Tjarita Waroega Goeroe

Ti Wikipabukon
Tijdschrift_voor_Indische_Taal-_Land-_en_Volkenkunde,_LV  (1913) 
by Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen
[ 362 ]

T R A N S C R I P T I E.

Fol. 1

Ini tjarita Waroega goeroe, eta noe njakrawati.

Noe poëk angngĕn toeloes, da koedjaba[1] di noe bodo, noe tarraboeka[2] prajaji sakarĕp kasorang tineung meunang goeroe.

Ratoe poessaka di djagat paramodita[3], eta, kanjahokeun ratoe Galoeh, kĕrna bidjil ti alam gaib; nja nabi Adam ti heula.

Ratoe Galoeh diĕngg(o)nkeun[4] sasaka alam doenja.

Basana toeroen ti langngit masoehoer[5], toeroen ka [ Plaat_6 ]
[ 363 ]langngit djambaloehan[6], toeroen ka langngit moetijara, toeroen ka langngit poerasani, toeroen ka langngit intĕn, toeroen ka langngit ka(nj)tjana, toeroen ka langngit poetih, toeroen ka langngit irĕng, toeroen ka langngit doenja

Dja[7] kalangngan, tata lawas toeroen ka goenoeng Djakalkap[8].

Oepami:[9] ratoe Ga-

Fol. 2.

loeh diĕnggonkeun sasaka alam doenja, nabi Adam ti heula, piuarĕkking goenoeng Mĕsir.

Adam diseuweu opat poeloeh, dwa[10] noe sakĕmbarran, moenidjah loeloehoer hadji dĕwi; tjikal, da hadji[11], dingarankeun nabi Isis; loeloehoer manoesa.

Nabi Isis diseuweu Kalijanggin.
Kalijanggin diseuweu Malit.
Malit diseuweu Malam.
Malam diseuweu Mahoer.
Ma(h)oer diseuweu Lamak.
Lamak diseuweu Nasar.
Nasar diseuweu Basar.
Basar diseuweu nabi Ĕnoh.
Nabi Ĕnoh diseuweu istri, poetri Bĕtari Sanglinglang.
Bĕtari Sanglinglang diseuweu Moeladasadi.
Moeladasadi diseuweu ratoe Babar bwana, arina krama ka Bĕtari Logina.
Bĕtari Logina diseuweu ratoe Gandoel gantoeng.

[ 364 ]

Naha mana dingarankeun ratoe Gandoel gantoeng?

Kĕrna

Fol. 3.

tapa di awang-awang.

Arina krama ka Bĕtari Tjipta lenggang, diseuweu nja ratoe Mĕnĕng poetih.

Nala mana dingarankeun ratoe Mĕnĕng poetih? Kĕrna tapa dina haseup bidjil poetih.

Arina krama ka Bĕtari Tjipta wisesa, arina diseuweu ratoe Gandoel larang.

Naha mana dingarankeun ratoe Ga(n)doel larang? Kĕrna tapa dina bentang.

Arina krama ka Bĕtari Mĕkoe bajoe.

Bĕtari Mĕkoe bajoe arina diseuweu ratoe Okang larang.

Naha mana dingarankeun ratoe Okang larang? Kĕrna tapa dina boelan.

Arina krama ka Bĕtari Mĕkoe hoerip; Bĕtari Mĕkoe hoerip, arina diseuweu ratoe Siar.

Naha mana dingarankeun ratoe Siar? Kĕrna tapa di djĕro banjoe.

Arina krama ka Bĕtari Mĕdang rasa, arina diseuweu ratoe Komara.

Ratoe Komara arina krama ka Bĕtari Lĕnggis

Fol. 4.

djati.

Bĕtari Lenggis djati arina diseuweu ratoe Poetjoek poetih.

Naha mana dingarankeun ratoe Poetjoek poetih? Kĕrna tapa di djĕro langngit poetih noe leuwih.

Arina krama ka Bĕtari Panggoe(ng) ka(nj)tjana, arina diseuweu Bagi(n)da prĕmana.

Arina krama ka Maradja Leng djagat, arina diboga seuweu djoemĕnĕng ratoe Radja poetra poetĕr djagat. [ 365 ]Ditibanan tji banjoe ĕloeh[12].

Diraga-raga[13] tji banjoe ĕloeh.

Koetjarita[14] Waroega goeroe mana djoemĕnĕng njakrawati, katoeroenan tjaja[15] ĕloeh, toeroen ka goenoeng Rajanna, djoemeneng ratoe Rajanna.

Mangka tjaritakeun deui nabi Adam[16].

Diogan sarejat: la(m)pahna, eukeurna bingngoeng, mitĕtĕken srangenge, hoekoenma sakoer noe oesik dihalalkeun, alamna lima riwoe tahoen, tjĕngkal ka-

Fol. 5.

joe ka patbĕlas ratoes.

Kasalinan deui koe nabi Ĕnoh, alamna dalapan ratoes tahoen, tjĕngkal kajoe salapan ratoes tjĕ(ng)kal pa(n)djangna, hoekoemna sakoer noe paeh koe maneh diharamkeun, balana saeusina.

Kasalihan deui koe nabi Isis, diboga kitab tanpa karana. Tjaratakeun[17] deui ratoe Radja poetra poetĕr djagat.

Nabi Ĕnoh mireungngeuhkeun nagara Selong padagang dalapan.

Mangka noeroet Baginda prĕmana sabalana kabeh.

Ratoe Radja poetra poetĕr [djagat] noe ranoehhan hanteu miloe, koedoe-koedoe karsa dahar babatang.

Mangka kahatoer ka ramana.

Mangka bĕ(n)doe ramana: eta oge rek dipoepoesan.

Mangka[18] di-

Fol. 6.

tjĕkĕl koe Alam daoer.

Mangka kabireungeuh koe njai aisna, koe ratoe Dĕwi asta, mangka dibelakeun djalma sewoe. [ 366 ]Toeloejna ka kahijangan.

Lawas tapana di kamoelijaān, toeroen ngababakan Medang kamoelan sangngara[19], noe boga dajeuh dingaranan ratoe Rawana[20].

Mangka diprangngan koe Alam daoer, kasĕdĕk ngidoel ka poelo Panamoer.

Mangka silih balang koe goegoetoek batoe sewoe, toeroenna ka dajeuh, manah[21] dingarankeun Goenoeng sewoe.

Mangka silih balang koe siwalan, toeroenna ka dajeuh dingarankeun Bagĕlen.

"Tjaritakeun deui poetrana ratoe Mĕsir na poetri geulis Raminihaloel, noe djoeng dina boelanna boelan anggara[22] kasih.

Oenggahna ka papangngoeng-

Fol. 7

ngan nengtjengna[23] patanggalan.

Rek dibireungeuh ngoelon, pĕpĕt: rek dibireungeuh ngaler, pĕpĕt: [rek] dibireungeuh ngetan, pĕpĕt; rek dibireungeuh ka tĕbeh kidoel, behna pamĕgĕt.

"Rampes, ta inja".

Toeloej hatoer ka ramana: "rama, kawoela hatoer dek krama ka ratoe Radja poetra poetĕr djagat".

Saoer ramana: "soekoer tĕmĕn, anaking, hidap[24] re(k) krama na ais bawa satapa".

Toeloej dibawa koe Darma siksa.

Toeloej angkat deu(ng)na kai ais didjĕnĕngkeun Amad moesapir. [ 367 ]Toeloej ka nagara Mĕdang kamoelan: kadaharranan sri.

Mana aja sri di noesa Djawa.

Toeloej krama raka kapada raka, rai kapada rai[25].

Toeloej pinoeh Mĕdang kamoelan, dieusi koe doewa riwoe.

Mangka karsa mi(n)-

Fol. 8.

dah dajeuh ka Goenoeng kidoel.

Mangka diwaris koeringna koe Darma siksa, noe te Mĕsir sakoeringna ka goesti(na).

Saoer ratoe: "lalakina eta oge teu dibwaga[26] waris, aja waris poerba mana koewat ewe-ewena."

Mangka toeloej djadi nagara doewa kang raka deungngeun kang rai.

"Mangka tjaritakeun deui nabi Ĕnoh.

Saoerna nabi Adam: "nabi Ĕnoh, teujatjan dahar sri: reja doeradoe, koedoe bogoh kapada lalaki, karsa dahar babatang".

