Badoejsche Geesteskinderen/Oa djeung Aoel

Ti Wikipabukon

[ 221 ]Dan vroeg ik verder: „waartoe ondernam je den moeilijken tocht derwaarts?" ,,Omdat, omdat" hij aarzelde even, „omdat moeder mij als kind daarvan zoo dikwijls vertelde". Ik kreeg medelijden met den uitgestooten renegaat, in wien de herinnering aan die dierbare persoon een kennelijke beroering teweegbracht. „Leeft je moeder nog, Par?" „Ja". „Hoe oud is zij en hoe heet zij?" „Dat weet ik niet". „Kom". „Neen, want leeftijd en naam der moeder zijn ons Badoejs boejoet, wij noemen haar alleen arrtboe". „En wat zegt vader dan?" „Ook amboe". „Hoe luidde het verhaal van je moeder?" „Soemoehoen, /neu". Met uw verlof, aldus; en hij begon:

OA JEUNG AUL

Mimitina aya satoa, oa jeung aul; beuheula jasa mimitina kieu.

Kacarita aya dua jalma anu sakti luhur jampena. Nu hiji aranna Buyut Sangrayun, nu kadua Aria Dilah.

Saduana lĕmburna misah pada jauh, jeung hanteu wawuheun Buyut Sangrayun ka Aria Dilah.

Ari Buyut Sangrayun cicingna di Gunung Manik patapaän; ai Aria Dilah di Gunung Bongkok tapana. [ 222 ]Eta djalma sadoeana pada boga hate sisirikan kana djampena sorangan, karana tatjan digĕndoekeun djeung noe sedjen, atawa ditjoba.

Djadi Boejoet Sangrajoen gawena barina idĕr-idĕran bae, toeroen leuweung asoep leuweung, njiaran djalma noe sakti loehoer djampena geusan diana ngagĕndoekeun djampena saking sisirikan.

Teu kĕbĕl Boejoet Sangrajoen meunang bedja, moen di Goenoeng bongkok aja noe sakti keur tapa, aja eta ngaran Aria Dilah.

Geus kitoe, ladjoe bae koe diana disiaran; beurang peuting teu wĕleh-wĕleh leuleuweungan.

Katjarita Aria Dilah noe keur tapa tea.

Kitoe ogeh sisirikan kana djampe kasaktian diana, hajang njoba-njoba, rek digĕdoekeun.

Ti dinja, ladjoe Aria Dilah leumpang leuleuweungan njiaran pilawaneun ngagĕndoekeun djampe.

Teu kĕbĕl deui, diana ogeh manggih bedja, moenna aja sahidji djalma sakti loehoer djampena, aranna Boejoet Sangrajoen, noe keur tapa di Goenoeng manik.

Ladjoe koe Aria Dilah disiar, ngadjoegdjoeg ka Goenoeng manik.

Arina nepi ka tengah-tengah leuweung, gek pateumoe, padoe hareupeun.

Di dinja sadoeana silih tanja, pada tatjan wawoeh.

Tjek Boejoet Sangrajoen: "eh, rek ka mana dia. saha aran djeung ti mana padoekoehan asal?" [ 223 ]Omongna Aria Dilah, pokna: "Ngaing ti patapan Gunung Bongkok, aran ngaing Aria Dilah, keur ñiaran anu sakti luhur jampena, aranna Buyut Sangrayun."

"Anu matak disiar, sabab ngaing sisirikan hayang ngagĕndukeun jampe jeung diana."

Buyut Sangrayun ngahulĕng, tilok lemek; hatena teu ñana mun eta Aria Dilah.

Laju bae ngomong: "Oh, atuh kamayangan, kabĕnĕran jasa ngaing pateumu jeung dia. Lamun dia tilok ñaho, ña ngaing nu ngaran Buyut Sangrayun, ña eta kiwari keur ñiaran dia, nu aran Aria Dilah."

"Kiwari, hayu, urang pada ngagĕndukeun jampe-jampe jeung kasaktianana, tapi pacuan ulah aya nu ñahoëun sababna buyut, bisi cambal."

"Jeung mun aya nu ngadenge keur diwĕjang eta jampena, watĕkna panas ka nu ngadengekeun, sabab, mun kadenge ku manusa atawa ku bangsa satoa ogeh, tangtu laju ngarti bae jeung mo kabuat ñandangan; mangke tangtu aya kajadianana."

Aria Dilah sisirikan jasa kana jampena Buyut Sangrayun, hayang geura prak bae diwĕjang.

Tapi barĕng keur ngaromong kitu, dumadakan hol badak daratangan sapirang-pirang ngaliwat jeung ñaratuan di diña.

Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah teu tulus ngagĕndukeun jampena, sabab aya halangan.

Laju laleumpang ñiaran deui tĕmpat nu suni anu tilok satoaän.

