Lompat ke isi

Sadjarah Galoeh barĕng Galoenggoeng

Ti Wikipabukon
[ 405 ]

Sajarah Galuh bareng Galunggung

____

Geus kitu ngalahir ka Ki Bondan: "Sira tungguan nagara isun jeung Aki Panyoempit, sarta dipaparin jimat cincin, ari isuun arep nataékané alam dunya sabeulah kulon."

Geus kitoe ngalahir: "Kun payakun."

Lajeng ngahiang.

Kocap Aki Panyumpit lajeng ka taman.

Datang ka taman, manggih satoan leuwih alus rupana.

Geus kitu, Aki Payumpit mulang deui gancang lapor ka Ratu Bondan yén di taman aya satoan.

Lahir ratu: "Satoan nahaon?"

Aki walon: "Satoan jaralang putih ngaranna."

Saur ratu: "Aki, ayeuna mudu nyokot; mangka beunang. Lamun teu beunang, beuheung Aki gantina."

Tuluy Aki Panyumpit ka taman.

Barang rék ditéwak, lumpat ka kulon. [ 406 ]Dioedag koe Aki, handjat ka goenoeng Bangkati. Ti goenoeng Bangkati loempat deui handjat ka goenoeng Sawal, toeloej ka goenoeng Bongkok.

Dioedag-oedag bae koe Aki, toeloej ka goenoeng Padang.

Ari datang ka goenoeng Padang, hanteu kapanggih koe Aki panjoempit.

Lĕngis aja soara tatapi hanteu katingal.

Pilahir soara; „saha eta anoe ngoedag-ngoedag tjotjodan aing teh?”

Ngawalon Aki: „djisim koering”.

Pilahir soara: „ajeuna meudjeuh, koe maneh oelah dioedag-oedag noe aing.

Karĕp maneh atawa titihan pangoedag-oedag teh?”

Ngawalon Aki panjoempit: „noen, lain karĕp koering, piwarangan ratoe’’.

Lahirna soara: „ajeuna meudjeuh, oelah dioedag-oedag anoe aing."

Aki panjoempit gantjang moelang, lapor ka ratoe Bondan: „eta djaralang hĕnten beunang dioedag-oedag koe koering. Mimiti loempat ka koelon handjat ka goenoeng Bangkati, ti goenoeng Bangkati ka goenoeng Sawal, toeloej ka goenoeng Bongkok, toeloej ka goenoeng Padang. Datang koering ka goenoeng Padang, leungit djaralang, aja soara tan katingalan. Dohir[1] soara ka koering: „ajeuna oelah dioedag-oedag anoe aing”. Kitoe saoer soara ka koering”.

Ari dohiran ratoe Bondan: „hajoe, oerang oesir djeung aing ka goenoeng Padang bari oerang bawa njahi[2] Poerba sari, garwa ratoe, sarta oerang tjidra. Njahi Poerbasari oerang tangkodan lalajah padaharanana, soepaja kawas anoe reuneuh".

Prak disindjangan; geus kawas anoe reuneuh.

Toeloej ratoe Bondan djeung Aki panjoempit deui ka goenoeng Padang. [ 407 ]Datang ka goenoeng Padang, dipariksa koe soara, pilahirna ka ratoe Bondan: „maneh, oerang mana?”

„Seemoehoen, oerang Bodjong lopang,” kitoe walonna Bondan.

Saoer soara; „rek naon maneh ka dieu?”

Ngawalon ratoe Bondan: „ngoeningakeun ien garwa ratoe keur bobot, pamégét atawa istri?”

Pilahir soara: „lalaki”.

Geus moelang bae ratoe Bondan djeung Aki panjoempit.

Geus tĕpi ka goenoeng Asih, ratoe Bondan nonggengan ka goenoeng Padang sarta „bohong”, pokna, „poegoeh IaIajah magah Ialaki".

Eta lalajah dipangpengkeun ka kaler, tiba di Kawali.

Geus soemping ka nagara Bodjong lopang, njata ngandĕg njahi Poerba sari.

Saoer ratoe Bondan: „oepama ĕnja mĕtoe ati tetesan kamoerahing poetraing, moega mangka saroepa djeung aing; oepama lain, moega mangka aja tjitjiren”.

Genus kitoe, tĕpi ka waktoena, njahi Poerba sari babar, boekti pamĕgĕt, tapi sipatna ka loehoer roepa andjing ari ka handap roepa manoesa[3].

Gantjangna, ladjĕng dikanagaän eta moerangkalih sarta dibaoeran beas saeutik, ĕndog sahidji, kalapa sahidji[4].

Di malĕm Djoemaäh toeloej dipalidkeun di Bodjong Tji-moentoer.

Ari Aki Balagantrang boga tataheunan sapan, pĕrnahan eta sapan di Tji-tandoej girangeun moeara Tji-moentoer.

Ari malĕm Djoemaäh Aki Balagantrang meunang impian. Ngimpi katindih langit, katinggang mega.

Barĕng ingĕt wantjina geus padjar, hoedang pada ngaromong djeung Nini Balagantrang padoeaän. [ 408 ]„Aing, Nini, boga impian, ngimpi katindih langit, katinggang mega".

Pok deui Nini: „Aki, aing ge kitoe deui, moal teu tatahaneun oerang ajeuna geuat teang ka tjai".

Aki Balagantrang bral ka tjai.

Geus tĕpi ka sisi tjai, aja noe ngagĕboer, roepa tjahaja, dina kapek sapa.

Aki Balagantrang djolang-djeleng sĕmoe sieun.

Geus kitoe, diparantjahan koe Aki, pokna: „tjing, eta noe aja di tataheunan aing, oepama djoerig moedoe njingkir, oepama manoesa oelah aja keneh".

Tĕpi doea tiloe kali diparantjahan; tjitjing bae.

Disampeurkeun kana sapan aja kanaga tapi ditokot dina kapekna.

Toeloej dipanggoel, dibawa ka imahna.

Ana diboeka, dieusi moerangkalih pamĕgĕt sarta aloes, batoerna beas hidji ĕntik, ĕndog hidji, kalapa hidji, sarta Aki, Nini atoh katjida.

Oerang boga anak, eta beas dikanatampatnakeun, kalapa dipĕlak, ĕndog dibaoerkeun kana pabeasanana".

Oemoer toedjoeh poë toedjoeh peuting, eta kalapa bidjil sintoengna, ĕndog mĕgar djadi hajam djago bodas, soemawonna moerangkalih tea geus jasa oelin di imahna Aki, sisina dajeuh Bodjong lopang, sisi tjai ti kalerna.

Lila-lila, eta moerangkalih hajang naek kana eta kalapa tea.

Ditjaran koe Aki: „oelah, bisi ragrag".

Keukeuh bae naek, didjaga bae di handapeun kalapa koe Aki.

Tĕpi ka loehoer kalapa, eta moerangkalih ningali ngaler aja lĕmboer gĕde majapak.

Mariksa ka Aki: „itoe noe majapak di kaler teh, lĕmboer saha?"

Didjawab koe Aki: „lain lĕmboer, nagara".

„Nagara naon ngaranna?" [ 409 ]Didjawab koe Aki: „nagara Bodjong lopang".

Toeroen tina kalapa, top njokot hajam, poepoelih ka Aki: „rek ngadoe hajam ka sisi dajeuh".

„Oelah, oedjang, bisi aja noe mĕrgasa".

„Ah moal".

Keukeuh bae ngelek hajam.

Di mana aja hajam, di lĕmboer atawa di lisoeng, di boeroean, hanteu aja noe mampoeh hajam teh ka hajam andjeunna.

Dipeupeuh sakali kadoeana paeh.

Oenggal-oenggal poe ngan ngadoe hajam bae, sarta hajam rendjeh kabeh koe hajam andjeunna; hanteu beunang ditjarek.

Geus kitoe dioeningakeun ka ratoe Bondan, sok aja moerangkalih sok ngadoe hajam tara eleh hajamna, di pilĕmboeranna geus taja noe mampoeh ka hajamna.

Saoer ratoe Bondan: „tjing, ana datang deui mawa hajam, bawa ka dieu, arek diadoeän koe hajam aing".

Ari isoekna geus datang deui ngelek hajam, toeloej dioeningakeun ka ratoe jen eta moerangkalih geus datang sarta ngelek hajam.

Saoer ratoe Bondan: „ajeuna, hajoe oerang adoekeun hajam maneh djeung hajam aing".

Ngawalon moerangkalih: „koering mah teu gadoeh toempangna".

Saoer ratoe: „toempangna mah, oepama eleh hajam aing, eta noe opat, toempangna nagara sabeulah, domas opat poeloeh, oepama eleh hajam maneh, toempangna pati maneh".

Kalah koe dikeukeuhan, proek diadoekeun eta hajam.

Hajam ratoe anoe opat eleh kabeh koe hajam moerangkalih.

Geus kitoe eta nagara kasĕrahkeun sabeulah ka eta moerangkalih saraoeh tjatjah domasna, sarta andjeunna geus aja di nagara.

Geus kitoe hatoeran ka ratoe Bondan: „reh ieu nagara hĕnteu atjan aja dangdanan anoe pĕrkosa, bok manawi aja [ 410 ]moesoeh atawa anoe ngaloeroeg pĕrang, wantoe nagara gĕde, oerang njieun pandjara beusi".

Saoer ratoe: „koemaha domas geus kaselehkeun ka maneh?"

„Disanggoepan njieun eta pandjara koemaha koering".

„Saoer ratoe: hade ari maneh sanggoep mah njieun, tatapi moedoe anggeus sapoë; oepama hanteu anggeus, beuheung maneh gantina".

Ladjĕng ngadamel pandjara beusi domas auggeus sapoë.

Ari geus anggeus lapor ka ratoe: „ajeuna prakawis pandjara parantos sareng njoehoenkeun dironda koe ratoe di loearna sareng di djěrona, bok manawi aja kakiranganana".

Ladjĕng dironda koe ratoe eta pandjara di loearna geus dironda, asoep ratoe ka djĕro.

Geus asoep ka djĕro pandjara ratoe Bondan, toeloej disosi dipintoe eta lawangna pandjara koe moerangkalih tea, sarta lahirna moerangkalih: „ajeuna aing malĕs ka maneh bongan malidkeun ka aing".

Ratoe Bondan waktoe harita di djĕro pandjara didaharanana koe Aki panjoempit, ngala sagala manoek; meunang sakodja datang dilaporkeun ka ratoe.

Saoer ratoe: „Aki panjoempit teundeun eta manoek dina kodja teh, kaitkeun dina tjotjongker[5] pandjara".

Lila-lila eta manoek sagala anoe dina kodja pada ngarowong, djeung pada manoek pokna: „ajeuna koemala oerang aja anoe sieun dipeuntjit. nja anoe sieun dibeuleum, rek leupas hamo meunang sabab taja djalanna".

Aja manoek piït poetih, tjitjing pangloehoerna, pokna ke batoerna manoek: „ajeuna oepama aja hajang hiroep mah, moedoe toeroet ka dewek".

Pokna batoer-batoerna manoek: „seug, kaoela dek, noehoen pisan".

Ari tjarek piït poetih: „di mana mangke dewek ngagoeroepoek bidjil, maneh moedoe barĕng bidjil". [ 411 ]Geus kitoe, eta piït poetih ngawatĕk ilmoena di djĕro kodja.

Geus tamat ngawatĕkna ngagoeroepoek, bisa bidjil kabeh tina kodja, taja hidji-hidji atjan manoek.

Kotjap ratoe anoe di djĕro pandjara.

„Eta manoek roepa sato bisa leupas kabeh tina kodja ilmoena sakitoe, aing komo”.

Pek ratoe ngawatĕk ilmoe eta manoĕk tea.

Geus tamat diwatja, eta ratoe bisa bidjil tina pandjara.

Geus di loear ratoe.

Geus kitoe, eta pandjara disepak ka kidoel ana tiba ing kandang wĕsi.

Geus kitoe, eta pandjara katingali koe Harijang banga geus dipĕtjat, ladjĕng njandak hateup sirap.

Eta moerangkalih dibaledog koe hateup sirap, keuna tarangna sarta tjatjad. Ditjaboet koe moerangkalih sarta bari dioesap koe panangan, tjageur; taja oeroetna.

Geus kitoe Harijang banga naradjang ke moerangkalih, datang ka pĕrang galoengan.

Harijang banga djeung raina, nja eta moerangkalih, mimiti pĕrang njered ka koelon.

Tĕpi kana pakoe ngadjadjar, eureun pĕrangna.

Mariksa rai ka rakana: „eta nahaon anoe ngadjadjar teh?”

Walon rakana: „hĕnteu njaho raka mah, koemaha rai bae”.

Saoer raina: „ieu noe ngadjadjar, ngaranna pakoe, pinagaraeun rai, ngaranna Pakoean padjadjaran”.

Ladjĕng pĕrang deui.

Ana njered ka wetan tĕpi ka wahangan tjai ngaranna Tji-pamali, eureun di dinja di sisi tjai.

Mariksa deui rai ka rakana: „ieu tjai nahaon ngaranna?"

Saoer rakana: „kakang hĕnteu njaho, ngaranna koemaha rai bae.”

„leu tjai ngaranna Tji-pamali, palangsiang hĕnteu hade pĕrang djeung doeloer."[6] [ 412 ]„Tjing, ti dinja ajeuna oepama hĕnteu hade pĕrang ari madjoe ngoelon deui, ieu kakajoeanana peuntas wetan moega kasampak tjondong ngetan, sabeulah koelon mangka tjondong ngoelon”.

Geus kitoe: „hajoe, raka, oerang geus aso, oerang pĕrang deii”.

Ladjĕng deui njered ngetan; tĕpi kana tangkal kai, eureun deui.

Mariksa ka rakana: „eta kai nahaon ngaranna?”

Saoer rakana: „tangkal madja itoe”,

„Boeahna raos atawa hĕnteu?”

Saoer rakana hĕnteu raos, pahit”.

leu pinagaraeun raka Madjapahit”.

Ladjĕng ningali manoek.

„Eta manoek nahaon pingaraneunana djeung itoe noe goegoentajangan di loehoer, satoan nahaon ngaranna?”

Saoer rakana: „kakang hĕnteu tĕrang ngaranna koemaha rai bae”.

Saoer raina: „ari eta manoek ngaranna tjioeng, eta satoan ngaranna wanara, pinamaeun rai Tjioeng Wanara”.

Geus kitoe, mariksa deui ka rakana: „eta anoe ngarambat kana tangkal madja, areuj nahaon?”

Saoer rakana: „hariang pinamaeun raka Harijang banga”.

Geus kitoe, ladjĕng deui pĕrang.

Tĕpi ka Tji-pamali ningali panajogean, saoer rai: „tadi geus njata".

Ngalahir rakana: „ajeuna, rai, pĕrang geus meudjeuh, teu hade pĕrang djeung doeloer”.

Geus kitoe, ningali ka madhab kidoel ningali aja tjahja mantjoer soendĕk ka langit ing batara antek eta tjahaja leungit.

Ladjoe ngadoe enz.[7] [ 413 ]Geus kitoe, saoer Harijang banga ka raïna, ka Tjioeng Wanara: „ajeuna oerang eureun pĕrang teh, oerang pada moelang ka pinagaraeun oerang, tatapi oelah sadjalan reudjeung akang”.

En dan volgt een de haren te berge doen rijzende hutspot van stukjes uit een Anbija, Kronieken, Kean Santang-overleveringen enz., waarna de schrijver eindigt met een klacht over zijn kommerlijk bestaan, en om vele rijksdaalders verzoekt, ten einde hem in beter doen te brengen.



__________

[ 414 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/444 [ 415 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/445 [ 416 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/446 [ 417 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/447 [ 418 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/448 [ 419 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/449 [ 420 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/450 [ 421 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/451 [ 422 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/452 [ Plaat_7 ]
[ 423 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/455 [ 424 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/456 [ 425 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/457 [ 426 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/458 [ 427 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/459 [ 428 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/460
  1. = lahir.
  2. = njai.
  3. Waaraan deze zonderlinge voorstelling van zaken, die aan Boedoeg basoe uit de Soelandjana doet denken, ontleend is, weet ik niet. Vermoedeljk is hier het hondje uit de pantoen bedoeld, dat instede van Tj. W. aan diens moeder wordt gebracht.
  4. Instede van den kris, wordt hier ontbolsterde rijst en een kokosnoot genoemd.
  5. Het oog waaraan de pandjara hing.
  6. Zie Waroega Goeroe Fol. 20-21.
  7. Plots gaat de schrijver hier over tot het inlasschen van een fragment uit het verhaaltje, dat ik in Badoejsche Geesteskinderen onder den titel van Oa djeung Aoel volledig gaf.