Saoerna: "na(bi) Adam, moegi-moegija keuna bĕbĕ(n)don d(e)neng Al(l)ah".

Mangka nabi Adam njieun parahoe.

Mangkana pastoe, dibawa oe(ng)gah ka parahhoe nabi Adam nabi Ĕnoh.

Dibawa oe(ng)gah ka parahoe, mangka bidjil angin to(m)pan sapotjorro ti sagara, mangka keuëum alam doenja.

Oerang noe-

Fol. 9.

sa Djawa rame eukeur njieun goenoeng.

Saoer ratoe Prĕwata sari djagat: "pikakeuëummeun".

Mangka njipta goenoeng sasipat langngit, dingarankeun goenoeng[27] Adrakasa[28]. [ 368 ]Mangka oerang noesa Djawa dibawa oe(ng)gah goenoeng koe ratoe Prĕwata sari djagat.

Mangka oerang noesa Djawa dibawa oenggah goenoeng, ka sanghijang poentjak Lingga pajoe.

Mangka lawas-lawas orat[29], deui.

Mana noe saät ti heula bodjong rentjang tjarangtjang betan[30] kĕmbang lopang, mana dingarankeun Bodjong lopang.

Toeloej ditoeroennan dibabakan koe Darma siksa.

Toeroenna ka dajeuh mana aja [Im]ba nagara, didjĕnĕngkeun Ki ditapi panaekkan masihna ratoe leungit di goenoeng.

Mangka loenggah palo kantjtjana koemambang-kambang, ditalian koe hoë ka rokro, ditjangtjangkeun ka goenoeng, dingarankeun Noesa ka(m)bangan.

Mangka

Fol. 10.

katoeroennan wahijoe.

Saoer noe Wĕnang: "geura tapa di sompokking panon poë, dinja pidjadieun ratoe".

Meunang saoer sakĕtjap, toeloej angkat deui.

Saoer noe Wĕnang: "djadjaga ka loka goemilang na tapa manana aja sawarga loka.

Mangka neroes boemi ka ha(n)dap ka saragina.

Arina dibabar bawana, mana aja Bwana larang.

Toeloej tapa dinja.

Meunang saoer sakĕtjap, mangka a(ng)kat deui ka loehoer.

Bidjil ti goenoeng, babar ti gasak[31], ti ngabaloengboeng djala(n)na, mana dingarankeun goenoeng Galoenggoeng.

Mangka arina dipeungpeukan: mana dingaranan Pameu(ng)peuk. [ 369 ]Toeloej tapa di goenoeng Boeligir poetih, dibabar bawana: mana aja Bwana lamba.

Toeroen ka goenoeng Dapang, moeroeb-moetjar[32] pakatonan di djagat paramodita, disoejoedan koe sadjagat kabeh, saloemahhing[33] boemi sakoerĕbbing langngit.

Mangka bi-

Fol. 11

reungngeuh koe Darma siksa.

Toeloej diparanan koe Darma siksa, djadi sastra[34] doewa poeloeh.

Toeloej dibikeun ka daleum dajeuh.

Dihatoerkeun deui ka poetrana kabeh.

Mangka kabedjakeun ka sabrang, ka nabi Ĕnoh.

Saoer nabi Ĕnoh: "alam[35] doenja kakeuëum, alam doenja pada paraeh, alam doenja noesa Djawa weuteuh".

Nabi Ĕnoh miwarangan seh[36] Madjoesi.

Saoer nabi Ĕnoh: "watĕk eta, seh, lĕbak karagragan tji banjoe ĕloeh, mana djoemĕnĕng Ratoe Galoeh".

Mangka seh Madjoesi doedoekoeh di Masigit watoe.

Mangka sangratoe ngadjĕnĕngkeun papatih opat noe natakeun sakabeh.

Didjĕnĕngkeun Alam Daoer noe natakeun djalma kabeh; didjĕnĕngkeun Dewa goeroe noe natakeun di djĕro dajeuh, Darma siksa noe natakeun di karaton, Ĕmpoe Gandjali . . . . . (hiaat).

Mangka oerang noesa Djawa pada soe(djoe]d ka goenoeng anteg didjieun[37] pamoedja-

Fol. 12.

än.

Mangka katingallan koe malekat jen roeksak oematna kabeh [ 370 ]alamna soe(d)joed ka kajoe ka batoe, mangka dipanah koe (goegoe)toek batoe.

Toeloej rĕmpoe paboera(n)tak, (toe)roenna: mana aja kaboejoetan.

Ma(ng)ka soe(d)joed ka batoellah.

Oerang tjaritakeun deui aja noe tapa di (goenoeng)[38] Padang, jen kawasa, dingarannan Adjar soeka (rĕsi).

Mangka hatoer ka sangratoe jen kawasa.

Saoerna sangratoe: "ah, aing neja(ng) ka noe tapa."

Mangka greu(ha)na ditapokan mohana koe kanjtjah.

Saoer (sangratoe): "patih, hatoerkeun ka noe tapa, sangratoe ba(reuh) mwahana[39] koe naha?"

Saoer noe tapa: "eta oge[40] eu(keur) (bo)bot sangratoe."

Kai patih toeloej poe(lang hatoer) ka sangratoe.

"Koemaha, patih, saoer noe tapa?"

"Noe(hoen), sang(ratoe), saoer noe tapa, sangratoe bobot".[41]

Sa(oer sangratoe): "bohong noe tapa. pagah kawasa."

Arina ditejang (kantjah)

Fol. 13

(tenjaja), sangratoe nga(n)dĕg.

Datang ku boelan(n)a babar.

Dingarankeun[42] Hariang bangga.

Lawas-lawas sangratoe oewar ka sanagara jen sangratoe eukeur diboga seuweu. [ 371 ]Saoer sangratoe: "patih, hatoer deui ka noe tapa, patih eukeur diboga (deu)i (seu)weu".

"Rampes", tjarekna kai patih.

A[ri datang] ka noe tapa, toeloej hatoer tjarekna kai patih: "(kaoe)la (noe)hoen, dipawarang koe sangratoe".

Saoer noe tapa: "dipi(warang naha ka)i patih?"

Mangka sangratoe bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweuëunana?"

Saoer noe tapa: "reja deui sangratoe ka noe tapa”.

"Kai patih, hatoerkeun ka sangratoe, saoer noe tapa piseuweuëunnana ewe-ewe".

Saoer sangratoe: "bohong noe tapa, eta oge kateh".

Arina ditejang, kateh tenjaja.

Sangratoe toeloej nga(n)dĕg.

Ari lawas-lawas, datang ka boelan(n)a, toeloej babar sangratoe.

Arina dibireungngeuh istri seuweu sangratoe.

Tjaritakeun deui rejana parapoetra.

Ratoe Maradja lenggang seuweuna ratoe Ajoeb noe tjali(k) di (noe)sa Kambangngan.

Arina patoe-

Fol. 14

ttan nja Harijang bangga toeroennan Adjar, poelang djiwa noe ngasa di Soemade kidoel, balikna ka Madjapait.

Patoetan ti ratoe Prawata, eta seuseuna Prĕboe goenoeng, Sangradja pandji. [ 372 ]Patoetan deui ti ratoe Maradja dĕwi angin nja ratoe Pagĕdongngan.

Ratoe Maradja dĕwi angin seuweuna Prĕboe Wiratmaka, ratoe Maradja sakti.

Patoetan ti ratoe Maradja dewa poetra raba doewa wĕlas noe njarita tiloe.

Mangka toeroen ratoe Komarra ti swarga ngajoega dajeuh di bodjong Tji-(Man)dala wateun reudjeung Tji-gagak djaloe.

Mangka gĕrring sa(na)gara Galoeh.

Saoer Sangratoe: "patih, nahaeun t(amba) gĕrring sanagara?"

"Kaoela moehoen, sangratoe, ka(oela) rek hatoer ka noe tapa me(n)ta ta(m)ba gĕrring".[43]

Ha(toer) kai patih: "noehoen, kaoela dipiwarang koe (sangra)toe me(n)ta ta(m)ba gĕrring sanagara".

Saoer noe ta(pa): "(ra)mpes".

Mangka ngala tamba.