Teu kĕbĕl, manggih deui tĕmpat nu sĕpi sĕrta suni; tilok satoaän naon-naon. [ 224 ]Barĕng prak deuk ngawĕjang jampena, laju datang maung ñapeurkeun; teu tulus deui ngagĕndukeun jampena.

Laju arindit deui ñiar tĕmpat sĕpi.

Beh manggih deui tĕmpat suni; teu ku hanteu mun rek prak ngawĕjang jampena; jol uncal daratangan sapirang-pirang. Teu tulus deui di diña.

Gañcangna, kitu bae; unggal-unggal tĕmpat ilok aya panggoda rancana, sagala satoa ilok daratangan, kayaning bagong tea, peucang tea; teu ku hanteu ngarañcana ngagoda.

Ti diña, laju lalunta deui, leumpang jauh, ñiaran tĕmpat anu sĕpi nu tilok rañcanana.

Ana nĕpi ka hiji leuweung, di diña aya walungan gĕde, di sisina aya hiji tangkal kiara gĕde jeung luhur jasa; saluhureun tanggal kalapa luhurna. Jeung dina tayoheun eta kiara aya curug, aranna Curug Saeran; leuwina jĕro jasa, nu kaluühan ku eta kiara.

Geus kitu, di diña prak ngawĕjang jampena kasaktian Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah.

Ana anggeus sĕrta cocog saduana digĕndukeun, bĕt dumadakan aya cacing gugulingan sĕrta ngartiëun kana eta jampe saduana.

Cacing teh tilok tahaneun, teu kabuat ñandangan eta jampe panasna jasa. Laju gugulingan ka sisi cai ngĕcĕmplung.

Datang ka cai, cacing disantok ku bogo, diteureuy.

Bogona kawalahan, teu kabuat panas kapañjangan cacing ku jampena Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah; laju gugulingan. [ 225 ]Keur gulang-guling, datang lauk gĕde, aranna hampal.

Bogo disantok ku hampal, laju diteureuy.

Hampal ogeh teu tahaneun, teu kabuat tina panasna watĕk eta jampe.

Laju gugulingan ka sisi rek paeh.

Barĕng nĕpi ka sisi, kapanggih ku bikang nu keur ngisikan.

Mun aya hampal gĕgĕdĕbugan, gugulingan rek paeh, bikang teh atoh jasa. Manggih lauk gĕde, laju diala, dibawa ka imahna, dipolahkeun.

Sanggeusna diolahkeun, prak diparadang jeung salakina.

Sanggeusna ngahakan lauk hampal, eta si bikang teh laju bae ñiram, tĕrus reuneuh.

Kĕbĕl ti kĕbĕl reuneuhna beuki gĕde.

Laju bae ngajuru; anakna orok lalaki alus jasa.

Ana geus gĕde, laju mabur ka taneuh Bugis; caritana ña eta nu nurunkeun Bugis tea.

Teu dicarita deui.

Kocap deui Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah.

Sanggeus cacap ngagĕndukeun jampena kasaktian, laju ngajak paluhur-luhur luñcat tina Curug Saeran kana puñcak kiara tea.

Ceuk Buyut Sangrayun: "Hayu, kiwari urang pada luñcat. Mangke, saha-saha nu bisa luñcat laju muntang dina puñclak kiara, eta tandana pangpuñjulna jampena, jeung mana-mana nu teu bisa, eta tandana kasaktianana masih handap keneh."

Carek Aria Dilah: "Ña, hayu barĕng."

Sanggeusna badami, bĕr pada laluñcatan tina curug kana luhur kiara tea.

Dĕmi Buyut Sangrayun mah bisa luñcat,; laju muntang kana puñclak kiara nu pangluhurna.

Dĕmi Aria Dilah mah, ragrag deui ka tayoh, datang ka [ 226 ]pinggĕs pigeulang sukuna, tidikĕs dampal malik ka tukang saduana.

Aria Dilah gugulingan, gogoakan sasambat ka Buyut Sangrayun ñĕriheun.

Barang kitu, kadenge ku Buyut Sangrayun ti luhur.

Ana dijeueung Aria Dilah keur ngagulingan bae bari gĕgĕrungan. Buyut Sangrayun ngahaok ti luhur, hanteu turun jeung teu bisa ngomong cara jalma, pokna: "Oa, oa, aung," hartina: boa-boa jadi oa jadi aul.

Sanggeusna kitu, laju bae awakna Aria Dilah buluan, jadi aul.

Ari Buyut Sangrayun teu turun deui.

Laju bae luluñcatan di luhur kiara; geus jadi kabadi tina eta kiara jeung ti Curug Saeran tea.

Anu mantak nĕpi ka kiwari di diña loba oa jeung aul, ña eta mimitina ti Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah.