranganana hanteu lega tapi resik, beres ngaturna nepi ka lamun aya nu ngaliwat lebah dinya, loba nu ngarandeg tina kur resep nenjo imah alus, pakaranganana beresih, tur lucu aturanana, nepi ka sakur anu ngaliwat pada hayang nurutan.

 Ki Endas jeung Akrim nu keur nenjo imah di sisi jalan, kacida mujina, sabot muji imah, nu boga turun ka buruan beunang cetaan kawantu jelema berseka tur tegep, wuwuh mata kayungyun bae, carek Ki Endas, ”Akrim geura deuleu ku maneh, keur imah alus, pakarangan beresih, turug-turug nu bogana tegep.

 Akrim: ”Leres ieu mah istu nurub cupu.”


65NYUHUN NANGGUNG NGELEK NGEGEL

Hartina = rebo pisan (babawaanana loba pisan)

 Nyi Jirot keur waktu datang-ka bibina, loba kacida babawaanana barang, nya eta titinggal salakina nu geus maot.

 Lila-lila eta barang beak dijualan jeung digadekeun ku bibina dipake ngahadepan salakina.

 Sanggeus beak pisan, Nyi Jirot ngomong, pokna, ”Bibi ari barang kuring dikamanakeun, atuh najan kieu-kieu oge kuring mah hayang terang bae.”

 Bibina nembal sengit, pokna, ”Lah rea teuing ucap, naha sia teu rumasa nurut imah, ari kitu mah sia geura jor bae ulah aya di dieu, bari mawa naon sia ka dieu teh, geuning ngan masih mawa badan sakujur.” [ 48 ] Jirot: ”Aeh! aeh! ari bibi bet hade kitu kapan barang kuring teh pirang-pirang, naha bibi geus poho, nu mawana oge Si Sajim, harita lain nyuhun nanggung? (ngelek ngegel?).

 Bibina cicing henteu ngomong.


66NEUNDEUN HATE

Hartina = ngantanankeun

 Ukim dina hiji poe disaur ku lurahna, peda manehna geus asup ka kebon Ki Suka henteu menta paidin heula.

 Ceuk Lurah, ”Ukim enya kamari maneh geus abus ka jero kebon Suka, arek naon?”

 Wangsulna: ”Henteu ari abus maḥ ngan moncor awak bae sapotong ngodok dudukuy ti pecat ku angin.”

 Lurah: ”Naha atuh Ki Suka ngadawakeun maneh?”

 Wangsulna: ”Eta mah pantes bae ngadawakeun oge, pedah kapungkur aya pasendatan, dungkap ka ayeuna kawas nu neundeun hate.



67ULAH PANGKAT MEMEH JENENG
„ BEUNGHAR „ BOGA

Hartina = ulah kumaki royal mapadani ka nu geus jeneng, atawa ka nu beunghar, kalampahkeunana ku jelema nu ngarora keneh, nu tacan boga ka untungan, geus royal jeung cetaan

 Armaji anak jelema jegud, lamun nenjo batur-baturna make papakeun alus, geuwat menta dipangmeulikeun ka bapana, kitu deui lamun teu diturut moheng matak pusing pisan.

 Kitu deui adatna kumaki pisan lamun neuleu bangsa pangkat makena semu, manehna hayang nurutan henteu dipikir pitemaheunana, manggih barang anu mahal hargana geuwat moheng ka kolotna.

 Hiji poe manehna nenjo tatamu urang nagara sejen, tayohna [ 49 ]bae pangkat, sabab katara dina papakeanana, make peci kancing Welem jeung make sapatu.

 Armaji kabita pisan nenjo eta tatamu makena pantes, rek menta ka kolot era da mindeng teuing, tuluy balik, datang-datang ka imahna bluk nangkuban teu daek dahar-dahar acan.

 Pasosore katenjo ku bapana, omongna, ”Kunaon maneh Armaji nangkuban bae ti tadi, naha gering?”

 Wangsulana: Henteu bapa, tadi kuring nenjo nu make peci sareng sapatu kancing Welem, kacida kabitana, cing, atuh bapa panggaleuhkeun, mahal-mahal oge galeuh bae da kuring hayang.”

 Bapana seuri bari ngomong, ”Alus kacida pamenta maneh, nepi ka hayang peci, sapatu jeung kancing Welem.”

 Cing sing inget ari jelema kudu boga pamilih, nu kitu teh pakean pangkat, demi maneh sakola keneh geus hayang make nu kitu jeung ceuk maneh mahal oge beuli bae, eta ulah kitu, ieu mah keur nyiar keneh pangarti, geus hayang boga bendi, kareta mesin turug-turug hayang boga sapatu peci katut Welemna.

 Deuleu ari jelema ulah pangkat memeh jeneng (ulah beunghar memeh boga) tah eta lampah maneh kitu.”


68 ULAH KABAWA KU SAKABA-KABA

Hartina = ulah kabawa ku nu teu puguh, sok diparake (kajadian) di nu gering sok sasar ngomongkeun nu lain-lain

 Nyi Malati unggal-unggal peuting dirubung-rubung bae ku baraya-barayana jeung ku sobat-sobatna, sabab gering panas, kacida, sakapeung tina ku bawaning panas, sok indit ti imahna hayangeun kaluar, tapi teu meunang pada nyekelan, atawa sok sasar ngomongkeun naon-naon, pokna, ”Tuh! tuh! aya maung rek ngegel, bari manehna bibirigidigan, matana molotot karepna rek lumpat, pokna hayu urang baralik, hayu.”

 Ceuk anu narungguan, ”Hih Nyai repeh ulah ngomong teu puguh ulah kabawa ku sakaba-kaba.” [ 50 ]69RAWING CEULI

Hartina = hariwang loba dedengen anu matak ngajadikeun susah

 Si Kecrik budak pahatu teu indung teu bapa, ari baraya-barayana euweuh hiji nu daek ngarawatan, sabab budakna tara beunang diurus, jaba tina harak ka batur, sok daek cęceremed, rerebut ka nu batur malingna teu tolih ka nu baraya.

 Ki Encim anu karunyaeun ka si Kecrik ngomong ka dulurna misan, pokna, ”Jaka cing Si Kecrik rawatan ku maneh, da wajibna, geura manehna unggal-unggal poe ngan atrok-atrokan di mana bae ayana.”

 Wangsul Jaka, ”Wah Encim kuring mah teu hayang ngarawatan, najan dulur ari matak keuheul jeung matak hariwang mah cumah, kajeun ngarawatan deungeun-deungeun baé.

 Ki Encim: ”Naha kitu kumaha kalakuanana eta budak?”

 Tuluy ku Jaka diterangkeun, sanggeus tutup, ceuk Ki Encim, ”Weu paingan ari kitu mah, bener cumah ari matak rawing ceuli mah.”


70SAWAN KUYA

Hatina = babakuna dipake ka ňu naek kana tangkal kai, ana rek turun teu bisaeun (teu bisa turun)

 Si Salip jeung Si Anip isuk-isuk geus naraek kana tangkal peuteuy selong, karepna rek ngarala buahna nu geus karolot sanggrayeun.

 Barang beubeunanganana geus rea, tuluy tarurun, tapi karunya kacida ku Si Anip, sabab teu bisaeun turun; Si Salip geuwat bebeja ka bapa Anip, teu lila jol bapana datang bari tuluy Si Anip ditaekan, ti luhur tangkal Si Anip digandong bari dibawa turun, ari geus di handap bapa Anip molotot ka Si Salip bari ngomong, pokna, ”Tah ieu budak nu sok mamawa naek teh?”

 Si Salip seuseurian bari ngomong, pokna, ”Sugan tea moal sawan kuya.”

ATAWA

 Arpin boga duit dua perak tuluy ngomong ka bapana pokna, [ 51 ]”Bapa! ieu kuring gaduh duit dua rupia, bade nyaba ka Batawi; hayang nyaho Luarbatang.”

 Omong bapana, ”Hih ulah, eta duit moal mahi dipake tambangan kareta api sabab sajalan oge ongkosna tujuh welas ketip, jadi pulang anting kudu aya duit tilu perak opat ketip, mana deui keur barang hakan? Ayeuna mah sabar bae heula. mangke ari bapa geus meunaug rejeki diembohan sacukupna, lamun maneh maksa, tangtu meunang ka susahan, enya ti dieu bisa datang ka Batawi, ari ti ditu mana baris ongkos, tungtungna maneh sawan kuya teu bisa balik.”


71SARUMBAK PANGGANGAN

Hartina = sanggeus beak dagangan (sanggeus payu dagangan kabeh)

 Asmid ngomong ka Saen, pokna, ”Kang! nu mawi kuring dumeuheus, manawi dipercanten nambut duit lima puluh rupia kuring kabita ku batur hayang dagang gula ka kaler.”

 Wangsul Saen: ”Ari akang mah teu boga nya urang ukul akal bae heula, akang rek nginjeum deui, tapi adi leuwih terang, ari nginjeum teh kudu ngarentenan tina f 50 rentenna f 5.”

 Asmid: ”Leuh! kang beurat teuing sakitu mah, lamun kenging mah dua perak tina f 50, kuring wani, sareng ieu mah moal lami mangke sarumbak panggangan ku kuring disanggakeun sareng jinisna.”


72SUMUR NYUNYUHUN HULU

Hartina = sagembleng umurna

 Ki Jengge dicandak ku juragan wadana ngadeuheus ka lebet; kawantu jelema dusun kakara saumurna asup ka lebet gawena ngan luak-liuk bae heran nenjo naon-naon nu manehna tacan nyaho, katurug-turug dipiwarang mangku katil beusi ka pangkuleman, atuh manehna geus kampad kompod bae, nya isin nya resep, jeung aringgis nincak alketip, tina teu tuman tea, kesangna wani ngucur, beungeutna pias. [ 52 ] Sanggeus juraganana mulih, manehnya cacarita ka baturna gandek, pokna; ”Lah Piin dewek mah kakara bae manggih ka sieun ka era ka reuwas.”

 Piin: ”Naha ku naon?”

 Jengge: ”Kapan tadi dewek dicandak ka lebet, turug-turug di lebet dipiwarang ngakutan katil ka pangkuleman, atuh dewek wani geus teu puguh rasa.”

 Piin: ”Hih naha kawas nu kakara bae ka lebet teh.”

 Jengge: ”Anu matak saumur nyunyuhun hulu kakara bieu, nyaho di lebet.”


73SANGSARA DI GEUSAN BETAH

Hartina = hirup hayang keneh, ari digawi nyiar rejeki geus embung, hirupna teu boga hawu-hawu acan

 Darsam imahna leutik pisan pamere ninina tihang awi hateup eurih, di jerona teu boga samak-samak acan, boga oge pangdiukan hiji, kulit domba pamere keneh.

 Darsam ngedul kacida, baranghakanna udar ider bae nganjang, lamun aya nu nyuguhan kakara baranghakan, imahna geus carangcang tembong langitna, tapi Darsam euweuh hate, teu aya ka era ku batur, imah sakitu ruksakna teu bisa ngomean.

 Hiji poe lurah datang ka dinya, barang nenjo imah Darsam geus ruksak, tuluy ngomong, ”Darsam naha ari maneh euweuh karep ngomean ieu imah karesep teh ngan nangkeup tuur bae embung digawe, cing atuh da jagjag keneh, kudu daek digawe ambeh seubeuh nyatu, jeung tangtu bisa ngomean imah, maneh mah dideuleu-deuleuna sangsara di geusan betah.”

 Darsam cicing teu nembal.


74SAKURU-KURUNA LEMBU SAREGENG
REGENGNA BANTENG

Hartina = sa malarat-malarat nu jeneng luhur (nu gede gajihna) atawa urut beunghar [ 53 ] Ceuk Jahid ka pamajikanana, ”Euy juragan. Wadana Pangkalan gajihna f 200 sabulan, lilana cekel damel geus 7 tahun, ari ayeuna liren tina damelna, dipansiun f 50 sabulan, calikna di Babakan, cing urang ngadeuheusan bari nawarkeun sawah.”

 Pamajikan: ”Entong kang! moal digaleuh, da kuring geus meunang beja anjeunna ayeuna keur ripuh pisan teu damang, geus lima bulan teu damangna, tangtu anjeunna moal kagunganeun duit, sabab dipake mayar doctor.”

 Jahid: ”Hih euy sugan bae digaleuh dina paribasa oge şakuru-kuruna lembu saregeng-regengna banteng.”


75SAPAPAIT SAMAMANIS

Hartina = sakasusah šakasuka

 Bapa Sakub anakna dua, nu hiji ngaranna Oto, nu hiji deui ngaranna Odo, eta dua budak geus tarawekal, geus baroga imah ieung geus pada boga kahasilan.

 Dina hiji mangsa Bapa Sakub tilar dunya, Oto jeung Odo badami kieu, pokna, ”Odo ayeuna bapa urang maot, ditaksir ku akang baris ngawaragadan f20, ku sabab eta anakna euweuh deui ngan urang, jadi urang nu kudu ngayakeun duit sapuluh rupia sewang, sukur upama nyampak, hingga teu nyampak, kudu ukul akal, da papait urang.”

 Henteu lila salse geus dikubur, Oto ngomong deui, ”Odo ayeuna geus salse, sarta bapa urang aya titinggalna, rupa sawah opat bau, ayeuna nu boga euweuh deui ngan urang, jadi ayeuna eta sawah urang dua bau sewang, kudu pada narimakeun.”

 Carek pamanna: ”Tah nya kitu barudak, susah pada susah, suka pada suka, susahna tadi nguruskeun keur waragad bapa maraneh,, sukana ayeuna nampa warisan titinggalna, jadi lulus moal pasea, nya nu kitu carek paribasa sapapait samamanis teh.”


76SABAGJA SACILAKA

Hartina = aya dua rupa:
1°nu sarua jeung sapapit samamanis nya età reujeung.
2°sauntung bagjana
[ 54 ] Si A. jeung B. papanggih di warung ger bae nyarita ceuk A, ”B.! Si Kajun diangkat jadi Lurah di Citeureup, tina suka teuing, barang geus dua taun manehna katempuhan pajeg, da royal teuing geblus bae dibui, jadi ayeuna manehna keur nandang ka susah.”

 Ceuk B, ”Aeh! aeh! naha sapamanggih teuing jeung kuring, Jaya oge sobat kuring diangkat Lurah di Sadang, nya kitu royal teuing, ku tina atohna jadi Lurah, tungtùngna katempuhan pajeg, malah ayeuna oge geus di bui.”

 Ceuk A, ”Eh! karunya ku Kajun jeung ku Jaya bet sabagja sacilaka.

 Tah eta dua jelema henteu reujeung tapi pada.


77SIREUM ATEULAN

Hartina = gede sawareh

 Nyi Timot jeung Si Emot dititah ku dununganana digarawe ngagelengan kaneker jeung ngeureutan dodol.

 Barang dipariksa ku dununganana bet gede sawareh, carek dununganana, ”Aeh! aeh! naha barudak eta digawe teh bet sireum ateulan.”


78SIEUN NYAKCLAK TULUY (JADI) BAHE

Hartina = nu sieun rugi sauetik jadi rugi gede

 Hiji alim gede, dina hiji poe manehna mukaan kitab-kitabna, sarta tuluy dibaca, barang maca dina hiji kitab, aya tuduh kieu, ”Saha-saha jelema nu leutik sirahna panjang janggotna, eta jelema watekna bodo.”

 Alim geuwat nyokot eunteung barang ditenjo dina eunteung sirah manehna leutik sarta janggotna panjang. Ceuk pikirna, ”Sirah aing moal bisa ngagedean, ari janggot bisa mendokan saeutik bae mah, tapi lamun digunting goreng katenjona, supaya teu katara dipotong, leuwih hade ku aing diduruk saeutik.”

 Harita keneh tuluy nyokot seuneu barang geus sadia janggotna dicekel ku sabeulah kenca, tungtung janggot diambaykeun saeutik, demi leungeun katuhu nyekelan seuneu hurung. [ 55 ] Ti dinya sut disundut, tungtungna, barang tungtung janggot geus beak seuneu antel kana leungeunna, leungeun dikejatkeun sabab panas, seuneu gancang mapay ka luhur truş kana godeg.

 Ayeuna alim teh burundul, euweuh janggot euweuh godeg, malah beungeutna oge wani asak (beureum).

 Alim ngahuleng bae, ceuk pikirna, ”Aeh! aeh! ieu lampah aing sieun nyakclak jadi bahe.


79SITU KALIUNG KU TAMAN

Hartina = nu kontrak atawa barang nu mashur barang nu heubeul

 Japar jelema mashur beunghar, boga anak awewe hiji, lila-lila manehna boga minantu ka jelema beunghar deur, ngaran Sidik.

 Imah Japar diganti dialus-alus, sarta pakaranganana dihade-hade kawantu eta mantu tetep matuh di pakaranganana Japar.

 Ceuk nu ngomong, ”Euleuh naha aya imah alus-alus teuing, pakaranganana beres bareresih.”

 Ceuk nu dibawa ngomong, ”Meureun bae da imah nu beunghar, nya eta imah Japar.

 Tah di dieu najan beunang ngalus-ngalus Sidik, teu kasebut banda Sidik, da asalna nu beunghar teh atawa nu boga imah asai Japar, jadi nu sarupa kitu disebutna situ kaliung ku taman.

 Najan Sidik leuwih loba mawana banda, Japar bae nu kontrak mah.


80SEURI KONENG

Hartina = seuri teu hayang tina manggih ka era, ka ambek, ka sieun, ka keuheul, kasalahan, jeung sabangsa eta

 Pean datang ka lanceukna pokna, ”Eteh, kuring hayang ngadegkeun imah tea, lamun rujuk hayang pageto poe Rebo, sabab di dinya ninggang dina padaringan kekeb, ceuk dina tuduhna, lamun ngadegkeun dina poe eta, sumawonna aya bekelna ceuk teu aya oge adegkeun bae, moal burung anggeus, sabab alus watekna.” [ 56 ] Carek lanceukna, ”Naha geu boga sabaraha duit keur bekel ngadegkeun?”

 Pean: ”Boga bae f 10,- rupia mah.”

 Dulur: ”Wah moal enya mahi, ditaksir ku eteh kudu boga f 100,- rupia mah; montong mangke deui, ayeuna mah sasadiaan bae heula.”

 Pean teu ngagugu, barang nepi kana poe Rebo, ger bae ngadegkeun, tapi ngan ukur nangtung imah teh, da bekelna nu f 10,- rupia beak, isukna manehna balang siar ka ditu luput, ka dieul luput, tungtungna Pean teu bisa nganggeuskeun, tina susahna rangkay teh dijual dipisekeun.

 Sanggeus ngajual imah rangkay, gok papanggih jeung sobatna, ceuk sobatna: Kumaha euy imah teh geus anggeus?”

 Wangsulna: ”lah nya eta matak seuri koneng mikiran kalakuan tadina teu ngagugu ka kolot, tina ngandel kana tunduk, ahir-ahir datang ka dijual tina teu bisa nganggeuskeun.”


81SEUKEUT AMBEU SEUKEUT PANON
lumbrahna aya di pulisi

Hartina = awas, loba mata-matana jeung asak susud, jadi penjahat kumaha bae mo burung beunang

 Si Ombo ngomong ka Si Daka, pokna, ”Cing Daka dewek aku dulur bae ku silaing jeung rawatan di dieu, kapan silaing nyaho dewek bisa maling, tangtu silaing mangke untung beu-beunanganana tangtu didua-duakeun, da di dieu dewek euweuh baraya keur baris mukim.”

 Daka: ”Ombo ulah jadi ati, dewek teu bisa narima kana pamenta silaing, sabab dewek tangtu ka babawa goreng, bener ayeuna silaing salamet-salamet bae ana maling tara katangkep, kumaha bobor karahayuan pareng katangkep, lain dewek kababawa, nu ka cicingan, atawa nu milu ngahakan beunang maling?”

 Ombo: ”Wah moal, nya lamun geus kanyahoan mah yen urang jahat, urang maringgat bae ka leuweung, moal enya ka susul”

 Daka: ”Embung dewek mah sieun, teu kaduga ngalampahkun kitu teh, kawantu ari pulisi tea seukeut ambeu seukeut panon.” [ 57 ]82CANGKIR EMAS EUSI DELAN

Hartina = alus diluarna goreng eusina, diupamakeun ka jelema nu rupana hade, omongna alus, tapi hatena jahat

Ki Agus jelema tegep, kulit koneng, awak sembada, bisa make omongna manis.

 Tua kampung kacida mujina ka Ki Agus tina kategepanana, pok ngomong ka bibi Surbi, pokna, ”Bibi di urang mah hese neangan jelema sa Ki Agus geura dedeg pangadegna hade, makena bisa omongna manis handap asor kaula mah resep kacida.”

 Bibi Surbi jebi bari ngomong, pokna, ”Bibi mah teu resep saeutik-eutik acan, bener dedeg pangadegna hade, omongna alus tur handap asor, tapi teu resep ku goreng hate, geura manehna teh daek maling, culika, dengki ka batur, geura urang upama teu bisa-bisa ngolo ka manehna kudu bae banda urang diruksak, boh balong dibedahkeun, boh pager diruntuh-runtuhkeun, bibi mah mun bisa embung salangit, kitu jelemana nyolong bade, tah nu kitu nu sok disebut mangkok emas eusi delan teh.”


83TAMAN KALIUNG KU SITU

Hartini = sabalikna tina situ kaliung ku taman, nu kontrak teh nu anyar

 Mas Jaya boga duit rewu-rewu imah alus pakarangan lega.

 Poe Jumaah datang Ujang Junus nanyaan ka anakna.

 Mas Jaya atoheun pisan tuluy dikawinken sarta diserenan raja kayana rawuh duit.

 Ceuk Ujang Yunus, "Bapa ieu lembur sareng imah urang jual bae, kuring rek meuli sisi jalan sareng urang saean.

 Wangsulna Mas Jaya, ”Hade.”

 Tuluy lembur dijual sarta manehna meuli deui sejen lembur, deg diadegan imah.

 Ayeuna Ujang Yunus, nu kontrak beunghar teh, Mas Jaya mah teu kasebut-sebut, najan modal Mas Jaya, tapi teu kontrak, kontrakna mah Ujang Yunus.

 Lamun aya nu nanya eta imah saha? nu ngajawab tangtu imah Yunus. [ 58 ] Nu sarupa kitu disebutna taman kaliung ku situ.

 Jadi nu mashur teh nu anyar.


84 TATAH WADUNG

Hartina = banda beunang takajar

 Ki Pajar meunang warisan ti bapana rupa imah kai hateup kenteng, kebon warna-warna pepelakan kayaning: buah bapang, cengkir, pisitan, rambutan jeung rea-rea deui.

 Ku manehna dipiara hade tina ngingetkeun banda tuturunan.

 Carek pamajikanana, ”Akang tadi kuring nyaba ka dayeuh, resep pisan nenjo imah-imah galede aralus, pakaranganana lega bareresih, cing atuh ieu imah urang ruag bae ganti potonganana, urang nurutan jaman ayeuna, kebon urang bukbak tatangkalanana, ganti ku kekembangan jeung ku cangkok cangkok.”

 Wangsul Ki Pajar, ”Ulah teu hade ari hayang mah boga imah alus jeung pakaranganana beresih nya urang ukul-akal deui bae, ngan ulah ngaruksak tatah wadung kolot.”


85TILAS TEPUS

Hartina = tiap cukup teu nyesa teu kurang

 Baip dipiwarang ku juraganana meuli awi sarupia sarta tuluy sina dijieun pipagereun.

 Baip indit barang geus meunang, tuluy dipotongan, dibeulahan sarta diseukeutan.

 Barang geus sadia pipagereun, tuluy diterapkeun saputer pakarangan, ngan sapoe kaduana geus anggeus.

 Saur juraganana, ”Kumaha Baip anggeus mager teh hanteu kurang.”

 Baip: ”Sumuhun henteu kirang sumawonna luwih, awi galeuhan sarupia ngan ukur tilas tepus.”

ATAWA

 Nyi Nari kasemahan dulurna ti Ciawi, mawa batur lima, ku sabab ka anjangan dulur saaya-aya disuguhkeun. [ 59 ] Barang dina usum dahar Nyi Nari nyanguna direaan, sanggeus sadia brak dalahar sukan-sukan jeung tatamu, semah teu asa-asa ka prabumi nya kitu.

 Demi geus dalahar gero-gero tatanggana ngaran Nyi Mari ti buruan pokna, ”Nari! Nari! ka dieu sakeudeung.”

 Nyi Nari nyampeurkeun ka buruan, barang gok Nyi Mari ngaharewos, pokna, ”Nyi Nari Cing kuring menta sangu sakeupeul bae, itu budak ceurik hayangeun nyatu.”

 Nyi Nari noel bari kerung semu karunya, pokna, ”Euleuh-euleuh karunya teuing, sangu teh beak puguh kuring nyangu lima entik, ngan ukur ciples, kumaha atuh, ulah pundung nya, da ukur tilas tepus.”


86TI KIKIRIK NEPI KA JADI ANJING

Hartina = ti bubudak nepi ka kolot

 Isuk-isuk Arpin ngaweweleh anakna, pokna, ”Carik naha ari maneh unggal poe ngan pasea bae, meueus aya nu mentog, aing mah geus era deui, ku deungeun-deungeun, cing deuleu jeung babaturan teh sing rapih, jeung eta kahayang aing ulah sok hampang leungeun, mending mun teu bijil getih ngan ukur ngontrog ka dieu, geuning Si Sarip mah nepi ka baloboran dicabok ku sia, sarta bapana rek ngelakeun ka sia, deuleu kudu cara aing bet ti kikirik nepi ka jadi anjing tacan pasea pacogreg jeung babaturan.”


87 CLIK PUTIH CLAK HERANG

Hartina = rido pisan

 Ambu Haer geus heubeul mihapekeun anakna di lanceukna, ayeuna ambu Haer teu boga batur nu baris nulung-nulung kana gawe, ari rek miara bujang bolo ampar da kudu diburuhan, nya aya pikiran rek ngala anakna tapi tacan kadugaeun, sieun lancukna pundung, da puguh sakitu nyaaheunana.

 Ku sabab geus kacida butuhna ku pibatureun, tuluy bae indit ka lanceukna, barang datang pok ngomong, Akang pang kuring [ 60 ]datang ka dieu, bade nganbantun pun anak tina kuring sakieu waluratna henteu gaduh batur nu pantes, nanging akang ulah aya manah awon, pang disuhunkeun teh, lain teu percaja bisi kurang hakan pakena, da puguh geus kanyahoan kanyaah akang ka pun anak teh, atawa pedah-pedah ieu budak geus gede sanes, ieu mah ngan tina butuh bae ku batur nu wajib nulung-nulung kana gawe, kitu oge disuhunkeun manah akang, sing clik putih clak herang pisan.”


88CONGO-CONGO KU AMIS MUN REK AMIS OGE PUHUNA

Hartina = l° dimisilkeun tiwu saleunjeur ari tiwu tea nu pang amisna di puhuna, ari congona mah tiis bae
Hartina = 2° anak-anak ku kuat, mun rek kuat oge bapana atawa kolotna.
(anak-anak ku bisa kolotna oge henteu)
(anak-anak ku bageur bapana oge henteu)

 Lurah Madali boga hiji kebon, di jerona pinuh ku tatangkalan nu gede hasilna, kayaning: soklat, jeruk paseh, jeruk Cina, sawo jeung rea-rea deui.

 Eta kebon dijaga atawa diurus ku Bapa Saham.

 Unggal-unggal taun eta kebon, tara beunang hasilna tina nu ngurusna kurang, papageranana ruksak, tara daek ngalanglang ka kebon, najan aya oge bubuahan nu beunag diala, sok beak ku nu maling.

 Lurah Madali ngomong ka bojona, pokna, ”Kumana euy! ari kebon urang nu sakitu gegekna ku pepalakan, bet teu ngaluarkeun kahasilan, teu cara deungeun-deungeun tina pangasilan kebon teh aya rupiana.”

 Wangsul bojona, "Urang mah boga kebon loba pepelakan aralus oge, moal jadi duit, da nu ngurusna henteu rajin, henteu titen tara daek menerkeun pager-pager acan.”

 Lurah Madali: ”Cing ayeuna mah atuh jurang ganti bae ku anakna, nya eta ku Si Saham, sugan bae manehna mah rajin, temen ngurus kebon.” [ 61 ] Wangsul bojona, ”Wah mun tiwu mah congo-congona ku amis mun rekamis oge puhuna.”


89TEU GUGUR TEU ANGIN

Hartina = teu aya bejä (teu aya alamat)

 Bibi Sandi unggal-unggal poe ngarigah bae ceurik.

 Nyi Anir tatamu.Nyi Sáriah nanya pokna, ”Nyi Sariah ku naon bibi Sandi wani carindul?”

 Wangsulna: ”Eta teh ngan ceurik bae unggal-unggal poe katinggal ku salakina geus lima poe.”

 Nyi Anir: ”Na ku naon kasakitna?”

 Nyi Sariah: ”Na matak atuh teu gugur teu angin entas siduru tuluy bae paeh.”

ATAWA

 Pa Gabus cicing di lembur Cikawung, hiji poe burudul bae Sar- jani jeung lima baturna rek ngarakrak imahna.

 Ceuk Pa Gabus, ”Rek kamana Sarjani mawa batur?”

 Wangsulna: ”Rek ngarakrag ieu imah emang.”

 Pa Gabus molotot pokna, ”Rek dirakrak kumaha, jeung naha kitu?”

 Sardjani: ”Kapan geus dibayarkeun kana hutang tuang putra ka kuring.”

 Pa Gabus ngambek, pokna, ”Naha atuh sia teu boga teuing urusan, atuh benerna badami heula jeung aing, ieu mah jol burudul bae mawa batur nu pi ngarak-rakeun teu gugur teu angin, hayoh geura mantog.”

 Sarjani eraeun tuluy balik.


90TEU MAIS TEU MEULEUM

Hartina = teu pipilueun

 Ki. Şarjo urang Lembang, dina tanggal 1 November 1909 manehna leumpang ka jauhna nya éta ka Samarang jeung Si [ 62 ]Tunan, sejana neang dulurna gering, barang dina tanggal 22 bulan eta keneh, datang rea babawanana.

 Kakara muka pakean rek mandi geus jol panyaur lurah, kudu kairingkeun.

 Ti dinya tuluy Ki Sarjo indit, barang datang ceuk lurah, ”Sarjo! enya maneh mangkukna geus neunggeul si Irin?”

 Sarjo: ”Duka kuring mah teu terang.”

 Lurah: ”Geuning ceuk Wira maneh nu mumusuhan jeung Si Irin teh, malah harita maneh kanyahoan ngaliwat ka buruanana.”

 Sarjo: ”Duka, kuring mah kakara jol ti Samarang sareng pun Tunan, mangkukna mah atuh kuring oge aya di Samarang keneh, sumawonna liwat ka buruan pun Irin, malah ka pun Irin kuring teu terang sareng teu wawuh, diemut-emut asa teu gaduh musuh.”

 Lurah ngambek ka Wira omongna, ”Wira naha sia wani-wani nuding ka Sarjo, geuning Sarjo mah kakara datang ti Samarang, jig ka ditu Sarjo geura balik, karunya jelema teu mais teu meuleum.”


91TEU NYAHO DI HITUT BADU

Hartina = nu bodo teu nyaho urusan

 Bapa Tarjah jelema urang sisi, dusun pisan sagala urusan ngan teu nyaho bae, upama aya jelema nawarkeun barang palsu atawa barang goreng, lamun ceuk batur alus atawa hade nurutkeun bae hade, najan barang hade lamun ceuk batur goreng nya goreng bae, sumawonna kana omongan-omongan batur teu bisa ngabedakeun nu mana nu enya atawa mana nu salah, upama dititah milih barang nu mana nu hade atawa nu goreng. Bapa Tarjah lapur teu nyahoeun.

 Hiji poe tatanggana Ki Kunteng rek meuli lahan nu deukeut ka dinya, badami jeung Ki Meon, pokna, ”Cing Meon sabraha eta lahan pihargaeunana lebah dinya, sakitu pongpokna sakitu palayuna, da dewek geus nanya ka lebe bet teu bisaeun naksir.”

 Meon: ”Taksiran dewek mah moal liwat ti opat puluh rupia.” [ 63 ] Kunteng: "Hih mahal teuing lebah dieu mah, cing geura calukan tuh Bapa Tarjah di kebon, urang ajak badami."

 Meon: "Wah montong moal nyahoeun, jelema teu nyaho di hitut bau diajak badami."


92PAHAYEUK-HAYEUK LEUNGEUN

Hartina = sili jeujeuhkeun (sili belaan)

 Wangsa boga sobat ngaranna Impan, geus cara dulur pet ku hini bae, lulus sagala laku sabab sok sili jeujeuhkeun.

 Wangsa mihapekeun anakna lalaki di Impan, ku Impan eta budak dimemenan dahar pakena sarta di sekolakeun.

 Ari Impan mihapekeun domba, embe, lamun domba atawa embe tea aya nu meuli sarta aya hargana tuluy dijual, dibeulikeun deui ka nu ngora keneh nu alus, atawa duitna dibikeun, naon-naon aya kaduka kasusah sili belaan sili anteur.

 Hiji poe Impan kaanjangan lanceukna Mas Dipa, barang nenjo aya budak lalaki tuluy Dipa nanyakeun pokna, "Anak saha ieu budak teh kasep?"

 Wangsulna: "Putrana Wangsa."

 Mas Dipa: "Naha di dieu?"

 Impan: "Da prantos lami, kawantu sareng sobat dalit tea bae, sok sili jeujeuhkeun dan ngan sareng eta kuring mah pahayeuk-hayeuh leungeun teh."


93PAKOTREK ITEUK

Hartina = nu laki rabi ti bubudak nepi kapada kolot (nini-nini aki-aki)

 Aki Jangga jeung nini Jangga pada ngaliung ku anak incuna nu pada marawakeun, pedah usum hajat.

 Samenehna baralik aki Jangga ngomong ka anak incuna, kieu pokna, "Barudak aing ngabejaan ka awewe ka lalaki, maneh sing balageur ari laki-rabi kudu pada sili pikaheman awak, sing runtut ewe salaki kudu sili elehan maneh, lamun lalaki keur napsu ulah [ 64 ]ditagenan anggur geuwat singkiran, (ulah dilawan), nya kitu deui awewe keur napsu lalaki kudu geuwat ngelehan maneh, nyingkir sabot ambek, da aing mah ti bujang jeung lanjang ka nini sia nepi ka pakotrek iteuk tacan pasea."


94PAPADON LOS KA KOLONG

Hartina = nu jangji sok tara jadi

 Amdi dina hiji poe papanggih jeung sobatna nu ngaran Tamud, barang gok papanggih ceuk Amdi, "Iraha sumping ti Gunung?"

 Wangsul Tamud, "Kamari kang."

 Amdi: "Naha geuning euweuh bae ka akang?"

 Tamud: "Tacan kabujeng, mangga sore kuring tangtu ngadeuheus, akang ulah euweuh."

 Amdi: "Sae, tapi kade papadon los ka kolong."

 Wangsulna: "Modal."


95PAKOKOLOT SUPA

Hartina = pantaranana umur gesehna ngan saeutik bae

 Nyi Umbi nanya ka Simah, pokna, "Simah ari ilaing geus sabaraha umur?"

 Simah: "Ah duka teuing daekeun 10 taun mah."

 Umbi: "Sageuy sakitu susu wani geus nyeungsreung, atuh 10 taun mah tuh Si Uci."

 Simah: "Ari Umbi geus sabaraha taun?"

 Umbi: "Nurutkeun ceuk ema mah geus ka tujuh welas taun ieu.

 Simah: "Heueuh ari kuring sakumaha atuh?"

 Umbi: "Ilaing mah ceuk ema oge pakokolot supa bae jeung kami."

96PINTER ALING-ALING BODO

Hartina = nu pinter nyieun peta cara nu bodo bodo aling-aling pinter = nu bodo pipinteranan.
[ 65 ]Uman jelema perceka, mangarti kana sagala bisa, tapi tara nembongkeun maneh aing pinter, lampahna lamun naon-naon teh api-api teu bisa bae.

Lain cara Jumat sagala teu bisa tapi cetaanana aing bisa, aing perceka, jadi sakur nu nenjo lampah eta dua jelema sok pahili, ceuk Wira, "Idus dewek ngadenge beja Uman ka Jumat barayana, tapi naha Jumat mah sakitu perlentena, jeung bisa kana sagala, geura Uman mah bodo carang naker takol."

 Wangsulna: "Hih ari Wira Jumat mah jelema teu nyaho naon-naon, dewek mah nyaho enyaan, geura Uman mah enya oge carang takol, sagala jiga teu bisa, eta mah ngan api-api bae jelemana pinter aling-aling bodo ari Si Jumat bodo aling-aling pinter.

97PINDAH PILEUMPANGAN

Hartina = pindah peta asal handap jadi luhur

 Nyi Masrah ewe randa pagaweanana sok ngabajong hui di pasar tuluy dikecerkeun, ana balik kabaturna ngajak, datang ka imahna geuwat nyampeurkeun tatanggana nyaritakeun lalampahan di pasar, jeung budi basa nu hade, kana papait daek tutulung, nu ngaliwat ka hareupeun imahna ditanya disimpangkeun (dicalikeun).

 Hiji poe Nyi Nasrah ditikah ku jelema cukup, sanggeus manehna boga salaki, eureun teu ngabajong deui hui, jeung babaturanana pada kaget, krana ayeuna mah, papakeanana aralus, sarta sapopoe gawena ngan midang bae, ka baturna tatangga jadi haseum budi, ka warung kudu diiring.

 Si Urti urut baturna dagang, ngomong ka Si Bayi pokna, "Bayi ari kami heran ku Nyi Nasrah, sesemuan teh bet asa ieu aing, tadi ditanya ku kami ti batan nembalan mah, anggur ngabalieur."

 Bayi: "Heueuh lain ka ilaing bae kituna teh, ka sarerea oge kitu, kami mah kaget ayeuna bae sanggeus boga salaki jadi pindah pileumpangan." [ 66 ]98POTOL TEKO

Hartina = lalaki nu geus teu boga naon-naon mun ka awewe disebutna potol jarum

 Ki Salam jelema kaya, pagaweanana unggal-unggal poe ngan ngadohot bae ngadu, nya eta sintir keles, kecek tutupan, ceken, tiga puluh, kocok, neguh manggu, ngadu puyuh jeung ngadu hayam.

 Ku sabab dilajur karepna beak bandana, nya eta sawah kebon titingggal bapana beak dijualan, malah papakean saraket dina awak oge beak digadekeun, unggal poe manehna ngalinjing bae di pangaduan, make papakean butut beunang nginjeum.

 Heesna surak-serok di mana bae nu ngajak.

 Dina hiji poe datang tatamu ti sejen nagara hayangeun ngadu, tuluy nitah neangan lawan. Ceuk bapa Samar ka Si Darga,

 "Darga cing ki Salam teang bejakeun cèuk dewek aya musuh."

 Darga: "Wah ari akang naha teu ngadangu, kapan Ki Salam teh geus potol teko."

99PURAGA TAMBA KADENDA

Hartina = nu ngalampahkeun titahan lamo aya bukti baris jogo (henteu jeung hadena)

 Isuk-isuk eteh Sari geus nitah ka incuna ngaran Si Sai nyiram kebon lobak, ceuk eteh Sari, "Sai sia ulah ulin teuing, cing itu kebon lobak geura siram, sing hade, jeung pagerna kerepan bisi hayam arasup."

 Si Sai bangkerut tuluy nyokot ember, sarta pek nyiram, demi nyiramna dapon bae baseuh ti luhurna, sanggeusna tuluy ngomean pager direrekep, tapi ngan sabeulah da kaburu disampeur ulin ku baturna.

 Barang eteh Sari mariksa, lobakna disiram sawareh, jeung ngan ukur bae, ditenjo deui pager ngan diomean sabeulah, harita keneh Si Sai diteangan, ari geus kapanggih tuluy dirangket bari dicarekan, pokna, "Ayeuna sia geura undur ulah cicing di aing, budak goreng gawe unggal-unggal dititah tara nurut rajeun nurut sok goreng gawe puraga tamba kadenda bae." [ 67 ]100WIWIRANG DI KOLONG CATANG NYA GEDE NYA PANJANG

Hartina = wiwirang nu panggedena (wiwirang taya nu ngungkulan) lila erana (erana panjang)

 Ujang Usen geus bujang lepas ngomong bae ka indungna, pokna, "Ema kuring geus meujeuhna nyaba ka sejen nagara, hayang nyiar luang, da ari ngulukutek di dieu mah kuring moal aya kanyaho."

 Indung: "Hih ulah Ujang naha ari ema jeung saha, ayeuna mah geura boga pamajikan bae, tuh ka Nyi Badra geulis naker."

 Ujang: "Wah ema moal daekeun da itu mah jelema kaya."

 Indung: "Moal burung daekeun, da jelema geus lanjang meureun hayangeun geura boga salaki."

 Ujang nurut tuluy indit nanyaan, tapi gagal sarta tetembalna sugal pokna, "Kuring mah tacan niat lakian, keur naon boga salaki kapalang-palang mah, leuwih hade kieu bae, sumawonna ku palebah ujang Usen daek, masih ku sudagar oge embung, nu teu cocog-cocog mah."

 Ujang Usen balik ka indungna barang datang pokna, "Tuh ema da teu daekeun naha atuh ceuk ema tadi moal burung daekeun, jadi kuring ayeuna meunang wiwirang gede, sakitu bae wiwirang di kolong catang mah nya gede nya panjang, ari ayeuna kuring rek nyaba tea bae nyingkiran ka era."