Toeloej di(hatoer)keun ka kai[44] patih: "ijeu tamba gĕr(ring, hatoer)-

Fol. 15

keun ka sangratoe, kami dek noetoerkeun peu(n)deuri".[45]

"Kaoela amit".

Saoer noe tapa: "pileuleujan, kai patih".

"Kaoela noehoen, sangratoe, ijeu tamba gĕrring sanagara ti noe tapa".

Toeloej ditampanan koe sangratoe.

Arina diboeka, beh reu(n)deu.

Toeloej didahar koe sangratoe; njat warras sanagara Galoeh. [ 373 ]Toeloej ka seba deui koe paramantri.

Lila-lila, toeloej datang kai adjar.

Sa(oer) sangratoe: "soekoer tĕmĕn, kai adjar, datang. Reu(n)deu baän saha?"

Saoer kai adjar: "noehoen, bawa noe seba oerang noehoen, seba teh noe njaba bae ma(ng)ka ditĕda koe kaoela. (Toe)loej dipĕlakkeun koe kaoela: lawas-lawas ari tjoekoel, kahatoer ka sa(m)pejan".

"Kai (a)djar, ari kitoe, ngabaktikeun sesa".

Mangka sangra(toe bĕ)ndoe.

Saoer sangratoe: "patih, paehhan kai (adjar)".

(Mangka) ditjĕkĕl koe kai patih, dibaän ka rantja Tji(boengoer).

Saoer ka(i) adjar: "kai patih, hatoerkeun sa-

Fol. 16.

oer kami ka sangratoe, djadjaga ari boga deui seuweu lalaki nja eta noe dipaehhan teh".[46]

Toeloej ditĕlassan.

Ngala(m)bang beureum gĕtihna di ra(n)tja Tji-boenggoer, mana dingarankeun Ra(n)tja beureum.

Lawas-lawas sangratoe nga(n)dĕg.

Datang ka boelan(n)a, lahir; arina dibireungeuh lalaki.

Mangka diasoepkeun kana ka(n)daga kanjtjana reudjeung ĕ(n)dog sahoeloe, doehoeng sapoetjoek.

Toeloej dipalidkeun ka Tji-ta(n)doej.

Tjaritakeun deui Nini berangngantrang, Aki berangngantrang.

"Nini, hade tĕmĕn i(m)pijannaing[47] ngi(m)pi kagoe(n)toerran mannik katjaähhan mirah".

"Aki, soegan sa(ä)pan oerang meunang kirim ai pianak-anakkeun".

Isoek-isoek los ditejang, nagĕboer kandaga ka(nj)tjana njorang kana sa(ä)pan. [ 374 ]Toeloej dibawa ka Ninina.

Ari diboeka, behna moerangkalih, ĕndog disileungleumkeun kĕris.

Toeloej diteundeun moerangkalih.

Toeloej dilorok, dipaningigoerkeun.

Lawas-lawas datang ka tĕgoeh tjangtjoet.

Mangka dibawa mojan koe na kai

Fol. 17.

ajah.

Bwat[48] tjioeng.

"Ajah, nahaeun eta?"

"Ngaranna tjioeng, anakking".

Bot indoengna, bwat bapana, bwat anakna.

Poer hiber bapana.

"Ajah, ka mana eta arahna?"

"Piarahheunan ka daleum dajeuh."

Ah, ngaran aing Tjioeng manarah".

Ĕ(n)do(g) toeloej disilengleumkeun.

Toeloej mĕgar, dingarankeun Singarat taradjang.

Mangka rame di daleum dajeuh noe keur rak[49] sawoengngan.

"Ajah, aing ma(h) hajang ngadoekeun hajam aing".

"Moelah, anakking, bisi eleh marrang".

Mĕngkĕna moerangkalih hajam toeloej dikelek, doehoeng toeloej disoengkĕlang.

Toeloej angkat, ditoetoerkeun koe na kai ajah.

Datang ka pagĕllaran, herran ningali oerang pagĕlarran.

Katingali koe patih Harijang bangnga kahatoer ka sangratoe.

Toeloej disaoer ka djogan.

Saoer sangratoe: "ari eta, seuweu saha?"

"Kaoela noehoen, anak kaoela". [ 375 ]"Dipoe(n)doet koe ngaing, Aki berangngantrang, diprĕdikakeun sabawa kita".

Toeloej poelang Aki berangangantrang

Fol. 18.

bari nangngis, mĕlang koe na kai seuweu.

Rek mireungngeuh ka sangratoe, mireungngeuh deui ka patih Harija(ng) bangnga, toeloej mireungeuh ka sarirana di a(n)djeun.

Lila-lila eling tjari(ta), hatoer ka sangratoe: "kaoela anak andika".

Ngareungeuhheun bangkeureuhheun: "mirĕsĕp", hatoer sakitoe.

Lila-lila toeloej eling, sangratoe dipoe(n)doet soengkĕlangna doehoeng.

Arina dibireungeuh soe(ng)kĕlangna doehoeng, beh poen Naga loeme(ng)gang.

Saoer sangratoe: "eunja hidap[50] anak ai(ng)".

Kahatoer ka njai iboena.

Toeloej dirawoe, dipangkoe, ditjeungtjeurikan.

Saoer Tjioeng manarrah: "rama, iboe, kaoela nĕda waris?"

Saoer sangratoe: "ĕnggeus beakkeun koe na kai la(nj)tjeuk, koe patih Hariang bangnga."

"Aja soteh kari pandaj domas koerang hidji, eta waris aing ka hidap".

Toeloej disoehoenkeun waris.

Sangratoe toeloej ditjalikkeun, didjadjarkeun deung na kai la(nj)tjenk deung patih Harijang bangnga ditoeloejkeunna, djĕngan patih Tjioeng manarah mare(n)tahkeun noesa tiloe poeloeh tiloe.

Alamna ra-

Fol. 19.

toe Galoeh pitoengewoe tahoen. [ 376 ]Mangka patih Tjioeng manarah karsa noeroenkeun pa(n)daj domas koerang hidji, rek njieun imah beusi.

Ari njieun imah beusi.

Kabireungeuh koe sangratoe, panoedjoeëun.

Toeloej dihatoerkeun njieun deui bale beusi.

Kabireungeuh, panoedjoeëun dihatoerkeun.

Arina njieun deui ko(n)djara wĕsi.

Arina dibireungeuh koe sangratoe, panoedjoeëun dihatoerkeun.

Saoerna patih Tjioeng mannarah: "hanteu njaho tadi djĕrona, ramma".

Toeloej dilĕbĕtan koe sangratoe.

"Hade", saoer sangratoe.

Djĕprak dikangtjing koe patih Tjioeng manarah, didjingdjing ka paseban, dioendangkeun ka sadadajeuh.

Teu dibere tjai, teu dibere sangoe, dikĕnmitan[51] koe paraseuweu.

Lawas-lawas saoerna patih Tjioeng manarah: "sangratoe li(n)toeh-li(n)toeh keneh".

Horengnganan dibalangngan keupeul koe patih Harijang bangnga.

Mangka bĕ(n)doe patih Tjioeng

Fol. 20.

manarah mĕsat hateup sirap dibalang kang raka.

Toeloej bĕ(n)doe kang raka.

Mangka ko(n)djara wĕsi rek diirik.

Koe patih Tjioeng manarah dirĕboet.

Koe ratoe Pagĕdongngan toeloej disoesoepkeun ka goenoeng Kelong.

Toeloej prĕrang, mangka disĕdĕkkeun ngetan ka(ng) raka.

Datang ka Balangbangngan, saoer kang raka: "raji, oerang eureun".

"Raka, rampes". [ 377 ]Toeloej eureun teohheun madja: toegna bwah[52] kalajar.

Ditja(n)dak koe na kai latjik[53].

"Raji (ij)eu boeah naeun?"

"Ijeu bwah madja, raka".

"Ngeunah didahar?"

"Ngeunah, raka".

Arina didahar, pait.

"Madjapait ijeu pingaranneun nagara".

Disĕdĕkkeun deui ngoelon kang raji koe kang raka.

Datang ka Tadjag barat, saoer kang raji: "raka, oerang eureun".

"Raji, rampes".

Eureun teohheun pakoe; toeg bwahna.

Ditja(n)dak koe na kai ais.

"Raka, bwah naeun ijeu?"

"Bwah pakoe djadjar".

"Pakwan padjadjarran ijeu ngaran".

Mangka prĕrang deui.

Datang ka Taraban, mangka toeroen Darma siksa.

"Nja prĕrang, anakking?" Tji-pamali nĕroes goenoeng

Fol. 21.

teka noe(n)djang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka ditja(n)dak koe kai mas[54] dipangpengkeun ngetan, kang raji ditja(n)dak koe kai mas dipidwahkeun[55] ngoelon.

Toeloej dikoe(m)poelkeun ka nagara Galoeh koe Darma siksa.

Ko(n)djarra wĕsi diparanan koe ratoe Maradja sakti, ditjipta toeloej lĕboer djadi tjai, toeroenna[56] ka dajeuh; mana aja Ka(n)dang wĕsi. [ 378 ]Toeloej koe(m)poel deui ka nagara Galoeh pada marĕk ka rammana nĕda idin.

Mangka matoer kang raji: "ra(ji)[57] oelah djoemĕnĕng ratoe ti heula".

Saoer kang raka: "soeka aing djadi ratoe ti heula", da aing k(o)lotna anak poetoe, raji koe aing dikawoelakeun mo djoemĕnĕng njakrawati lamoen teu ngoembarra heula".

Patih Harija(ng) bangga karsa moeroed ngetan, maän koeringna satak sawe nitih lĕmah Madjapait.

Poepoetra Prĕboe Moela.

Preboe Moela arina poepoetra Prĕboe Tĕroes bawa.

Tĕroes bawa poepoetra

Fol. 22.

Tĕroes bagawat.

Tĕroes bagawat poepoetra Prĕboe Tĕroes goemoeling.

Prĕboe Tĕroes goemoeling poepoetra Prĕboe radja goemoeling.

Prĕboe radja goemoeling poepoetra Prĕboe Mangngonĕng.

Prĕboe Mangngonĕng poepoetra Prĕboe Tĕroes bangbang.

Tĕroes bangbang poepoetra Ki gĕdeng Mĕssĕr.

Ki gĕdeng Mĕssĕr poepoetra Ki gĕdeng Djati.

Ki gĕdeng Djati poepoetra Ratoe prĕwata.

Ratoe prĕwata poepoetra Ki gĕdeng Majanah.

Ki gĕdeng Majanah poepoetra istri, dingarankeun Ratoe Sarikĕm.

Arina krama ka wong ngagoeng kabatoel(l)ah, dingarankeun seh[58] Koeres.

Kasĕlangngan koe ratoe Padjangga[59] manjakit wawatoeneun nejangnga(n) boedak boele pita(m)baeun.

Nimoe Ki gĕde Selang, poetri dianggo, manjakit warrasna.

Poetri toeloej bobot.

Arina babar Ki gĕdeng Katjoeng. [ 379 ]Ki gĕdeng katjoeng arina poepoetra ki gĕdeng Soeroewoed.

Ki gĕdeng Soeroewoe-

Fol. 23.

d arina poepoetra Pangerran Sedang Karapaj[60], poepoetra Pangeran Sedang Kadjĕnar.

Pangeran Sedang Kadjĕnar poepoetra Pangeran Sedang Kamoenning.

Pangeran Sedang Kamoening poepoetra Soetan[61]

Soetan arina poepoetra Soesoenan[62].

Soetan arina poepoetra Soesoenan Mangkoerat.[63]

Soesoenan Mangkoerat arina poepoetra Pangeran dipati[64] katapa[65] koe kang raji Soesoenan Poegĕr[66], poepoetra Pangerran Mangkoe nagara.[67]

Pangerran Ma(ng)koe nagara poepoetra Pangerran dipati.

Tjaritakeun deui Tjioeng manarah; karsa dek moeroed ngoelon.

Ma(ng)ka maän koering pa(n)daj domas koerang hidji nitih lĕmah Padjadjarran.

Arina krama ka Ratoe E(n)dang ka(nj)tjana.

Arina poepoetra Darma rehe.

Darma rehe arina poepoetra Loetoeng kasaroeng.

Loetoeng kasaroeng arina poepoetra Prĕboe Lingga hijang.[68]

Prĕboe Lingga hijang[69] poepoetra Prĕboe Lingga wĕsi.

Prĕboe Lingga wĕsi arina poepoetra Prĕboe Li(ng)ga wastoe.

Prĕboe Lingga wastoe poepoetra Sang Soesoek toe(ng)gal.

  1. keodjaba = kadjaba
  2. tarraboeka, meervoud van taboeka, luidt heden terboeka = tot inzicht, begrip aan iets gekomen zijn.
  3. paramodita, S. paramoedita, verheugd.
  4. Outbrekende letters zijn tusschen ( ) geplaatsr; er staat; dienggankeun.
  5. masoehoer, versta masjhoer.
  6. djambaloellah = djamaloellah, de heerlijkheid Allah's. Voor 't gebruiken van mb voor m vergelijke men 't Badoejsch als gĕmbir = gimir, sambajana = samajana enz. irĕng = peutjeuk, hideung.
  7. dja is in 't Badoejsc = da. Ook de kampoeng gebruikt het hier en daar nog in dien zin.
  8. lees: djabalkaf.
  9. De tekst heeft: ꦩ, blijkbaar een verschrijving.
  10. = doea.
  11. Zie Kawi-Balin. Wrdb. i. v. en onder da.
  12. = tji sotja.
  13. ik lees: diragragan, naar anleiding van Fol. 11.
  14. Koetjarita - katjarita. Verg Fol. 1 koedjaba.
  15. Ik lees: tjai, over eenkomstig Fol. 11.
  16. *voor den regel beteekent leesteeken, zie de tabel.
  17. Lees: tjaritakeun
  18. Er staat mika.
  19. Ik lees: sanagara.
  20. Achter Ra staat een dus .. unleeshaar gemaakte n.
  21. Lees: mana.
  22. Kawi-Bal. Wrdb. i. v. anggara.
  23. etjeng ilo.
  24. Heden hidĕp.
  25. Er staat nog eens: kapada rai achter.
  26. diboga
  27. Er staat maar 'n halve g.
  28. = Adri-akasa.
  29. Lees: orot. de verbindingss...
  30. Badoejsch bitan; elders algemeen batan.
  31. Heden gasek.
  32. Heden moebjar; eehter meer onde teksten hebben moetjar.
  33. loemah - ligr begraven, synoniem met koerĕb.
  34. Op dja disastra?
  35. Er staat elam.
  36. De helft van de e optbreekt.
  37. Er staat didjeujan.
  38. Insecten hebben zich aan de thaus volgende folia vergrepen, zondat de hiaten tot Fol. 13 toenemen. Hetgeen ik .....
  39. Oudere vorm van mohana.
  40. Er staat awge.
  41. Er staat babat.
  42. Er staat dirankeun.
  43. Zie de voorspelling Fol. 15.
  44. Et staat kahi.
  45. Heden pandeuri. Zie voor eu in-tede van a mijn Badoejsche Geesteskunderen. Tijdschr. v. Ind. T.-, L.- en Vk., dl. LIV, passim.
  46. Er. staat tah.
  47. Lees: impijan aing.
  48. Ondere vorm van bot.
  49. Lees: rek.
  50. Er. staat hadap.
  51. dikĕmitan.
  52. =boeah.
  53. Lees: lantjeuk.
  54. Onder de .....
  55. Er. staat dulipidwahkeun.
  56. Er. staat toenoerna. Tijdschr. v. Ind. T.-, L.- en Vk., deel LV. ...
  57. Er. onthreekt een letter achter ra.
  58. Er. staat reh.
  59. Lees: Padjang.
  60. Lees: Karapjak 1601-1613.
  61. Sultan Agoeng overleden in 1646.
  62. Mangkoerat I (Tegal wangi) overleden in 1677.
  63. Mangkoerat II 1680-1703.
  64. Moet op Soenan Mas, Amangkoerat III, slaan
  65. Verbannen in 1708.
  66. Komt in 1705 aan 't bewind en doet daarmede als Pakoe boewana I een nieuwe dynastie optreden.
  67. Mangkoerat IV komt in 1719 als Pakoe boewana II aan de regeering.
  68. Er staat hajang.
  69. Idem.